Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Borondong Majalaya


Ku: Kang Fauzi

Borondong garing
Ngider kota pilemburan
Mekar lumaku diri
Payu dagang bari mimitran

Borondong garing
Haleuang katineung ati
Jerit ciptaning ati
jeung hiliwirna angin leutik

Oleh-oleh Priangan di lingkung gunung
Majalaya, Soreang Banjaran Bandung
Hate jongjon lugina anu dikantun
Narik ati  matak genah nu ngabantun

Lagu ieu teh diciptakeun ku salah saurang personil Los Marenos, anu  ngagambarkeun tukang dagang kadaharan ngarana “borondong” sok nguriling ka kampung-kampung ngider lembur  nanawarkeun daganganana. Ari anu kamashur kadaharan anu ngaranna borondong  asal ti Majalaya. Matak teu aneh  mun urang  Majalaya nyaba ka kota-kota sejenna, pasti anu ditanyakeun teh, “ mana borondongna ! “.

Di Majalaya sorangan, kadaharan anu ngaran borondong geus pada nyaho. Kadaharan anu geus turun tumurun dipigawe  ku padumuk Majalaya keur camilan, dagangeun  atawa keur bawaeun mun kabeneran aya anu kariaan saperti ngawinkeun atawa nyunatan, pasti kadaharan borondong aya didinya. Tapi sanggeus rea kadaharan ala deungeun, anu nyarieun borondong mimiti muguran.

Taun 2000 kungsi masih keneh aya di Majalaya anu dagang borondong, tempatna dibeulah weten alun-alun Majalaya, jalanna anu bras ka Pasar Baru jeung ka Sukamanah ka beh dituna ka Cicalengka. Tempatna leutik kapepet ku toko-toko ,teu make plang, nyumput meh teu ka tempo alatan rea teuing  padagang kaki lima. Ayeuna, geus teu dagang deui. Beak weh, hiji-hijina  padagang kadaharan borondong anu asli ti kota sandang Majalaya teh. Disebut asli, lantaran didinya mah gula anu dipake nyieun borondong teh tina gula kawung.

Sok sanajan di Majalaya geus taya deui anu daragang borondong,  tapi di daerah lain saperti Ciparay masih aya hiji dua.  Bedana jeung borondong Majalaya, borondong anu ayeuna mah garede, baruleud meh sagede bola sepak. Ari anu asli mah gedena ngan sagede ball tennis.

“Anu arageung mah  ngangge gula bodas, ari anu  asli ti Majalaya mah ngangge gula kawung. Upami ngangge gula bodas, bade didamel ageung oge moal peuray mung raosna tangtos benten sareng borondong anu gulana tina gula kawung.” Cek Ibu Kurniasih salah saurang  padumuk  asli urang Majalaya.

Di Majalaya aya dua kadaharan anu di ngaranan borondong teh nyaeta borondong jeung borondong enten. Ari borondong enten dijieunna  sarua tina ketan anu disangray nepi ka bareukah. Entenna dijieun tina gula kawung jeung kalapa, persis saperti nyieun wajit. Sanggeus enten  dijait tina katel, saterusna dibuleud-buleud sagede  bola beklen, kakara di asupkeun kana boboko anu geus pinuih ku ketan  meunang nyangray. Eta  ketan meunang nyangray bareukah rupana bodas bakal narapel kana enten, jadi baruleud anu saterusna diasupkeun kana plastic lobana sapuluh-sapuluh , make label anu saterusna dijual. Mun teu di jual, biasana diasupkeun kana keler keur nyuguhan  mun aya tatamu.

Kumaha ari nyieun gorondong ? Ampir sarua, pare ketan anu pinilih the disangray nepi ka bareukah, geus kitu dihijikeun jeung gula beureum anu geus di godog jadi kinca. Citakanana dijieun tina  batok kalapa, dipepel-pepel nepi ka buleud. Jadi weh anu dingaranan borondong. Siga babari, tapi tong salah, anu nyieun borondong saecanan prak sok diparancahan heula. Teuing bener, teuing henteu !

Keur  leutik, disagigireun imah teh kabeneran aya anu nyieun borondong keur jualeun. Nu paling dipikaresep teh ketan anu “kudu”-na (ketan anu teu beukah waktu disangray). Rasana ngeunah, nyatrek, sok jadi kadaharan camilan. Ayeuna ? geus leuwih tilu puluh taun can manggih deui.  Tapi muji sukur geuning sok sanajan di Majalaya kadaharan borondong kaasup kadaharan langka, eleh ku Bornis jeung kadaharan anyar sejenna, tapi di  terminal-terminal beus saperti di terminal Leuwipanjang atawa di terminal beus   Cicaheum masih keneh aya. Mun urang ka statsion  karena api Bandung oge sok nempo ngagarantung borondong anu di bungkusan ku plastic. Ngan nyakitu tea, sigana geus prah  borondong anu ayeuna mah rereana dijieun tina gula bodas, lantaran mun dijieun tina gula kawung moal kuat lila, komo mun pareng hawana tiis moal lila bakal peuray.

Borondong geus jadi kadaharan urang Priangan, katelah saperti dina lagu  : Borondong Garing. Komo mun didaharna isuk-isuk masih keneh haneut, kakara di citak, letah bisa ngarasakeun nikmatna dahar borondong bari di barengan ku cikopi pait. 

Sumber: Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment