Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sesebutan Pikeun Buah



Ngaran Pentil

Biruluk: buah kalapa anu kira-kira sagedé curuluk, méméh jadi cengkir.  
Pentil: bubuahan nu ngora kénéh pisan.  
Semi: pentil jagong.  
Tongtolang: pentil nangka.

Ngaran buah ngora

Cengkir: kalapa ngora.  
Cicipir: buah jaat nu ngora kénéh.  
Duwegan: kalapa ngora.  
Keceprek: hiris ngora. 
Kétéwél / lentud: nangka ngora.  
Pakél: buah manggah nu ngora kénéh.
Ngaran buah

Benda: buah teureup. 
Caruluk: buah kawung (eusi caruluk: cangkaléng).
Gadog: buah gintung.
Jebug: buah jambé
Kamal: buah asem
Langgoko: buah kiray

Sesebutan buah séjénna (buah nu aya dina tangkalna)

Pala gumantung: bubuahan nu biasa ngagantung dina tangkalna saperti balingbing, kadongdong, jambu, jst.
Pala kasimpar: bubuahan nu sok ngagolér dina taneuh, saperti bonténg, kukuk, samangka, jst.
Pala kapendem: sarupaning beubeutian, saperti suuk, boléd, sampeu, bangkuan, jst.

Sifat bubuahan

Bareubeu: jambu aér nu geus téréh asak.
Cumolat: manggu nu geus coklat, téréh asak.
Dumewegan: tangkil anu eusina keur meujeuhna siga duwegan.
Gumading: gedang nu warnana semu gading nyirikeun rék asak.Humaseum: buah jeung sajabana nu haseum kénéh tapi téréh asak.
Kumapalang: peuteuy atawa sélong anu ngora kénéh.
Kumecrot: buah paré nu eusina éncér kénéh mun dipencét sok ngecrot.
Lumayung: buah nu nyirikeun geus térh asak.
Lumého: duwegan nu keur meujeuhna siga lého.
Lumiat: jéngkol nu keur meujeuhna liat.
Rumangu: pakél atawa hiris nu keur meujeuhna rangu.
Rumegang: cau nu keur meujeuhna.
Sumagol: hui nu keur meujeuhna.
Tumoké: cabé nu warnana héjo semu beureum kawas warna toké nyirikeun téréh asak.
Umanis: jagong ngora nu keur meujeuhna 


Di cutat Tina : Peperenian Urang Sunda, Kiblat, Bandung, 2005. 

Sumber: Nyarios Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment