Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kadal


Jaman baheula, aya kadal nu humandeuar bae. Manehna teu tumarima kana takdir ti Gusti. Malah nganggap Gusti teu pilih kasih.

“Batur-batur dipaparin nasib hade, ari kuring ukur kieu. Awak leutik, sisitan, pakarang teu boga, gawe ukur kekeceprekan dina leutak. Pan batur mah geura, maung dibere sihung, gajah dibere tulale, uncal dibere tanduk, oray dibere peurah, biruang dibere panyakar, manuk dibere jangjang, kuya dibere batok, ari kuring dibere naon?” kitu ceuk jero hatena.

Tuluy manehna neneda ka Nu Kawasa, ku panteng-pantengna neneda, nya panedana teh dikabul. Jleg manehna jadi uncal. Atuh teu kira-kira bungahna. Sapopoe teh gegedenbrengan we nembong-nembong tandukna. Disebutna ge sato pangkasepna saleuweung.

Tapi dina hiji poe, basa manehna keur nyatuan di tegalan jeung nu sejen, jeger teh aya sora bedil! manehna babarengan kaburna teh jeung embe. Asruk-asrukan nyorang rungkun jeung rerembetan. Embe mah labas-labas we lumpatna teh, tapi manehna mah teu bisa kitu, da tandukna nu ranggaek tikakarait bae.

Sangges ngalaman kitu, manehna mikir, geuning tanduk ranggaek teh matak tugenah. Genah keneh tanduk sauted kawas embe. Atuh dekul deui manehna ngadu’a sangkan dijadikeun embe bae. Dasar Gusti welas asih, jleg manehna jadi embe. Tapi dina hiji poe manehna ngawangkong jeung marmot. Ceunah kudu ati-ati jadi embe mah, sabab babari pisan ditekuk maung. Dekul deui ngadu’a hayang jadi marmot. Panedana dikabul deui. Tapi can sapoe-poe acan, manehna nyaksian marmot nu kamari ngawangkong jeung manehna teh beunang ku careuh, sarta dihakan nepi ka beak. Sanajan lumpat kana liangna ge, tapi da geuning careuh mah bisaeun kokorobet kna liang leutik ge.

“Mun kitu mah mending keneh jadi careuh atuh!” ceuk pamikir kadal. Atuh jleg manehna teh jadi careuh ayeuna mah. Hiji poe manehna ngarasa lapar. Koloyong weh ka kebon, rek ngintip hayam bogana patani. Barang kaciriaeun ku patani atuh puguh we dibuburak, diudag-udag bari ditenggoran ku batu. Malah kabeunangan sakali tarangna, nepi ka buncunur sagede endog puyuh!

“Geuning teu genah jadi careuh ge. Sigana nu genah mah jadi kerak. Pan ku patani ge batan sakitu diogona. Saban poe diurus, dimandian, diinuman, diparaban.” Jaba boga jangjang  deuih kerak mah. Laksana deui we kahayang kadal teh. Clek jadi kerak. Kakalayangan we gawena teh ngapung mayung kaluhur. Orokaya dina hiji poe mah, basa manehna keur unclag-anclog bri pucak-pacok dina galeng, logodor teh oray sawah ngabongohan, hiuk notog rek nyapluk....bis weh beunang! Untung kaburu ngagiwar, ngacleng kaluhur tuluy ngabur ka awang-awang. “Ah geuning geuning adi kerak ge aya pibahayaeun. Mun kitu mah mendingan keneh jadi oray sawah atuh.”

kitu jeung kitu we paripolah kadal teh. Terus-terusan boga pamenta. Geus dikabul nu sarupa, boga deui pamenta sejen. Tungtungna mah hayang jadi hayam adu. Pedah resep cenah sok padangalalajoan, sok jadi bentang kalang mun diaduna meunangan. Tapi lila-lila mah karasa tugenahna. Mun poe ieu kakara tas diadu, awak nyareri keneh, beungeut bariocok keneh, isukna atawa pagetona geus gapruk diadukeun deui. Sangges ku manehan karasa, yen geuning manusa nu kawasa pisan mah, prak manehna tapa deui. Lila tapana teh, aya welas peutingna. Tapi sakali ieu mah panedana teh teu dikabul. Tibatan laksana jadi jelema mah, kalah janggelek we mulang ka asal, jadi deui kadal. Tereleng, kucuprak weh ka sawah kawas bareto.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment