Undagi nyaéta tata arsitéktur saperti imah, saung, tajug, jeung masjid anu jadi salasahiji kabutuhan poko manusa sanggeus sandang pangan. Kabudayaan pakampungan dimimitian nalika manusa mimiti nyusun kahirupan anu ngamasarakat, mangka diwangun sistim atawa cara nyieun imah anu lumangsung jadi adat kabiasaan ngeunaan tipeu, fungsi, jeung sistim organisasina.
Undagi dihartikeun ogé patukangan, para ahli, ahli dina hiji perkara, tukang ngawangun.
Pajar urang Sunda téh teu boga ciri arsitéktur anu mandiri. Buktina di anjungan Jawa Barat, TMII, nu aya téh imah témbok nu cenah modél Cirebon. Bari éta gé modélna ngaharib-harib arsitéktur kolonial. Sigana harita panitia ti Jawa Barat teu percaya diri némbongkeun imah Sunda antik nu masih aya kénéh di kieuna, upamana di Kampung Kuta Ciamis, Kampung Naga Tasikmalaya, Kampung Pulo jeung Dukuh di Garut, Kasepuhan Ciptagelar Sukabumi, jeung Kanékés (Baduy).
Imah tradisional Sunda mémang katémbong basajan pisan. Teu kawas arsitéktur imah adat sélér séjén nu pinuh papaés warna-warni. Padahal rupa nu basajan kitu téh lian ti némbongkeun kaaslian ogé nétélakeun soal umur kabudayaan. Beuki basajan beuki nuduhkeun umur hiji budaya manusa nu kolot. Cenah, imah Sunda nu umumna mangrupa imah panggung minangka warisan ngahuma nu sok pundah-pindah téa.
Nalika imah diwangun, umumna ditingali itung-itunganana ku jalma pinter anu disaluyukeun jeung ngaran jalma nu bogana, tempatna, jeung poé ngamimitianana. Sakabéhna diitung maké ramalan. Imah lain waé tempat pikeun ngiuhan jeung sumalindung tina gangguan, tapi ogé mibanda fungsi sosial, ékonomi, kultural; imah ogé jadi puseur cita, cipta, rasa, karsa, jeung jasa.
Imah-imah di Jawa Barat tipeuna panggung ngumpuk, jangkung kolongna antara 40-60 cm. Maksudna ngajaga diri tina ancaman sato galak jeung bahaya banjir. Kolong fungsina pikeun nyimpen alat tatanén, suluh, jeung ingon-ingon.
Dina wangun suhunan aya nu disebut léang, anu hartina topi Cina, dina bagian hareup jeung tukangna maké geulang-geulang tina kai dibungkus ku injuk sangkan cihujan teu langsung keuna kana kai, ieu disebut ogé capit hurang. Ditilik tina jihat kapercayaan urang Sunda, gumulungna antara bumi jeung sapangeusina, mangka capit hurang téh dimaksudkeun pikeun ngajaga imah katut pangeusina tina pancabaya.
Imah-imah di pagunungan, dataran handap, jeung di tapel wates Jawa umumna sarua, nyaéta pasagi jeung manjang, ubin dijieun tina palupuh, nyaéta solobong awi anu didatarkeun; dingding tina bilik anyaman sasag atawa kepang. Aya ogé anu ditambahan tina wangunan utama, dipanjangan, ngaranna sosompang. Posisi imah umumna manjang ti kulon ka wétan, saluyu jeung arah-arah bagerakna panonpoé, sedengkeun tempat panto posisina kaler-kidul, lantaran nurutkeun kapercayaan, teu hadé ngalawan arah-arah bagerakna panonpoé.
Bagian hareup fungsina pikeun narima sémah lalaki, bagian tukang pikeun narima sémah awéwé. Tétécéan pikeun naék ka jero imah dijieun tina awi atawa kai anu disebut golodog, babacik atawa parangga. Dapur biasana dina taneuh, sangkan salamet tina bahaya kahuruan, lantaran alat anu digunakeun pikeun masak kawilang tradisional, ngaranna hawu anu diluhureunana aya parako, anu fungsi éta parako pikeun teuteundeunan, saperti jagong, kacang aya oge keur neundeun suluh baseuh supaya tereh garing.
Ti Grup FB Salaka
0 comments:
Post a Comment