Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sawah Kebon Kari Panineungan


Ku Usép Romli HM

Generasi barudak Sunda, sapuluh dua puluh taun ka hareup, boa geus moal apal kana sawah jeung kebon. Lantaran bakal kari ngaran. Paling-paling tina dongéng kolot. Kitu gé lamun aya nu haat ngadongéngkeun. Pédah wé jaman ayeuna mah, geus langka kolot daék dodongéng ka anak incuna. Ongkoh barudak ngora ayeuna geus réa nu teu dalit ka kolotna. Kabébénjokeun ku kaulinan bangsa “gadgét” - pangpangna HP – nu sipatna individualistis.

Atuh rékayasa ngaleungitkeum lahan sawah atawa kebon, teu kapaliré. Kuma karep kuma dinya rék dipake restoran, jalan tol, paimahan, pabrik, jeung sajabana. Nu penting, kasenangan hirup bisa terus lumangsung. Kiwari, sawah jeung kebon, geus teu dinomerhijikeun deui. Réa kénéh pilihan séjén nu bisa dipaké gaganti sawah jeung kebon, boh keur sumber pakasaban, boh keur kaperluan séjénna.

Dimimitian tina industrialisasi lahan-lahan tatanén, di mamana, ti ti awal taun 1970-an, perhatian generasi ngora di padésaan barobah pisan. Tina “kuli ari” dina leutak, jadi “kuli pabrik” nu nécis beresih, meunang gajih tetep, sarta ambahan gaul ngalegaan. Gawé di sawah, macul “ngabaladah” , “nganglér” (lalaki), “tandur”, “ngarambét”, “derep”, “gacong” (awéwé), teu mustahil geus dianggap hina. Maké “rebig”, bobolokot dina leutak, mentrang kasorot panonpoé, geus lain “lével” keur generasi ngora jaman kiwari, nu geus ngambah dunya informasi jeung transformasi. Sanajan ukur semet konsumén jeung korban tina rupa-rupa produk kamekaran jaman, kayaning musik, kosmétik, parabot hiburan, kendaraan, jeung sabangsana nu sarwa “patén”.

Generasi muda Sunda padésaan , barang mangkat rumaja, lain gap kana pacul,garu, wuluku, “gasrok”, étém, pangaseuk. Tapi langsung kana setang motor. “Ngojég”. Nu kabeneran nuluykeun sakola, kabawakeun “mencil” tina kahirupan sawah jeung kebon. Maranéhna manggihan “jatidiri” di kampus-kampus, ruang diskusi jeung tempat-tempat lain nu ngandung suasana akademis. Taya nu inget ka sawah ka kebon. Kaasup para mahasiswa nu nyuprih élmu di fakultas pertanian, nu sanggeu lulus tara aya nu pirajeunan daék jadi “bulu taneuh”.

Nya teu kudu héran, lamun rea sawah subur, dicaian tina irigasi téhnis, komo deukeut jalan raya, gancang pisan robah jadi réstoran, villa, kompléks paimahan, tempat rékréasi, jsb. Komo diutang-itung tai lutung, tatanén téh gedé waragad, ari ladangna mun dijual murah pisan. Réa nu milih dijual jaar.

Kebon nu baréto jadi piseur tatanen sambilan, sarua deuih. Leuwih hadé digédorkeun. Padahal kebon téh, teu béda ti sawah, mangrupa sumber karageman hayati nu mangrupa bagéan penting tina kasaimbangan alam. Apan ti kebon dihasilkeun paré huma, waluh, hiris, roay, sampeu, jagong,nepi ka suweg jeung gadung. Gegek ku pepelakan kai iuh-iuh, bangsaning jéngjén, albasiah, surén, jrrd.

Kadieunakeun, réa kebon diculjeunkeun. Teu digarap. Nu antukna dijual téa, sabada lila gamblung.

Mun aparat pamaréntah sigep mah, tanah gamblung bisa dikonvérsi jadi leuweung rayat. Teu kudu ngaluarkeun dana ganti rugi. Cukup ku sistem”sharing” (bagi hasil) jeung nyayagikeun bibit sing réa.

Geus robah jadi lahan industri, tangtu waé karageman hayati gé musna. Keur aya kéneh gé sawah jeung kebon, kakayaan eusina geus ngorotan balukar kagangasan inséktisida jeung péstisida, nu geus ngancurkeun habitat katut ékosistém sasatoan jeung tutuwuhan pangeusi sawah jeung kebon.`Geus hésé neangan kangaranan belut, kini-kini. kuang-kuang, “gétok”, “peupeundeuyan” jsb. nu méré pertanda kasuburan sawah. Solokan kamalir cai ka sawah geus kosong tina lauk jarah paray,beunteur”, cingok, nanahaon, impun, géléngdagé. Lalab-lalaban nu sok jaradi dina leutak jeung galengansawah, bonus keur tukang ngarambét, kayaning écéng, génjér, jotang, jongé, solodsoya, jsb. geus langka kapanggih.

Kitu deui di kebon. Rupa-rupa suung, ti mimti suung paré, suung reuma, nu laleutik, nepi ka suung kotok, suung bulan, nu baradag, suung rampak nu sok mayak, geus musnah. Kitu deui malaka,cécéndétan, bakasem, geus papada carem. Padahal éta bungbuahan téh, cenah, ngandung gizi jeung nutrisi hébat.

Atuh manuk nu sok ngaramékeun sawah, ti barang paré rampak, kayaning piit, bondol, manyar, galatik, nepi usum paré gedé jeung bérés dipanén, kayaning balatér, kokondangan, pecuk, kuntul, bukaupih, tilil, taya tapakna. Sanasib jeung manuk-manuk pangeusi kebon :cangkurileung, bincarung, ékék, manuk seupah, jogjog, bultok, caladi kundang, nu geus tara kadéngé sorana. Kahakanan katut lingkungan pakebonan geus teu merenah pikeun maranéhna bumetah jeung baranahan.

Wajar pisan, upama isuk pagéto sawah jeung kebon ilang tanpa raratan tina kacapangan budaya jeung peradaban manusa Sunda.  ***

Dimuat di Majalah Mangle No. 2562, 28 Januari – 4 Pebruari
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment