Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Loba Teung Dosana


Dijaman ayeuna teu saeutik jalma anu tara Shalat, boboro ning Shalat sunat, anu fardu oge tara! Cigah Mang Kanta. Sok sanajan boga gedong sigrong, mobil ngajajar aya kana genep sikina, tapi ari urusan Shalat mah eleh ku tatanggana nu imahna oge rek runtuh. 

Hiji waktu kabeneran aya anu maot, kulantaran geus jadi tradisi di kampung mah, lamun aya anu maot teh sararea sok ngilu sibuk, ngilu mantuan ngalikeun, nyolatkeun, ngafankeun, jeung rea – rea deui. Atuh Mang Kanta oge teu tingaleun, sok sanajan tara Shalat oge ari dina urusan kitu mah, era kasebut na cenah, lamun teu nempo-nempo acan mah.

Barang mang Kanta datang ka imah anu maot, kebeneran geus rea jalma, salah saiji na Ki Rumnasik, anu geus kawentar tukang Adzan di kampung eta.

“Eeeh geuning aya Aden, mangga atuh kalebet Den!” ceuk Ki Rumnasik.

“Muhun yeuh, Alhamdulilah tiasa keneh ngalayad” tembal Mang Kanta.

“Alhamdulilah. Mangga atuh Den urang sasarengan urang netepankeun ieu mayit” ceuk Ki Rumnasik deui.

Kulantaran loba jalma didinya, nya Mang Kanta rada era lamun nolak pangajak Ki Rumnasik, padahal saumur hirup Mang Kanta can kungsi nyolatkeun mayit.

“Mangga atuh” Ceuk Mang Kanta. Bari tuluy kaluar, cenah rek wudhu heula.

Saengges beres wudhu, Mang Kanta teu buburu asup deui ka jero imah, sabab sieun diajak nyolatkeun, ngajanteung we dihareupeun pancuran anu kabeneran aya di hareupen imah nu maot.

“Hayu atuh Den!” Ceuk Ki Rumnasik ngagorowok tina panto imah.

“Eh, muhun – muhun, mangga” ceuk Mang Kanta. Bari tuluy asup ka jero imah, bener we sarerea geus siap ngadagoan manehna.

“Mangga dipayun Den!” Ceuk Ki Rumnasik. Bari nunjuk ka tempat ditukangeung Imam anu geus disadiakeun keur Mang Kanta. Teu loba carita, tuluy weh Mang Kanta asup kana shaf anu panghareupna, ditukangennana geus ngajajar aya kana opat shaf na.

Teu kungsi lila Shalat Mayit dimimitian, barang Imam takbiratul ihram anu kadua, sakanyaho Mang Kanta dina Shalat mah kudu ruku jeung sujud, tuluy weh Mang Kanta ruku. Juru panonna nempo yen anu sejen mah teu ruku. “Alah aing salah!” gerentes hatena.

Dina takbiratul ihram anu katilu, “Kagok ah!” gerentes hate na deui, tuluy we Mang Kanta sujud.

Beres Shalat, sarerea melong ka Mang Kanta, bangun anu panasaran, “Naha geuning Aden mah nganggo ruku sareng sujud Den?” Tanya Ki Rumnasik.

“Ieu mayit loba dosana Ki, lamun teu make ruku jeung sujud, karunya berat teuing engke tangungjawabna!” Ceuk Mang Kanta mani tegep.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment