Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Nganteuran



Ngarep-ngarep nu nganteuran. Lain ukur pepel timbelna, cikruh sambelna, seger lalabna atawa melenghir pais pedana. Aya émbohna. Imut manéhna. Sok siga nu disumputkeun. Tapi haté yakin: keur kuring.

Mimitina. Harita. Kuring kagok mojokan. Dicalukan dahar teu buru-buru hanjat. Nepi ka dua kali Ambu ngageroan.

"Tuang heula, Mang" cénah halon.

Paadu pelong, kuring reuwas kitu deui manéhna. Teu nyangka sakitu manisna. Sedeng manéhna ngarasa dosa meureun nyebut 'Mang'. Ngadilak kawas nu ngupahan terus tungkul. Teu wawuh.Teu katéwak imutna mah. Ukur sésa kempotna. Budak Abah karék lulus masantrén, ceuk Mang Maman batur nyeblok.

Inget wé teu jongjon dahar téh. Asa hayang ngalingling ngadeuleu maling waé. Ngarasaeun sigana. Manéhna ngoléséd. Ngundeur jaat. Meuni asa dipegat karesep. Dahar jadi teu mirasa. Tungkul hanjelu. Ari pas cengkat ninggang manéhna keur mencrong. Najan imutna bangun asa-asa. Sihoréng... ceuk haté.

Ka dituna sok élékésékéng. Mun geus pecat sawed, wayahna datang nu nganteuran, teu sirikna unggal nu rentang-rentang disidik-sidik.

"Sabar. Sakeudeung deui," ceuk Mang Maman bari nyikikik. Kuring nyenghél asa katohyan.

Tapi ari geus datang mah, kuring sok api-api nyilib. Menerkeun kokocoran. Nyocokan liang keuyeup. Hayang digeroan.

Manéhna nyampeurkeun. Kalékéd. Matak geregeteun.

"Kénging belut?" cénah. Lamun teu kitu, "Cios nawuna?"

Song bungkusan daun cau eusi impun atawa turiang tiiran belut diasongkeun bari ngeunteung dina beungeut cai.

Dahar téh sok nyalingker tukangeun saung nyérangkeun manéhna anu ngundeur jaat, katopés, atawa céngék nu ngajajar sisi balong.

Nganteuran jadi cukang lantaran nyambungna dua haté. Abah jeung Ambu bangun anu surti. Mang Maman sok sindir sampir. Nepi ka datang samagaha.

Hiji poé Adén ngalanglangan. Sisinarieun. Ninggang manéhna keur ngundeur surawung. Kabéngbat ku kempot pipina, cénah siga liang undur-undur. Pok deui-pok deui naléngténg.

Abah sareng Ambu da puguh pangawak panyawah teu wasa ngorétkeun. Kuring komo ukur tukang buburuh. Piraku.

Matak basa Adén sumping sareng Juragan, Abah tibang ngarérét ku juru panon ka kuring nu pageuh nyekelan kampak. Tipepereket.Teu kanyana. Naha ménta hampura atawa tanda pasrah teu walakaya.

Kampak diheumbatkeun satakerna. Suluh bencar, haté peuray.

Anu nganteuran Ambu deui. Manéhna mah tinggal nunggu Rayagung cénah. Tara diarep-arep. Tara pirajeunan néwak belut anu ngaburingkal ku singkal atau kakeduk pacul. Tara nawu dina kokocoran.

Timbel, sambel, lalab, pais peda disurawungan sarua. Tapi béda. Taya émbohna. Dahar angger tukangeun saung tapi ka ditu ayeuna mah melong téh. Ka gunung nu alak paul. Kana méga nu ayang-ayangan. Melong kosong ngawawaas manéh. Nganteur panineungan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment