Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Bisa Ngaleungit



Hayang bisa ngaleungit. Sumpah! Resep meureun. Nyaba teu kudu dangdan. Rék saha anu ningali. Néwak penjahat gampang. Sampeurkeun keur sararé, talian, pasrahkeun ka pulisi. Nagara daméy. Nyantéy di kolam renang khusus istri! Heuheu.

Tatanya saha nu bisa. Arék guguru. Bah Arga cénah urang Gurudug. Disampeurkeun. Kéképéhan nolak.

"Seueur madhorotna, Ujang," cénah.

Kuring naléngténg naon karesepna.

"Pasihan martabak ketan cobi!" ceuk incuna sanggeus diasongan roko.

Nganjang deui mawa martabak dua loyang. Lééh ayeuna mah.

"Sanggem nyumponan saratna?"

"Sanggem kantenan, Guru!"

Puasa sapuluh poé. Dibéré jangjawokan. Kudu diwiridkeun saban tas sholat. Lain wiridna nu susah, puasana! Romadhon gé ampir-ampiran tara tamat.

Ku cengeng mah teu burung anggeus. Lugina kabina-bina. Waktuna mecakan élmu anyar.

Lakadalah Ema keur ngagoréng bala-bala. Nyalingker gigireun panto. Gereyem mapatkeun jangjawokan. Nahan ambekan. Dampal leungeun dipeureupkeun. Ditiup. Diusapkeun ka sakujur awak.

Keteyep nyampeurkeun. Celemut bala-bala. Ema jongjon. Am bari haté surak. Bisa geuningan ngaleungit téh.

Celemut deui dua. Ema dipelong. Ayem teu riuk-riuk. Ah béakkeun wé. Kacipta Ema molohok, gogoréng taya hasilna.

Solongkrong. Ngan sakilat Ema ngarawél gayung palastik. Beletak! Sirah ditakol. Gemes.

"Sok wé érépkeun ka dinyah!" cénah rénghap ranjug ambek.

Nyengir muringis nahan kanyeri. Geblus ka kamar bari kutuk gendeng.

"Teungteuingeun Bah Arga. Méh wé jadi Sangkuriang." Sirah diusapan. Martabak ketan dua loyang ngalangkang.

*) kailhaman ku Pangalaman Para Mitra dina Majalah Manglé
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment