Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Titinggi



Si Tatan jeung si Sadun keur tatarucingan duaan.

Tatan : ''Dun, maneh nyaho teu sato titinggi ?''.
Sadun : ''apal eta mah si kaki seribu tea, sukuna loba meni aya sarebuna''
Tatan : ''Tah, lamun maneh nyaho sukuna aya sarebu, lamun titinggi eta leumpang belok kanan, suku nu keur leumpang aya baraha ?''
Sadun : ''Nya angger aya sarewu ?''
Tatan : ''Salah, nya aya 998 atuh, apanan suku katuhu panghareupna jeung pangtukangna ngadadahan, itung-itung lampu sen ''
Sadun : ''Ah, jadol teh ''
Tatan : ''Ayeuna, lamun belok kiri suku nu dipake leumpangna aya baraha ?''
Sadun : ''Nya pasti aya 998 ?''
Tatan : ''Salah''
Sadun : ''Naha ?''
Tatan : ''apan dina rambu-rambu lalu lintas oge, belok kiri jalan terus''

Sadun nepak tarang, mikir da embung eleh.

Sadun : ''Ayeuna kuring yeuh, lamun eta titinggi manggihan nu demplon, leumpangna kumaha ?''
Tatan : ''nyanggigir''
Sadun : ''salah''
Tatan : ''bari ngalieuk atuh ?''
Sadun : ''Salah''
Tatan : ''nya enggeus kumaha atuh ? Taluk ah ''
Sadun : ''Leumpangna bari engklek, da suku nu katuhuna ngadadahan ka nu demplon tea ''.
Tatan : ''@~%$,,,,,,????

Rusdy Dermawan
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment