Budi Rahayu Tamsyah
Gancangna carita baé, Utusan geus balik deui ti Pajajaran, nagara anu anyar diadegkeun téh dipaparin ngaran ku Raja Pajajaran, nyaéta Nagara Tanjung Singuru, sarta rajana dipaparin jenengan Sang Prabu Jaka Susuru.
Nagara Tanjung Singuru, lami-lami janten nagara kerta raharja, pangeusina beuki tambah gegek baé. Tapi Sang Prabu Jaka Susuru, ngarasa keueung cuang-cieung, taya batur pakumaha dina sela-sela ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, ku margi henteu kagungan praméswari.
Anjeunna nimbalan Mantri Sewana Guru ngajugjug ka Nagara Bitungwulung, réh aya selenting bawaning angin yén Bupati Bitungwulung, Pangéran Jungjang Buana, kagungan putra istri dua. Jenenganana Sekar Jayanti, jeung adina Jayanti Kembang.
Sadatangna ka Bitungwulung, Mantri Sewana Guru nepikeun maksudna, ditampi ku Pangéran Jungjang Buana. Ngan Ki Mantri teu werat salahsahijina, lantaran putri duanana ogé gareulis, geulis lain pupulasan sagala-galana, surup pisan kana jadi praméswari.
Antukna baé éta putri téh dilamar duanana. Ku ramana disanggakeun duanana. Harita kénéh ogé dua putri dijajapkeun, disarengan ku ramana diiring upacara. Teras baé duanana diréndéngankeun sareng Sang Prabu Jaka Susuru di Nagara Tanjung Singuru.
Der baé atuh pesta ramé kacida, tujuh poé tujuh peuting taya eureunna. Tatabeuhan ngageder beurang-peuting. Jalma daratang ti suklakna ti siklukna, kabéh tamplok minuhan alun-alun, némbongkeun kabungahna ka nu jadi raja, yén ayeuna tos kagungan praméswari, anu geulis kawanti-wanti, sadua-dua.
Sigeug heula anu keur oléng-pangantén. Kocap aya hiji raja di Gunung Gumuruh, kakasihna Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta raja di karatonna disarengan ku rai istri, jenengan Ratna Kembang, réh anjeunna teu acan kagungan garwa. Lain teu niat lain teu hayang, cenah, ngan nganti-nganti wanci nu mustari.
Ari éta Nagara Gunung Gumuruh, perenahna henteu jauh ti Tanjung Singuru. Malah tepung wates jeung Tanjung Singuru. Jadi waktu pésta réndéngan Sang Prabu Susuru, karaméan nu sakitu matak geunjleungna, hawar-hawar kadangueun ku Badak Tamela. Katambah-tambah loba rahayat nagrina, anu indit sirib ngadon lalajo karaméan pésta.
Nya tuluy mariksakeun ka raina, “Nyai, di mana pésta anu kakuping téh? Jeung méstakeun naon deuih? Jigana henteu jauh ti nagara urang, da loba rahayat urang anu ngadon lalajo.”
Ku Ratna Kembang diwalon, yén putra Bupati Bitungwulung duanana diréndéngankeun ka Prabu Jaka Susuru, péstana diayakeun di Tanjung Singuru. Badak Tamela kacida ngarénjagna, bendu munggah ngagugudug, amarah munggah henteu kawadahan, réh anjeunna aya manah ka éta dua putri, dikemu ti baréto diceungceum ti baheula. Ari ayeuna, geus meujeuhna manjing sawawa, diiwat ku raja anyar tatanggana. Duanana deuih, teu nyésakeun keur batur.
Badak Tamela ka luar ti karaton, ngajugjug ka Tanjung Singuru karepna gilig rék ngiwat putri nu dua. Sajajalan anjeunna hulang-huleng, néangan akal anu rikip tur lantip. Barang geus manggih, nyéh seuri sorangan. Raja anyar anu dianggapna cucungah, baris meunang wawalesna anu satimpal.
Teu kungsi lila geus nepi baé ka nu dijugjug. Ngajanteng sakeudeung hareupeun lawang jaga. Mundut diunjukkeun ku nu ngajaga karaton, tuluy Badak Tamela téh ngadeuheus ka Prabu Jaka Susuru di srimanganti, api-api nu rék ngabakti tawis katineung, ka raja anu keur oléng pangantén. Pok unjukan Badak Tamela unjukan, “Nu mawi Kakang ngadeuheus téh seja nyanggakeun tawis kagegelan, nyaéta inten sagedé énéng. Nanging aya hanjakalna saeutik. Ku tina sakitu gedéna éta inten, teu aya nu bisa ngajungjung-jungjungkeun acan.”
(Teraskeuneun)
0 comments:
Post a Comment