Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sang Prabu Jaka Susuru (III)

Budi Rahayu Tamsyah

Sang Prabu Jaka Susuru katingal saregep, kataji ku cariosan Badak Tamela. Pok Badak Tamela sasuran deui. “Rupina moal aya nu iasa nyandak éta inten, anging Kang Rai Prabu Jaka Susuru, anu kamashurkeun bedas tur sakti. Dupi éta inten téh ayana di Kawah Domas.”

Prabu Jaka Susuru téh percanten baé kana sagala cariosan Badak Tamela téh. Anjeunna geus teu kaampeuh, palay geura ngéngingkeun éta inten. Sanaos diwagel ku praméswari duanana, anjeunna henteu ngagugu. Pangrasana luhur élmu loba pangarti, piraku henteu bisa kitu-kitu acan mah.

Teras baé anjeunna angkat ka Kawah Domas, diiring ku Sewana Guru katut Sewana Giri. Barang nepi ka biwir Kawas Domas, tiluanana disuntrungkeun ku Badak Tamela, gebrus baé kana kawah anu panas, sarta tuluy éta kawah ditutup ku batu gedé. Geus kitu Badak Tamela gura-giru balik deui, muru ka Tanjung Singuru rék ngiwat putri.

Sekar Jayanti jeung Jayanti Kembang wantuning terusing kusumah, duanana meunang wirasat goréng, yén baris aya nu ngiwat. Pikeun tanda yén satia ka carogé, tuluy baé duanana ngalolos ti karaton, mubus ka leuweung anu suni. Nyaung-nyaung di tempat anu singkur.

Lami ti lami, dua putri téh kakandungan. Barang nepi kana bulanna, brol duanana babar patutur-tutur. Putrana pameget kawas nu kembar, rupina kasép ngala ka ramana. Murangkalih mulus banglus taya kuciwana.

Aya taunna éta dua praméswari hirup di leuweung katut dua putrana. Pipindahan henteu netep di hiji tempat. Lila-lila ka luar ti pileuweungan, nya anjog ka Nagara Tanjung Sembara. Din hiji mangsa, ngadeuheusan ka rajana, nyarioskeun lalampahan ti awal nepi ka ahir.

Éta raja saé pisan pangangkenna ka éta dua praméswari jeung putrana. Dipernahkeun di karaton disaé-saé. Ari jenengan nu jeneng raja di dinya, nyaéta Prabu Gajah Kumarasakti. Praméswarina kagungan dua, Purba Déwata jeung Ratna Déwata.

Tina welasna ka Prabu Jaka Susuru, énggal baé Gajah Kumarasakti mepek balad, badé ngarurug Badak Tamela nu harita ngajabel Nagara Tanjung Singuru. Sanggeus samakta prajurit katut pakarangna, leugeudeut baé ti dayeuh Tanjung Sembara. Ngajugjug ka Nagara Tanjung Singuru.

Badak Tamela geus tatan-tatan, metakeun panganggo jeung pakarangna, karepna rék némbongkeun kasakténna. Badak Tamela kaluar ti karaton, tuluy baé mapag musuh lir banténg ngamuk. Balad-balad Tanjung Sembara patinggolépak, dicacar bolang ku Badak Tamela.

Ningali galagat kitu, Gajah Kumarasakti maju ka pakalangan. Der perang tanding kacida ragotna. Lila-lila Badak Tamela kasoran, éléh jajatén ku Gajah Kumarasakti. Badak Tamela teu manggapulia, tungtungna karingkus ku Gajah Kumarasakti.

Badak Tamela anu geus éléh jajatén, ménta ampun ka Prabu Gajah Kumarasakti. “Ampun Sang Prabu, kula ménta dihampura, ménta hirup jeung huripna.”

Prabu Gajah Kumarasakti nimbalan, Gajah Tamela baris dipaparin ampun, tapi Prabu Jaka Susuru jeung pangiringna, kudu dikaluarkeun deui ti Kawah Domas. Gura-giru Badak Tamela ka Kawah Domas. Batu gedé anu nutupan éta kawah, diangkat tuluy dialungkeun jauh pisan, kawantu Badak Tamela tanagana bedas.

Énggalna Prabu Jaka Susuru. kitu deui Sewana Giri jeung Sewana Guru, dikaluarkeun ti jero Kawah Domas. Badak Tamela nyuhunkeun ampun, bari ngabaktikeun rayina téa, anu geulis Ratna Kembang. Pangbaktina ku Prabu Jaka Susuru ditampi, sarta tuluy Badak Tamela dijenengkeun jadi bupati di Gunung Gumuruh, anu kabawah ku Nagara Tanjung Singuru.

Sasumpingna ka dayeuh Tanjung Singuru, Sang Prabu Jaka Susuru silihrangkul sareng Prabu Gajah Kumarasakti nawiskeun tumarima kana pitulungna. Der pésta, tujuh poé tujuh peuting. Leuwih rongkah ti nu enggeus-enggeus. Lantaran sasatna éta pésta, dipiluan ku abdi-abdi ti tilu nagara.

Sang Prabu Jaka Susuru teras-tumeras ngeréh Nagara Tanjung Singuru, diaping ku tilu praméswari: Sekar Jayanti, Jayanti Kembang, jeung Ratna Kembang. Tambih-tambih suka manahna, ku margi ayeuna tos kagungan dua putra. Ceuk sakaol, Prabu Jaka Susuru téh, patilasanana natrat di Lembur Susuru téa.

Rengse
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment