Si Kabayan anu dusun meunangkeun Nyi Iteung anak Abah jeung Ambu anu ngan hiji hijina.
Kacaritakeun rengse hajat panganten, Nyi Iteung miheulaan asup ka kamar tuluy sare bakat ku cape tas direuah-reuah sapoe jeput teh. Ari Si Kabayan masih uplek ngobrol jeung sobat sobatna nu datang kapandeurian.
Kira Jam salapan peuting babaturanana baralik. Beres nganteurkeun sobatna ka buruan Si Kabayan asup ka imah, geus tiiseun. Abah Jeung Ambu geus tibra karerek silih tembalan di kamarna, pon kitu deui pamajikannana. Barang sup Si Kabayan ka kamar, manehna ngajenghok sabab pamajikanana teh sare dina ranjang anu dikulambuan. Saumur-umur manehna teu apal kana kulambu.
“Geuning dikurungan pamajikan aing teh,…jeung ti lebah mana atuh asupna mun rek sare jeung Si Iteung teh?” gerentes hatena bari panonna nguriling neangan lawing pikeun asup.
Ana breh di luhur ranjang aya beusi buleud kira kira sagede wengkuan nyiru. Belenyeh Si Kabayan seuri…..ah pasti tidinya jalanna pokna bari terekel naek ka luhureun ranjang….bus manehna asup.
Lantaran di luhur oge katutupan kulambu atuh Si Kabayan ngadon nyangsang ngagayot bari gugurinjalan. Si Iteung kagareuwahkeun tuluy beunta, ari direret aya nu ngagayot gugurinjalan di luhureunana. Kacida Nyi Iteung reuwaseunana tuluy ngagoak ngageroan kolotna,
”Ambuuuu…!!!! Abaaahhhh!!!! Ieu aya nu ngagayooot …” pokna bari ngorejat. Ambu jeung Abah nu keur tibra teu burung kahudangkeun ngadenge Nyi Iteung ngagorowok teh.
”Keun wae Nyai….! Tong aneh da biasana ari geus boga salaki mah,” jawab Ambu bari nepak ka Si Abah nyerengeh kapiasem.
Teu kungsi lila gorowok deui Nyi Iteung ngagorowok,
“Atuda ngagayotna gede ambu abdi sieun……” ceuk Nyi Iteung bari murungkut .
“Ih ulah sieun, anggur kudu bungah ari gede mah, baheula mah Ambu ku Si Abah teh ukur dibawakeun sagede cau butitina,” Jawab Ambu bari seuri dipengkek jeung neunggeulan Abah.
Bareng jeung eureunana seuri Si Ambu, Si Kabayan bisa turun kana ranjang da kulambuna soeh, tuluy ngarengkol gigireun Nyi Iteung.
Kira tengah peuting hujan ngagebret, kabeneran kenteng imah Abah rada nyengled. Atuh nyakclakan cai hujan teh ka handap pas kana awak Nyi Iteung pisan. Dasar budak ngan hiji hijina atuh ogoan sagala bebeja ka kolot. Harita oge basa cai ngeclak kana awakna teh buru buru manehma ngagorowok,
“Ambu…Abaaahhhh… ieu aya nu ngeclak,” cenah.
Si Ambu bari lulungu ngajawab,
“Keun wae nyai da biasana….” Omong Ambu bari siap siap rek peureum deui.
Teu kungsi lila si Iteung geus ngagorowok deui,
“Abahh ieu clak deui clak deui…” si Iteung bebeja ka Abah ngarasa ku indungna teu dipalire.
”Keun wae…nyai….can waregeun meureun” jawab Si Abah.
Ngarasa indung bapana teu malire hing we si Iteung ceurik bari ngagorowok,
“Abah….ieu ngeclakna geus remen teuing Iteung tepi ka ngadegdeg…” pokna bari jebleh.
Ngadenge kitu si Abah ngorejat tuluy ngajleng bari kekerot,
”Kitu kitu teuing mah ruksak atuh anak aing kabayannn …..!!!!” Ceuk si abah bari ngagedor kamar anakna.
Terasna mah.... nyanggakeun .. hehe..
Sumber: Nyarios Sunda
0 comments:
Post a Comment