Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Karajaan Sunda Nganut Paham Federalis



Tatang Sumarsono

NGADEGNA Karajaan Tarumanagara, kurang leuwih abad ka-4 Masehi, di basisir kaler anu dina jaman ayeuna mah sacara administratif ayana di Provinsi Jawa Barat, hal éta jadi calecer (tonggak) penting dina kahirupan masarakat, anu kiwari disebut urang Sunda.

Tina prasasti anu geus kapanggih jeung geus dimutalaah, anu ngadegkeun Tarumanagara téh lain penduduk pituin, tapi turunan raja anu daratang ti India. Di ditu aya ririweuhan, terus aya anu arindit néangan wewengkon séjén, nya ahirna cunduk ka basisir kalér anu ayeuna ayana di wewengkon Bekasi. Éta pangna dina jaman Tarumanagara mah tacan kasabit-sabit Sunda. Kapan dina prasastina oge ngagunakeun basa Sansakerta, ditulisna dina aksara Pallawa.

Jigana bisa dirékonstruksi, anu ngadegkeun Tarumanagara, terus disambung ku turunanana, hirup ngahiji jeung penduduk asli. Tangtu aya kawin campuran deuih. Nya ngarundaykeun turunan anu ayeuna tepi ka generasi urang kiwari. 

Dina abad katujuh, Tarumanagara carem. Ceuk sakaol lantaran dijorag ku pasukan Sriwijaya. Puseur dayeuhna parongpong, sabab pangeusina arindit nyingkahan balai.

Dina abad éta kénéh, sanggeus ngoray sinduk, aya turunan Raja Tarumanagara anu ngababakan nyieun karajaan anyar. Tempatna geus lain di basisir kalér deui, tapi néangan wewengkon séjén anu kaitung jauh ti basisir. Jigana mah sangkan aman tina gangguan karajaan séjén. Enya, apan lamun puseurdayeuh nampeu ka basisir mah, pasukan asing anu datangna ti laut téh babarieun mun rék ngajorag. Kari turun tina kapal, terus ngayakeun serangan. Béda deui lamun karajaan jauh ti laut, pasukan musuh anu datang rék nyerang bakal héséeun, da baheula mah tacan aya garis logistik.

Wretikandayun jeung wadyabaladna indit ka beulah wétan-kidul. Sanggeus cunduk di hiji wewengkon, nya ngadegkeun Karajaan Galuh (puseur dayeuhna di Bojong Galuh, terus dipindahkeun ka Kawali, wewengkon Kabupatén Ciamis ayeuna). Heuleut sawatara puluh taun, Tarusbawa indit ka kidul, ngadegkeun Karajaan Sunda (puseur dayeuhna di Pakuan, anu ayeuna jadi Bogor). Ilaharna urang mah nyebut ka Karajaan Sunda téh Pakuan Pajajaran. Anu dijieun wates éta dua karajaan téh nyaéta Walungan Citarum.

Lantaran asalna gé sakocoran, pada-pada turunan Tarumanagara, dina émprona Galuh jeung Sunda téh sarimbag. Budaya masarakatna sarua, kaasup agama anu diagemna, nyaéta Hindu. Ngan waé Hinduna téh teu sakumaha persis anu aya di India.

Sajeroning mangabad-abad, Galuh jeung Sunda téh kadang-kadang layeut, jeung ayawa waktuna paséa deuih, najan henteu ari tepi ka dur-der riributan mah (nya meureun kumaha ilaharna jeung dulur). Aya waktuna ngahiji deuih, diparéntah ku hiji raja. Kawaa dina jaman Prabu Niskala Watukancana (1371-1475) Masehi, Galuh jeung Sunda dihijikeun, puseur dayeuhna di Kawali. Jaman harita karajaan téh nanjung, sabab Wastukancana mampuh ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kahirupan rahayatna raharja.

Satutas Wastukancana, karajaan dibagi deui dua, sabab ahli warisna aya dua. Galuh dipasrahkeun ka Ningrat Kancana, Sunda ragrag ka Sang Haliwungan alias Susuk Tunggal. Tapi dina ahirna mah karajaan dihijikeun deui, dina jaman Sribaduga Maharaja (1482-1521 Maséhi), anu taya lian incu Wastukancana. Harita, puseur kakawasaan ku Sribaduga ditarik ka Sunda. Jadi, béda jeung dina jaman akina, anu puseur kakawasaan aya di Galuh.

Dina kamekaran saterusna, sajaba ti Galuh jeung Sunda, aya deuih karajaan laleutik lianna. Aya nu disebut Karajaan Kendan, Galunggung, Arileu, Denuh, Mandala Datar, Geger Gadung, Kandangwesi, Puntang, Mandala Pucung, jeung Kuningan. Tina anu bieu ditataan téh, aya kénéh anu kapapay lokasina, tur aya sésa-sésana, tapi deuih anu geus teu kapanggih raratanana.

Éta karajaan laleutik téh aya anu jadi bawahan Karajaan Sunda, sawaréh deui milu ka Galuh, tapi posisina lain patalukan. Ngagabungna téh lain karana dipaksa, mana komo mun direbut kakawasaanana, tapi ku sabab karepna sorangan waé. Bisa waé anu asalna ngagabung ka Karajaan Sunda, terus pindah ka Galuh.

Boh Karajaan Sunda boh Galuh henteu ngalaksanakeun pulitik hégémoni kakawasaan. Kitu deui sanggeusna Sunda jeung Galuh digabungkeun, boh dina jaman Wastukancana boh dina jaman Sribaduga (anu ku urang Sunda mah dibéré jujuluk Prabu Siliwangi). 

Ana kitu, sistem pulitik anu dianut ku Sunda mah (mun ceuk dina sistem katata-nagaraan ayeuna) deukeut-deukeut ka paham fédéralis, lain unitaris atawa kesatuan. Para raja bawahan téh angger dina posisi merdéka dina maréntah jeung ngokolakeun wewengkonna. Lian ti éta, boga hak jeung wewenang di daérah masing-masing deuih, anu disebut pangwereg. Taya katerangan anu tétéla, naon ari pangwereg téh, ngan jigana wewenang dina néangan sumber waragad pikeun ngokolakeun pamaréntahan. Mun dina jaman ayeuna mah jigana teu jauh ti pajeg.

Dina naskah heubeul ditétélakeun deuih, yén sajaba ti pangwereg téh aya nu disebut pamwatan deuih, nyaéta kawajiban raja bawahan pikeun masrahkeun hasil produksi jeung poténsi alam ka karajaan anu aya di saluhureunana. Anu disebut pamwatan téh kira-kira sarua jeung upeti, dilaksanakeun saban taun.

Jadi, dina jaman pamaréntahan Sribaduga, aya bulan-bulan husus anu dijadwal pikeun sakabéh raja bawahan sangkan kudu milu kumpul di Pakuan. Anu kudu dipasrahkeun ku para raja bawahan téh nyaéta hasil tatanén, kaasup sasatoan, hasil karajinan, jeung industri rayat.

Dina jaman pamaréntahan Prabu Sribaduga, karajaan bawahan anu aya téh nyaéta Cirebon Larang, Cirebon Girang, Sindangbarang, Sukapura, Kidang Lamotan, Galuh, Astuna Larang, Tajéknasing, Sumedanglarang, Ujang Mubara, Ajong Kidul, Kamuning Gading, Pancakaki, Tanjung Singguru, Kalapa, Banten Girang, Pulasari, jeung Ujungkulon. Saterusna, aya deui tambahna sakumaha anu dicatet ku Tome Pires, utusan Portugis anu datang ka Sunda, nyaéta sawatara kota palabuan: Banten, Pontang, Cigedé (Cikandé), Tangerang, Kalapa, jeung Cimanuk.

Anu ilaharna dihaturkeun dina pamwatan téh nyaéta minyak kalapa, balacu, hayam, uyah, jahé, munding, anjing pamoroan, landak, manuk, kéré, cai asem, pedes, jeung kapas. Ngeunaan jenis jeung jumlah anu kudu dipasrahkeun ku raja bawahan téh teu sarua. Éta mah gumantung kana kaayaan di daérah masing-masing.

Lamun ditilik tina ajén ékstrinsik, atawa gedéna harga, barang anu dipasrahkeun dina pamwatan téh taya hartina. Maksudna, moal ngalantarankeun Karajaan Sunda jadi beurat beunghar. Éta barang anu dipasrahkeun téh saenyana ukur pikeun ngukur kasatiaan. Jigana anu penting dina pamwatan mah para raja bawahan téh setor beungeut ka Prabu Sribaduga, terus nguatan ikrar rék tetep ngahiji.

Enya, apan sakumaha ceuk nu ditulis dina naskah heubeul, Sunda dina jaman Sribaduga téh keur meumeujeuhna jugala, réa rajakayana. Ari anu jadi sumberna nyaéta hasil dévisa nagara anu dipulut ti palabuan. Lamun Wastukancana geus bisa ngangkat darajat ngaliwatan tatanén, tah dina jaman Sribaduga mah anu diandelkeun téh hasil perdagangan jeung luar nagri.

Palabuan Kalapa (ayeuna jadi Sunda Kalapa, jeung jadi bagian ti DKI Jakarta) kaayaanana ramé pisan. Kalapa téh palabuan kadua panggedéna di Nusantara sanggeusna Pasai anu aya di wewengkon Acéh. Padagang asing loba anu datang ka Kalapa. Barang ékspor anu diandelkeun ti Sunda nyaéta pedes, béas, jeung gula kawung. Sunda bisa ngayakeun hubungan jeung nagara-nagara asing, utamana anu aya di wewengkon Asia. Jaman harita, Walanda tacan datang ka urang. Bangsa Eropa anu geus ngayakeun hubungan jeung Sunda téh nyaéta Portugis, anu geus ngawasa Malaka. Tepi ka ayeuna sésa-sésa bénténg Portugis di Malaka masih kénéh aya.

Raména Kalapa anu didatangan ku para padagang asing jadi sumber dévisa pikeun Sunda. Nya hal éta anu ngalantarankeun Demak gedé karep hayang ngawasa Kalapa gé. Cindekna hayang ngarebut sumber dévisa. Éta pangna Demak terus ngélékéték jeung nyieun pucuk ti girang. Palabuan Sunda terus-terusan diganggu, da hayang terus miboga téa.

Kapaksa Sunda kudu nyanghareupan Demak anu “ngamangpaatkeun” Cirebon jeung Banten. Sunda kudu mepek balad, di antarana ku ngayakeun hubungan bilateral jeung Portugis, sabab moal mampuh nyanghareupan Demak sosoranganan. Dina hal ieu, bisa jadi isu agama gé dipaké andelan deuih. Tapi saenyana ari udagan utamana mah nyoko kana sumber ékonomi.

Béntrokna Sunda jeung Demak kaitung lila, malah terus disambung tepi ka jaman pamaréntahan Prabu Surawisésa, ahli waris Sribaduga. Perangna gé aya welasna kali. Kitu anu kaunggel dina naskah heubeul.

Ahirna Kalapa lésot ti Sunda. Nya ti harita pamor Karajaan Sunda nyirorot téh, anu ku urang sok disebut Pajajaran ilang dangiang, malah ayeuna mah ngan kari ngaran.***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment