Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Istilah Patukangan / tukang Dina Basa Sunda



Amil, lebe = Tukang nuruskeun nu aya patalina jeung Agama di desa
Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
Badaya = Awewe tukang ngigel di karaton atawa di kabupaten
Barangmaen : Tukang jajaluk
Bas = tukang nyieun imah
Bengkong = Tukang nyunatan
Bujangga = tukang nyieun / nulis sastra
Candoli = tukang ngajaga pabeaan tinu hajat
Dalang = Tukang ngalakonkeun carita wayang
Darmamurcaya = ahli bahasa
Gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
Girang serat = Tukang nulis surat
Hareupcatra = ahli masak
Indung beurang = paraji nu sok ngurus ngajuru jeung ngurus orok
Kabayan = tukang di titah ka ditu kadieu
Kabojengkeng = tukang ngagusur padati
Kajineman = 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas
Kulaer = kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen = tukang ngurus kuburan
Kurir = Tukang nganterkeun surat
Kusir = Tukang narik delman
Legig = tukang ngasruk dina pamoroan
Lopor = Tukang ngagondeng jeung ngereunkeun kuda
Malim = tukang muruhkeun sato galak
Masinis = Tukang ngajalankeun lokomotip
Maranggi = tukang nyieun sangku keris
Merebot = tukang nakol bedug
Minatu =tukang ngalicin atawa nyeuseuh pakean
Mo'dim atawa Bilal = Tukang adzan di masjid
Nakoda = tukang ngajalankeun kapal cai
Nayaga = Tukang nabeuh gamelan
Nyarawedi = tukang ngagosok permata
O’ah = Jago Tukang ngagugulukeun teu ecreug
Pakacar = tukang pangaladenan / bujang
Palatuk = iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang = tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika = tukang teuleum
Pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
Pamayang = tukang ngala lauk di laut
Panday = tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan = tukang nyadap
Paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
Pangeuyeuk = ahli kain/tekstil
Panyumpit = Tukang nyumpit
Paraji = tukang ngabantu anu ngajuru
Paraguna = ahli karawitan
Sarati = tukang ngusir / muruhkeun gajah.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment