Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Hadiah HARDJAPAMEKAS

Hadiah Hardjapamekas nya eta salah sahiji penghargaan anu dipasrahkeun ka guru-guru basa Sunda sa-Jawa Barat jeung Banten, anu dipasrahkeun ungggal taun, ngaliwatan proses seleksi anu diayakeun ku Kulawarga Hardjapamekas, gawe bareng jeung Pusat Studi Sunda sarta dirojong ku Universitas Pendidikan Indonesia (UPI).

Hadiah Hardjapamekas nu Munggaran

Hadiah Hardjapamekas anu munggaran mangrupa pangajen kanggo guru-guru basa Sunda anu kagungan katapis, karancage, sareng kaparigelan enggoning mateakeun pangajaran basa Sunda di sakola, boh sakola tingkat SD/MI,boh tingkat SMP/MTs atawa tingkat SMA/MA jeung SMK. Kumargi nya aranjeunna kalayan binarung kaheman teu kendat-kendat narekahan pikeun ngawulangkeun elmuning basa katut kaparigelan basa Sunda sacara praktis ka barudak sakola. Ieu hadiah teh dipasrahkeun ku Yayasan Kabudayaan Rancage unggal taun, nu munggaran dikawitan taun 2008.

Guru nu dianggap payus pikeun dileler ieu hadiah samemehna diseleksi, diayak tur dipeunteun ku Dewan Juri Hadiah Hardjapamekas. Dewan juri diwangun ku 3 wawakil nu kalayan obyektif meunteun jeung mentes para guru, nya eta wawakil akademisi atawa pakar basa jeung sastra katut pangajaranana, wawakil ti Yayasan Kabudayaan Rancage, jeung wawakil ti kulawarga Hardjapamekas. Kagiatan nu munggaran dina taun 2008, dewan jurina diwakilan ku Bapa Drs. Karna Yudibrata sareng Bapa Drs. Elin Syamsuri minangka wawakil akademisi, Bapa Drs. Hawe Setiawan, minangka wawakil ti Yayasan Kabudayaan Rancage, jeung Ibu Dra. Safrina Noorman minangka wawakil ti kulawarga Hardjapamekas.

Dina taun 2008, nu kasinugrahan Hadiah Hardjapamekas teh nya eta: Holisoh ME , guru/Kapala SD Negeri Mekarsari, Cileunyi Kabupaten Bandung (tingkat SD), Drs. Cece Hidayat, guru SMP Negeri 13 Kota Bandung (tingkat SMP) jeung Drs. Endan Sukanda, guru SMA Negeri 3 Kota Sukabumi (tingkat SMA). Ka para pinunjul dihaturkeun Hadiah Hardjapamekas nu mangrupi tropi, piagem, jeung artos ageungna Rp 5 juta.

Masrahkeun hadiahna geus maneuh dilaksanakeun di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, unggal tanggal 23 September, tanggal wetonna Bapa R.S.Hardjapamekas, minangka pangeling-ngeling ka ieu tokoh pendidikan Jawa Barat

Hadiah Hardjapamekas Saterusna.

Maksad diayakeunana ieu kagiatan teh nya eta kanggo ngajurung sumanget guru dina enggoning miara sareng ngamekarkeun basa dina widang pangajaran sareng atikan. Ku kituna, sabada kagiatan nu munggaran, ngawitan taun 2009 nepi ka kiwari, wawakil akademisi dipercantenkeun ka Bapa Prof.Dr. Iskandarwassid,M.Pd. Cara meunteunna kalawan objektif ngagunakeun data-data mangrupa dokumen portofolio, sabada dipeunteun tuluy dipilih nominasi nu kira-kira bakal kapilih. 

Nu asup nominasi satuluyna dipentes mangrupa wawancara ngeunaan prestasi, ketakna, sareng kagiatanana. Tina sawatara nominator dipilih masing-masing saurang nu ngabogaan hak jadi pinunjul Hadiah Hardjapamekas, masing-masing per kategori tingkatan sakola,nya eta tingkat SD, tingkat SMP, jeung tingkat SMA. Dugi ka danget ayeuna mah, Hadiah Hardjapamekas teh dipasrahkeun ku cara swadana,pangpangna kalayan pangrojong ti kulawarga Bapa R.S. Hardjapamekas (1913-2005) suargi, utamina ku palaputrana anu diwakilan ku Bapa Erry Riyana Hardjapamekas.

Dicutat ti Grup FB SALAKA
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment