Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ahli Kamasan Dina Jaman Pajajaran


Ku: Aan Merdeka Permana 

KAMASAN atawa tukang nyieun perhiasan tina emas, geus aya ti jaman Karajaan Sunda kénéh, ngan baheula mah ngahususkeun kana perhiasan anggoeun raja. Makuta anu ayeuna diteundeun di Museum Pangéran Geusan Ulun Sumedang, dijieun ku Ki Aji Pandit Panuragan, ahli kamasan anu tetep satia tepikeun ka Pajajaran burak.

DISEBUTKEUN yén hiji ngaran lembur anu katelahna Bojongemas, wewengkon Kabupatén Bandung , baheulana téh, nyaéta jauh ka baheula, malah parat tepikeun ka jaman Pajajaran, mangrupa pusat kamasan, atawa pusat industri karajinan tina emas. Ari nu dijieunna, sabangsa karajinan pakeeun para raja katut kulawadetna. Hasil industri ti Bojongemas, Kabupatén Bandung téh oge diékspor ka nagara-nagara séjén, saperti ka Sriwijaya, malah ka Viétnam jeung Kamboja.

Tepikeun ka jaman Pajajaran ahir, masih kénéh kasampak kamasan sohor tur kapaké ku Raja. Anu nyieun makuta bikeuneun ka Prabu Geusan Ulun, ngaranna Aji Pandit Panuragan.

Aji Pandit téh anu kacatet jadi turunan pamungkas para ahli kamasan salila Pajajaran manggung. Manéhna dibabawa ku Prabu Séda ka Pulasari Banten, tur di dituna dititah nyieun makuta bikeuneun ka Prabu Geusan Ulun anu katelahna Makuta Prana Ma’jha Kasta.
Aji Pandit Panuragan téh turunan pamungkas anu kacatet. Ka luhurna, para karuhunna, sarua pancén gawé jadi ahli kamasan anu kapaké ku para Raja Pajajaran ti jaman ka jaman.

Tamba kawaranan, ieu di handap runtuyan kulawarga ahli kamasan di Pajajaran, ti jaman ka jaman:

Pranju Aji Mas Dandan Panuragan
Saprianji Panuragan
Lehan Sanju Panuragan
Tarmaji Abiaji Panuragan
Abi Ruhuy Nandan Panuragan
Aji Pandit Panuragan

Pranju Aji Mas Dandan Panuragan, jadi kamasan sohor anu kapaké pisan ku Sri Baduga Maharaja (1482-1521), Abi Ruhuy Nandar Panuragan, sohor ahli kamasan di pusat industri Bojongemas, ari Aji Pandit Panuragan, nyaéta anu kapaké ku Prabu Seda (1567-1579).

Maranéhna teu sakadar ahli, sabab baroga sumpah salaku ahli kamasan. Dina saban nyieun karyana, utamana pakéeun raja (makuta), para ahli kamasan téh ngucapkeun sumpah:

“Sumpah kamma parat ti jiwa ngiji abad, nempak pimaké raja ka’antar mipilanjut bihari rang’kuh pa’tuh énjha antara natusan pang’kuh katsa niang bumi kerta sumpah kamma ngalantun  lihar lambey sanghyang kalam, talak!”
(Geus jangji dina ieu jiwa, tina hiji jaman makuta bakal dipaké ku hiji raja nu bakal datang dina jaman engké nu tukuh dina méré kasalametan ka rahayat ratusan (taun) ka hareup nu sakirana baris lahir turunan nu bisa nangtayungan ka saalam dunya Jangji kaula teu saucap létah Kadéngé ku nu maha gaib. Inget!).

Maranéhna geus ngaramal, hiji waktu, ratusan taun ti harita, makuta asli Pajajaran bakal kapimilik ku pamingpin tapi anu jangjia teu saucap létah, sabab éta jangji kadéngé ku Nu Maha Gaib.

Sumber: Grup FB Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment