Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sang Prabu Jaka Susuru (I)

Budi Rahayu Tamsyah

Di Désa Sukaramé, Kacamatan Ciranjang, kabawah ka Kabupatén Cianjur ayeuna, aya lembur anu nelah Lembur Susuru, lembur anu mibanda ajén carita, nyaéta patilasan Sang Prabu Jaka Susuru, sakumaha anu kaunggel, dina carita anu dicaritakeun deui.

Kocapkeun di Nagara Pajajaran, nagara anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi. Ari anu jadi rajana harita, Sang Prabu Siliwangi nu katujuh. Raja anu adil tur wijaksana, anu matak katurut ku abdi-abdina.

Kangjeng Raja kagungan putra pameget, keur sumedeng rumaja putra, belekesenteng buta tulang buta daging. Ari rupina kasép taya babandinganana, dedeg sampé rupa hadé, dibarung ku hadé tata hadé basa. Dupi kakasihna anu kaceluk, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi.

Ari dina hiji poé Sang Raja magelaran, dideuheusan ku patih, parabupati, jeung paramantri ponggawa sakabéh. Sami hémpak di paséban balé agung. Sang Raja mundut tinimbangan, réh putrana rék dijenengkeun bupati, di hiji kabupaten anyar, anu kudu diadegkeun ku sorangan.

Sang Raja mariksa anu sami hémpak, “Kumaha sapuk atawa henteu? Upama aya anu henteu sapuk, mending caritakeun baé ayeuna, urang badamikeun kumaha hadéna.”

Nu dipariksa ngawalon saur manuk, yén ngiringan kana pangersa Sang Raja. “Sukur ari kabéh geus sapuk mah.”

Pok Sang Raja ngalahir ka putrana, “Éta kabupatén anyar téh kudu di wétan. Pék téangan tempat pinagaraeun anu aya di Tatar Alas Pasagi Wétan. Tempat anu kacida alusna pikeun dijadikeun nagara anyar. Jig geura indit ti nagara ayeuna kénéh, meungpeung ninggang dina mangsa nu utama.”

Méméh angkat ngantunkeun nagara, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, dipaparin jimat ku nu jadi ramana. Nyaéta Makuta Siger Kancana jeung Lawé Domas Kinasihan, minangka tanda seuweu-siwi Siliwangi, pencaran ti Nagara Pajajaran.

Sanggeus nyungkem ka kang rama, Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, nembé jengkar ti karaton, diiring ku dua mantri kapetengan, Sewana Giri jeung Sewana Guru, nu baris ngaping ngajaring, salami lumampah milari pinagaraeun di Tatar Alas Pasagi Wétan.

Radén Anom angkatna badarat, asruk-asrukan nyorang leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung luwang-liwung harieum geueumeun. Ti poé ka poé lumampah taya reureuhna. Dahar paké teu pati kapaliré, saré ogé sakadar tamba palay.

Barang nepi ka hiji tempat, reg tiluanana ngarandeg, ngawas-ngawas patempatan. Di dinya téh tanahna léndo, caina curcor, kaayaanana hadé, nu biasa disebut galudra ngupuk. Cindekna pantes kacida pinagaraeun.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, énggal baé muja semedi, nyuhunkeun pitulung Sang Hiang Otipati, supaya éta tempat téh jadi nagara. Panedana ditampi ku Nu Kawasa, harita kénéh di dinya téh jleg baé jadi nagara. Nagara teuing ku santosa, bénténgna lima ngajegir, hiji bénténg beusi, hiji bénténg waja, hiji bénténg tambaga, hiji bénténg pérak, hiji deui bénténg beusi purasani. Karatonna ayana di tengah-tengah, alus agréng sarta agem taya bangsana, wantuning buatan Déwa.

Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, lajeng menekung deui ka Déwa, nyuhunkeun pibaladeun: 8000 satria, 80.000 perjurit jeung 80 badéga nu pinguruseun karaton. Éta ogé tinekanan deui baé, ku Déwa dilaksanakeun. Dadak sakala nagara téh geus jadi ramé, gegek cacah jiwana, dug-deg paimahanana. Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi miwarang hiji utusan ngadeuheusan ka ramana, unjuk uninga yén nagara parantos ngadeg, sakalian nyuhunkeun pingaraneun éta nagara.

(Teraskeuneun)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment