Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Iraha Dipasihkeun?


Emod nu keur anteng ngalamun dina beus kagareuwahkeun ku panumpang karek naek, ibu-ibu ngora keneh bari ngais budak. 

Gek, eta si ibu teh diuk gigireun Emod, budakna teu eureun ceurik da meureun kapanasan. Si ibu ngusiwel ngaluarkeun dot tina balik bajuna, susu murni jeung Orisinil, teu aya kaera. 

Emod peupeureuman bari maling reret. 

"Hayoh, teu kenging nangis! Pami nangis, ieu nenen dipasihkeun ka si Emang." Si ibu nyingsieunan budakna sangkan repeh bari ngasong-ngasong susu tina kutang. 

Emod ngabelehem, aya rasa era. Budak angger ceurik malah tambah tarik. 

"Enggal nenen, tuh aya si Emang. Sok yeuh, bade dipasihkeun ka si Emang." budakna kalah gigideug. 

Emod culang-cileung teu genah cicing, antukna pok nyarita, 

"Ceu, iraha dipasihkeunna? Rorompok abdi tos kaliwat ti tatadi..."
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment