Ti leuleutik eta teh. Nepi ayeuna umur meh nincak kapala tilu teu kurang-kurang. Najan ayeuna mah memang teu pati dipupujukeun. Ma’lum euweuh nu ngurusna bujangan mah. Dahar teh sasampakan di nu dagang wae. Padahal apanan arang langka rumah makan atawa restoran nu nyadiakeun eta kadaharan. Peuteuy onaman, nu sarua matak bau, masih loba nu nyadiakeun. Paling-paling semurna nu sok remen kapanggih teh. Baheula mah, basa keur hirup di Bandung kota, sok kalan-kalan ngahaja meuli di Giant BSM. Di beh rak sayuran sok aya dibungkusan paketan. Tangtuna ge rada leuwih mahal batan di pasar. Ngan, kangaranan lalaki jiga kuring, tibatan kukurusukan di Kosambi atawa Cicadas mah puguh we mending meuli di dinya. Praktis. Kungsi eta ge aya nu rada moyok. Basa antri di kasir rek mayar hiji ibu-ibu, jigana teu sadar, ngagorowok kaget basa nempo kuring mindah-mindahkeun balanjaan tina karanjang ka meja kasir sina diitung. “Ih jengki,” cenah. Kuring cuek bae.
Tangtuna ge teu kabeh jiga kuring. Najan teu kurang-kurang nu jengkol mania oge tapi jigana leuwih loba alergi kana eta lalab teh. Khususna awewe. Si Eneng, bebene kuring manten, sok molotot mun kuring geus ngarampa jengkol teh. Kaharti sih. Sanajan enya ngeunah jeung matak ponyo tapi jengkol boga epek khas anu matak teu nyaman: bauna. Saha nu teu apal atuh kana bau jengkol nu matak nyengak kana irung. Salian ti kaambeu langsung tina napas oge epekna teh kana bubuangan, utamana cikiih. Aromana sok napel mangpoe-poe di WC teh. Kungsi ngalaman kajadian lucu perkara eta. Baheula basa PKL keur kuliah di Sumedang dipangmasakkeun ku tuan rumah teh jengkol. Poe kahiji mah euweuh nu wani noel, sabab digebes ku babaturan awewe. “Awas jangan kencing di WC!” ancam salah saurang. Poe kadua, masih keneh jengkol. Kuring mimiti ngawani-wani maneh, dibaturan ku salah saurang. Ancaman barudak awewe teu diwaro. Poe katilu nambahan sababaraha urang nu milu. Poe kaopat jeung satuluyna mah kabeh, nepi ka barudak awewena, dalahar jengkol. Rugi, cenah, bauna kabagean tapi barangna teu ngasaan.
Ari ku resep mah, masing bau-bau ge dihantem bae. Eta ge loba palakiah supaya ngurangan bauna. Anu biasa ngaroko mah sok langsung bae melenyun. Leungit memang bau jengkolna, katutup ku bau bako. Mun aya mah ku bonteng oge lumayan nulung, sanajan sok masih keneh kaambeu. Aya nu nyebutkeun ngaramus beas sajumput. Cenah mah ku ieu mah bubuangan na ge teu pati bau. Kuring mah, kusabab tara ngaroko, sok ngandelkeun peremen bae. Sanajan teu jarang sok kapohoan. Sadar-sadar mun geus nempo batur babalieuran mun keur ngobrol.
Untungna kuring mah can ngasaan jengkoleun. Enya panyakit disababkeun ku ngahadar jengkol. Ulah kahayang mah. Bejana kasiksa pisan kusabab teu bisa kiih. Bisa ge nyeri. Biasana eta teh ngalanggar pantangan. Cenah mah mun ngadahar jengkol teu meunang bareng jeung peuteuy. Atawa mun geus ngadahar nu atah tong ngadahar nu asakna. Bener henteuna duka tah. Nu jelas mah babaturan kungsi keuna ku jengkoleun kusabab ngadahar jengkolna ...sakeresek.
Geus ampir dua bulan ieu, kuring teu mirasa bae dahar. Ngarumas meureun. Pedah jauh ti lembur bari hirup nyorangan, sanajan aya bibi nu mangmasakkeun ge. Karuhan atuh awak ge rada ngorotan. Mangkukna basa papanggih jeung babaturan ge heraneun. “Na karek tilu bulan pindah geus ngabegangan kieu?” cenah. Eta ge enggeus nginum jamu. Kabeneran pernah aya tukang jajamu ngalanto ka kantor. Nya dibere jamu napsu makan. Tapi teu pati ngaruh. Hulang-huleng, ahirna kapikir jurus heubeul: jengkol.
Nu matak, kamari mah pesen ka si bibi: mangnenangan keun jengkol. Balik-balik mawa sepi sakeresek.
Lumayan rada ponyo tah. Itung-itung program penggemukan badan.
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook