Sumber Gambar: Kaskus |
Di hiji kampung anu ngaranna Babakan, aya opat putri anu kacida gareulisna tur ngabogaan kasakten anu linuhung. Anu cikal ngarana Embah Gabug, anu kadua ngarana Embah Setayu, anu katilu Embah Naibah, jeung anu bungsu ngaranna Embah Naidah.
Kusabab kageulisanna éta, loba raja-raja jeung sinatria anu kapincut hayang ngalamar nepika ngawina. Salah sahijina nyaéta Raja Subangkala ti karajaan Subang. Manéhna boga tékad pikeun ngalamar Embah Gabug. Mangka dina mangsa éta pisan Raja Subangkala maréntahkeun patihna pikeun ngalamar ka kampung Babakan.
“Lamun nolak, culik ku cara paksa!” kitu paréntahna téh.
Dina poé isukna, arindit rombongan ti karajaan Subang nuju ka kampung Babakan. Aleutan rombongan langsung di pingpin ku Ki Patih karajaan Subangkala. Dina sawatara éta rombongan keur di satengahing lampah, di kampung Babakan Embah Gabug keur tapa brata. Dina tapana manéhna dibere nyaho ku Hyang Widi yén aya rombongan anu keur di satengahing jalan anu boga maksud jeung tujuan jahat.
Sanggeus nyaho kitu, Mbah Gabug geuwat make kasakténna keur nyieun réka perdaya rombongan ti karajaan Subang éta. Nyatana, sakabéh rombongan ngadadak kacapéan jeung saré tibra di hiji wates anu nuju ka kampung Babakan.
Heuleut sababaraha lila, sanggeus sakabéh rombongan sararé, nya disampeurkeun ku Embah Gabug, tuluy dihudangkeun sakabéh rombongan éta.
“Harudang maranéh kabéh! Ti mana jeung aya kaperluan naon maranéh dating ka kampung Babakan?”
Ki Patih tuly némpas bari sinis “Kawula Ki Patih ti karajaan Subangkala pikeun ngalamar hiji putri nu cicing di kampung Babakan, anu ngaranna éta putri nyaéta Embah Gabug, paréntahna lamun lamaran ieu ditolak, putri éta kudu dipaksa jeung diculik ka Subang.”
Ngadéngé jawaban ti Ki Patih kitu, Embah Gabug ngajawab kalawan anteb.
“Kuring putri Embah Gabug nu maksud éta. Maranéh sararé ku sabab élmu kuring, Maranéh geus boga niat jahat. Ayeuna gera baralik jeung tepikeun ka raja maranéh, yen kawula daék narima lamaranna ku hiji sarat.”
“Naon saratna? Naha anjeun hoyong seueur emas jeung intan permata?”
“Kawula teu hayang haliyah dunya. Kawula ngan ménta raja maranéh malikeun kukuk(*) nu dialungkeun ka walungan Cilutung. Lamun raja maranéh bisa nyumponan sarat éta, kawula bakal narima lamaranna.”
Heuleut sababaraha poé, datang Raja Subangkala ka kampung Babakan. Anjeuna langsung disambut ku Putri Embah Gabug di muara walungan Cilutung jeung Cideres, anu saterusna ieu tempat téh disebut ‘Panyaweuyan’. Sanggeus sakabéhna siap, mangka dialungkeun hiji kukuk ku Embah Gabug ka tengah-tengah tarikna cai walungan Cilutung.
“Kanjeng Raja, kukuk ieu rék dibalédogkeun ku kuring méh tuluy kabawa ka hilir, balikeun kukuk éta ka hareupeun kuring,” ceuk Embah Gabug.
Raja Subangkala langsung ngaluarkeun kasakténa pikeun malikeun éta kukuk nu geus kabawa arus cai walungan anu pohara gedéna. Tapi cai walungan ngadon beuki tarik, tepi ka Raja Subangkala ogé teu sanggup nahan palidna éta kukuk, jajauheun ka malikeun deui ka hareupeun Embah Gabug mah. Kukuk ahirna jauh kabawa ku tarikna cari walungan.
Ningali kaayaan éta, Raja Subangkala ngarasa éra, kasaktianna bisa diéléhkeun ku hiji wanoja. Kusabab ti kitu tuluy manéhna nangtang Embah Gabug pikeun ngabalikeun kukuk nu geus kabawa tarikna cai walungan éta ka hareupeunnana.
“Heh putri, lamun manéh sakti, coba balikeun kukuk nu kabawa ku tarikna cai walungan itu ka hareupeun kawula!”
Embah Gabug langsung nurut paréntah Raja Subangkala. Maké ‘karembong’ sakti ‘cindé wulung’, manéhna bisa malikeun éta kukuk. Kukuk ngabelesat ti hilir, meulah tarikna cai walungan. Malahan nepi ka ngajengkang kana cadas anu rata nyarupaan meja tulis di gigireun Raja Subangkala nangtung. Nya tempat ieu pisan nu disebut “Cadas Meja”, ayana di kampung Prunggawul, Desa Bonang, Kecamatan Kadipaten Majalengka. Ti saprak harita ogé mimiti disebut istilah “pelet (élmu asihan) si kukuk mudik” ti kampung Maronggé, anu antukna disarebut PELET MARONGGE.
Sababaraha poé sanggeusna kajadian éta, mimiti nyebarna béja, yén Raja Subangkala diéléhkeun ku Embah Gabug. Aya hiji Raja Bugang Geureung ti Karajaan Pasir Ipis anu panasaran tina béja éta anu niat ngajajal kasaktén Embah Gabug. Raja Bugang Geureung tuluy ngajukeun tawaran ka Embah Gabug. Ku Embah Gabug tawaran Raja Bugang Geureung éta ditarima ku hiji sarat diwakilkeun ka adina Embah Setayu.
Ngalungkeun kukuk ahirna dimimitian. Embah Setayu dina waktu harita kénéh langsung malédogkeun kukuk. Tapi dalah saruana jeung Raja Subangkala, Raja Bugang Geureung gé teu bisa ngabalikeun éta kukuk ka hareupeun Embah Setayu.
Tah éta nu diajukeun ku Embah Gabug keur ka saha waé nu mikahayang ka manéhna. Tepi ka antukna euweuh saurang ogénu sanggup nyumponan pisarateun éta. Ku kanyataan éta, ahirna Embah Gabug mutuskeun rék balik ka kampung Babakan. Manéhna nyiar patempatan keur tapana. Saindit manéhna taya nu nganyahokeun ku pangeusi kampung Babakan. Malah adi-adina ogé teu dibéré nyaho.
Tangtuna ku hal ieu jadi nyieun tunggara keur Embah Setayu, Naibah, jeung Naidah. Nepi ka hiji mangsa, maranéhna tiluan boga niat rék néangan lanceukna anu indit henteu amit.
Maranéhna indit ngalalana. Nepi ka hiji peuting, maranéhna tepi ka hiji pasir (bukit) nu katelah Gunung Hadé. Di puncer pasir éta maranéhna tiluan manggihan hiji awéwé anu ngagolér sabab gering katingalina. Awéwé éta singhoréng Embah Gabug, lanceuk maranéhna. Nya langsung ditangkeup wé awak Embah Gabug éta kumaranéhna.
Teu kungsi lilla aya sora gaib : “Heh, Setayu, Naibah, jeung Naidah! Lanceuk maranéh bakal cageur lamun ngadahar buah laja anu jaradi di ieu pasir!”
Tuluy diteangan buah laja éta ku Embah Setayu , sanggeus ngadahar laja, ku kalawan kakawasaan Hyang Widi, Embah Gabug ahirna cageur deui.
“Naha urang-urang aya didieu? Saha nu geus nyageurkeun urang?” ceuk Embah Gabug.
Nya dicaritakeun sakabéh kajadian nu geus tumiba ku Embah Setayu. Sanggeus ti kitu, jol-jol aya saora gaib deui :
“Maranéh ulah kaget, kawula nyaéta Haji Putih Jagariksa nu ngawasaan ieu pasir. Hiji mangsa nu bakal datang maranéh bakal tumetep di ieu pasir. Ayeuna, jig gera arindit!”
Sanggeus ngadéngé sora gaib, Embah Gabug jeung tilu adina antukna balik ka kampung Babakan. Nya geus pasti sakabéh pangeusi lembur nyambut maranéhna ku kabungahan.
Sanggeusna sababaraha bulan, dina malem jumaah kliwon, kaopat putri adi lanceuk éta indit jarah ka Gunung Hade. Satepina di éta patempatan, maranéhna nyieun lobang pas luhureun Embah Gabug ngagolér tiheula sababaraha waktu ka tukang. Tuluy Embah Gabug asup kana jero lobang éta, ku adi-adina ditutup éta lobang make ‘renggé’(sarupaning regang awi haur) anu tumuwuh di sabudeureun éta pasir. Sanggeus ti kitu, Embah Gabug ahirna ditaringgalkeun ku adi-adina.
Kacida lilana Embah Gabug kakubur dina liang di puncer Gunung Hade, adi-adina ngarasa sedih, kusabab ngarasa geus lila teuing ditinggalkeun ku lanceukna. Tepi ka hiji peuting, maranéhna arindit tiluan ka Gunung Hade anu maksudna rék ningali lanceukna. Satepina di puncer Gunung Hade, maranéhna reuwas, kusabab tina lobang anu ditutup ku renggé dina waktu katukang, kaluar cahaya nu merong (ngempur caang) kakoneng-konengan siga ngagurilapna emas. Tuluy maranéhna mariksa lobang anu ngaluarkeun cahaya nu merong éta. Tapi tétéla lobang téh kaayaan kosong, Embah Gabug nu kungsi asup kana lobang éta gé ditingali ku adi-adina gé kasampak geus leungit.
Ti saprak harita, tempat éta kawéntar ku rahayat nu aya di sabudeureun éta ku ngaran ‘Merongge’. Sajalan jeung lumakuna waktu, tiwaktu ka waktu tungtungna mah robah jadi ‘Maronggé, anu asal kecap tina ‘merong’ jeung kecap ‘rengge.
Ayeuna kampung marongge jadi tempat pikeun jarah, kalolobaan nu daratang jarah boga maksud supaya gancang meunang jodo atawa tapa keur miboga élmu “pelet si kukuk mudik”. Nurutkeun kapercayaan pangeusi lembur di éta patempatan, bejana nepi ka ahir hirup opat putri éta teu pernah rarabi (kawin/nikah).
Katerangan:
- Kukuk : ngaran tutuwuhan sarupaning waluh. Kembangna bodas jeung buahna nyarupaan kendi. Buahna anu geus kolot, ku kolot biasana sok dipaké wadah cai (tempat mawa/nyokot cai)ku cara ngalobangan deukeut puhuna (kusabab nyarupaan siga beuheung kendi)
- Hyang Widi : Allah SWT (basa nu digunakeun ka Nu Maha Kawasa dina mangsa harita, kusabab can datang islam)
Sumber: Nyarios Sunda
0 comments:
Post a Comment