Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Nu Ngabatalkeun Puasa



Naon bae nu matak ngabatalkeun puasa? Tetela diuk, nangtung cingogo, ngagoler, lumpat jeung maledog teh matak ngabatalkeun.  Enya kitu?

Cik cuang tataan...

Diuk

Diuk di dieu maksadna diuk di rumah makan padang... bari ngahuapkeun sangu nu ditinyuh ku rendang padang... Tah eta batal puasana!

Nangtung

Nangtung di mana wae... bari ngelenyun udud, ngabibita batur... Komo eta mah batal pisan!

Cingogo

Cingogo dina handapeun tangkal buah... bari nyuruput es cingcaw... eta oge matak batal!

Ngagoler

Ngagoler tatangkarakan... bari ngagayem peremen hexos... Sarua batal eta oge!

Lumpat

Lumpat tarik sataker kebek muru tukang cendol... tuluy meuli, tuluy ngaregot cendol di dinya keneh... Tah eta oge matak batal!

Maledog

Maledogkeun duit kencring sarebu, tuluy disanggap ku tukang cilok... gantina tukang cilok mere satiir, tuluy dibelewekkeun kabeh eta cilokna... Tah eta oge batal puasana!

Tah... kitu geuning.. Hehe

Wilujeng shaum ah...

Diropea ti FP Banyolan Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment