Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Tétéh



Surat ondangan dibulak-balik. Bener Tétéh. Ngaranna. Fotona. Jadi ngalamun.

Tétéh nu manis. Sok ngajar barudak ngaji di masigit. Ceuk Si Sadi bageur tara ngambek. Matak basa Ema miwarang, kuring haget.

Enya wé. Sorana halimpu. Jaba méncrang. Sok disalah-salah ngaji téh. Ambéh dicontoan. Waas ngagalindengna. Lamun Tétéh keur ngawurukan babaturan, sok maling-maling rérét. Resep nempo pipina. Lemes matak tikoséwad reungit. Pangambungna bangir henteu, pésék henteu. Socana ngagenclang. Linduh.

Pareng katohyan, Tétéh sok ngajembél.

"Hayoh! Ningali naon?" cénah bari menerkeun jilbab biru sahéab. Warna favoritna.

Kadieunakeun ngahaja bangor. Nyumputkeun sendal. Ngabatalan budak awéwé anu tas abdas. Ngarah digelendut. Ngarah dijembél.

Hiji waktu basa isya, ibur. Si Sadi leungit sendal. Saréréa nuduh ka kuring. Kuring kéképéhan teu rumasa. Tétéh manggil mamatahan meuni lila. Kuring ngeluk bari gugurunuk.

"Da urang mah nyékér," ceuk Si Sadi pas keur balik. Cungar-cengir. Kuring molotot.

"Nuhun kituh!" cénah deuih, "urang gé nyaho Manéh bog bog ka Tétéh." Kuring éléngéh beureum beungeut.

Nincak kelas 2 SMP, ngaji eureun. Geus bisa, éra ongkoh taya batur.

Tétéh angger ngawurukan. Bada ashar sok ngaliwat. Sok megat. Ngadedempés sisi panto bari méléngékeun hordéng.

Ritual ngintip kitu téh nepi ka SMA. Tétéh kuliah. Ngalih sakulawarga. Pleng les taya béja. Nepi ka datang surat ondangan nu ayeuna dikeukeuweuk.

"Lain geura indit!" saur Ema, "walimahna jam 9. Meuni omat-omatan hayang dipangmotoankeun."

Teu sumanget. Tustél jeung wadah alat-alat foto asa beurat kacida. Mudah-mudahan lain manéhna anu dirapalan téh, ceuk haté.
Datang ka tempat resépsi geus ramé. Siap rék walimahan. Teu dikabul doa téh. Lungsé.

Tétéh dipencrong siga baheula lamun keur ngawurukan babaturan. Bari juprat-jeprét, kuring satékah polah nuduhkeun yén ieu kuring muridna baheula. Tétéh api lain. Kagok ku pisalakieunana meureun, ngupahan manéh.

Muga-muga ijab kabulna teu lancar. Lalakina ngadégdég. Macét. Para saksi saur manuk nyebut teu sah. Dibalikan sababara kali angger. Walimah gagal. Kawin bolay.

Teu diijabah deui waé. Pangantén meuni perténgtang. Sakali jadi. Sah! Keprok.

Kuring ngalamotan és krim niiskeun haté. Diuk rada misah.

Keur anteng ngalamun, pipi aya nu ngajembél.

"Hayoh! Ngalamun naon?"

Kuring tanggah. Tétéh imut meuni kareueut. Jilbabna biru sahéab.  Kuring mencrong bari kerung. Tétéh surti.

"Anu nikah mah raka kembar Tétéh, Téh Mia Yuliarti," cénah.

Oh... kuring unggut-unggutan. Bakat ku goréng sangka nepi ka teu inget yén Tétéh mah Mia Yulianti. Garo-garo teu ateul. Atoh.

Teu loba cacarita. Kaburu kudu motrétan pangantén anu tas disalin. Ngagidig ayeuna mah.

"Tétéh badé iraha atuh?" ceuk kuring ka nu gigireun.

"Ké ngantosan dilamar."

Kuring melengek siga nu kabuhulan.

"Ngantosan dilamar ku nu sok ngintip tina hordéng," cénah. Pipina bareubeu anu kéom semu ngadilak téh.

Kuring samar rampa. Jajantung ajol-ajolan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment