Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Tarumanagara, Karajaan Gede di Nusantara (III)

Ku: Drs. Asep Idjuddin

Sang indrawarman wafat taun 515 M,diganti ku Candrawarman, raja kagenep Tarumanagara, marentah salila 20 taun, (ti 515-535 M).  Candrawarman dibere gelar nobat, Sri Maharaja Candrawarman Sang Hariwangsa Purusasakti Suralagawagengparamarta.  Sabage raja ka genep, Candrawarman kawaris katengtreman jeung karaharjan rahayat (kretasubhika), inyana raja nu jembar panalar, jembar hampura. Toleransi agama dilegaan kana pamarentahan.  Pikeun meungkeut raja-raja daerah, sangkan satya, carana ku dibere kapercayaan nu leuwih gede pikeun ngolah nagarana sewang-sewangan (otonomi daerah).

Pamarentahan di unggal daerah dipasrahkeun ka turunan anu hak, dasarna kasatiaan ka Tarumanagara. Katerangan dina Jawadwipa parwa I sarga 3 kasebut, nembongkeun yen pamarentahan "tangan besi" jaman Purnawarman geus ditinggalkeun.  Ieu ge jadi indikasi yen situasi politik jaman Candrawarman stabil. Maharaja Candrawarman ngarundaykeun tilu putra saurang putri. Nu cikal Suryawarman, engkena jadi raja ka tujuh. Nu kadua Mahisawarman, engkena jadi mentri utama Tarumanagara, nu katilu Sang Matsyawarman jadi panglima pasukan laut (senapati sarwajala).  Nu kaopat Dewi Bayusari, ditikah ku putra mahkota karajaan Pali (pernahna di Sumatra bagian tengah kaler. Taun 676 M, kulawarga Karajan Pali ngungsi ka pulo Bali, sabab diserang ku Sriwijaya (Pustaka Nusantara, parwa 1 sarga 3).

Sawafatna Candrawarman, korsi karajaan dipasrahkeun ka Suryawarman, kalawan gelar wisuda na, Sri Maharaja Suryawarman Sang Mahapurusa Bhimaparakrama Hariwangsa Digwijaya. Nyakrawati bahudenda salila 26 taun, ti 535-561 M. Pancenna neruskeun galur ramana, pamasrahan pamarentahan raja daerah ka turunanana dilegaan. Suryawarman ninggalkeun prasasti batu di wewengkon Pasir Muhara-Cibungbulang- Bogor, sisi sawah kira 1 kilometer ti prasasti Purnawarman.  Eusi prasasti mangrupa inkripsi 4 jajar. 

Bacaanana (ceuk Bosc):

Ini sabdakalanda rakryan juru panga 
mbat I kawihaji panyca marsa 
ndesa barpulihkan haji su 
nda

Tarjamahna: Ieu tanda ucapan Rakryan juru Pangambat dina (tahun saka) 458 (yen) pamarentahan daerah dipulihkeun ka raja Sunda. 

Ngeunaan daerah atawa desa Sunda nu kapanggih dina katerangan pustaka Jawadwipa, parwa 1 sarga 3 kaca 79, basa nyaritakeun Maharaja Tarusbawa, dina taun saka 592 = 670 M ngaganti ngaran Tarumanagara jadi karajaan Sunda. Disebutkeun yen, "Telas karuhun wus hana ngaran desa Sunda tathapi ri sawaka ning raja Taruma. Tekwan ring usana kangken ngaran kitha Sundapura. Iti ngaran purwaprastawa saking Bhratanagari" (Satemenna baheula geus aya ngaran daerah Sunda tapi masih ngaub ka karajaan Taruma, dina mangsa baheula dingaranan daerah (kota) Sundapura, ieu ngaran teh asalna ti India).

Dina prasati tambaga ti Kabantenan, abad 15/16, daerah/desa Sunda teh disebutna Sunda Sembawa (Sunda nu asal), ieu prasasti teh ngondang dua panalek nu can kajawab; kahiji, naha mungkin, di jaman Suryamarman, ibukota Tarumanagara geus dipindahkeun,henteu di Sundhapura deui? Ka dua, Naha prasasti ngeunaan pamulihan pamarentahan ka raja Sunda, bet aya di kampung Muhara, padahal Sunda Sembawa, atawa Sundhapura, kuat disangka, aya di wewengkon basisir Bekasi?. Eta dua panalek payus diasongkeun, sabab kampung Muhara, tempat kapanggihna sababarahiji prasasti Purnawarman, baheulana urut karajaan Pasir Muhara, bawahan Tarumanagara.

Perlu dikanyahokeun, ciri Tarumanagara karajaan gede, aya 46 karajaan leutik nu aub, nu lega wewengkonna mimiti basisir Lampung, nepi ka Kali Serayu, Jawa tengah, tur dibere status nagara bagian, hartina boh raja-rajana, boh sistim pamarentahan, teu bina ti otonomi daerah kiwari. Karajaan kasebut, di antarana; Salakanagara, Cupunagara, Nusa Sabay, Purwanagara, Ujung Kulon, Gunung Kidul, Purwalingga/Purbalingga, Agrabinta, Sabara, Bumi Sagandu, Paladu, Kosala, Legon, Indraprahasta, Manukrawa, Malabar, Sindang Jero, Purwokerta, Wanagiri, Galuh Wetan (Purwagaluh), Cangkuang /Kendan (Nagreg), Sagara Kidul, Gunung Kubang (Kubang Giri), Gunung Cupu (Cupugiri), Alengka, Gunung Manik (Manikparwata), Salaka Gadang, Pasir Batang, Karang Sindulang, Gunung Bitung (Bitung Giri), Tanjung Kalapa, Pakuan Sumurwangi, Kalapa Girang, Tanjung Camara, Sagara Pasir, Rangkas, Pura Dalem(Purwakarta), Lingga Dewa, Wanadatar, Jati Ageung, Setyaraja, Wanajati, Dua Kalapa, Pasir Muhara, Pasir Sanggarung, jeung Indihiyang.

Tarumanagara di bagi dua 

Suryawarman, raja Tarumanagara ka tujuh, wafat taun 483 Saka (561 M.), sabada ngawasa 26 taun, turunan Suryawarman aya tilu, nu cikal Kretawarman, nu kadua Sudawarman, jeung saurang putri, Tirtakancana, nu kawin ka Maharesi Manikmaya, raja Kendan. Kretawarman ngadeg raja taun 561 M – 628 M. raja Tarumanagara ka dalapan salila 67 taun. Taun 565 M. Kretawarman ngirim utusan ka Cina. Di tengah-tengah laut Cina, kapalna ditarajang bajak laut. Tangtu kajadian perang, untung harita datang kapal Cina, nu memang ngahaja mapagkeun. Para bajak laut, paeh kabeh, kapalna di duruk ku tentara Cina. Mayitna ditumpukeun dina galadag kapal. Kapal Cina ngawal kapal Taruma nepi ka nagara Cina. Jaba ti kitu, Kretawarman ngirim utusan ka nagara-nagara di India; Syangka, Yawana, Campa, Kamboja, Sopala, Gaudi (Bengala), Mahasin (nurutkeun Pustaka Nusantara parwa I sarga 3, Mahasin engkena jadi Tumasik Singapura ayeuna-, basa diserang ku Sriwijaya, kualawarga karajaan Mahasin, ngungsi ka Banjar, di Kalimantan kidul)., Semenanjung, Singanagara, jeung karajaan sejen di Nusantara.

Permaisuri Kretawarman, putri kulawarga Calankayana, istri nu kadua, Satyawati. Ti duanana teu bisa mere turunan, sabab Sang Maharaja mandul. Tapi Kretawarman, ngukut anak nu dianggap anak pituin (swaputra), dingaranan Brajagiri. Ceuk beja, Brajagiri teh anak tukang suluh (wwangamet samidha). Nya kitu deui Dewi Satyawati, cenah mah, ngaran kolotna Ki Parangdami jeung Nyi Sembada, padumukanana deukeut walungan Candrabaga (Bekasi) boh Brajagiri atawa Satyawati kaasup kasta Sudra. Kageulisan Satyawati, ngelehkeun prameswari. Matak Satyawati leuwih dipikanyaah, nepi ka Satyawati nu tadina selir, diangkat jadi istri resmi (pinakastri). Eta sababna Kretawarman dianggap ngalanggar adat. Sabab awewe Sudra, teu meunang jadi istri raja (binihaji), luyu jeung adat, kuduna Kretawarman turun, alias lengser tina kalungguhan raja. Tapi kabuktian yen Kretawarman mampuh nyakrawati, ngabahudenda salila 67 taun. Kabeneran harita Sudawarman keur maguron di India, calon maharesi.

Brajagiri dijenengkeun jadi senapati ku Kretawarman, puguh we jadi nimbulkeun pasirikan. Pangkat senapati dicekel Brajagiri nepi ka Sudawarman di jadi raja ngaganti Kretawarman nu wafat. Sudawarman di wisuda tur dileler gelar Sri Maharaja Sudawarman Mahapurusa Sang Paramartaresi Hariwangsa, nyakrawati jadi raja Tarumanagara ka salapan, salila 11 taun ( 628 M – 639 M). Kulantaran ti burey keneh, cicing di Kanci wewengkon Palawa, wajar mun prameswari Sudawarman, adi Mahendrawarman, raja Palawa. Tina ieu perkawinan lahir Dewamurti, nu diurus ku nini pihak indung, di India.

Dina mangsa pamarentahan Sudawarman Tarumanagara geus mimiti nyirorot, Sabab ngadeg karajaan-karajaan sejen anu potensina leuwih gede pikeun mekar. Di Tatar Taruma wetan-kidul, ngadeg karajaan Galuh. Wretikandayun naratas ieu karajaan ti taun 612 M. Wretikandayun teh incu Titrakancana, adi teges Kretawarman jeung Sudawarman. Di Jawa Tengah, muncul karajaan Kalingga, 632 M.- 648 M., nu sosobatan jeung karajaan Cina. Rajana , mitohana Ratu Shima (saurang ratu nu ngawasa, nu nepi ka ayeuna kanyahoan ngaliwatan beja ti Cina). Raja Kalingga wafat taun 648 M. diganti ku putra mahkota, Kartikeyasinga nepi ka taun 674 M. inyana wafat diganti ku istrina, nya eta Ratu Shima nu marentah ti taun 674 M – 695 M. Di Sumatra, muncul puluhan karajaan-karajaan leutik nu jadi dua kolompok. Beulah kaler tunduk ka karajaan Pali, di Beulah Kidul tunduk ka karajaan Melayu, nu puseurna di Palembang. Sriwijaya harita mangrupa Karajan leutik di Jambi dina auban karajaan Melayu. Karek dina taun 670 M, Sriwijaya nguliat hudang bari ngawasa karajaan-karajaa sejen di sabudeureunana.

Sawafatna Sudawarman, Dewamurti dijungjung lungguh jadi raja Tarumanagara ka sapuluh,Kalawan gelar nobat, Maharaja Dewamurtyatma Hariwangsawarman Digwijaya Bimaparakrama. Beda jeung ramana nu sabar tur mibanda budi nu luhur, Dewamurty tabeatna kasar. Teu boga rasa nyaah jeung karunya. Nu pangheulana keuna ku kakasaran Dewamurty, nya Brajagiri. Nu lain wae ditindak, tapi dihina jeung diwiwirang. Pangkat Brajagiri diturunkeun tina Senapati, jadi pupuhu regu gulang-gulang (hulu ning wira kanista) nu ditugas ngajaga lawang saketeng. Tangtu Brajagiri nyeri hate, ngan kulantaran inyana gegeden, teu kaciri ku batur. Pangna leuwih nyeri hate, sabab beja yen Brajagiri kaum Sudra, digegedekeun. Tur teu meunang pangkat Senapati dicekel ku kaum Sudra. Brajagiri dianggap jadi bahaya panghareupna (kawilang sang mahabahaya).

Tindakan Dewamurty jauh tina sikep satria. Brajagiri diasingkeun tina kulawarga karaton, nu ku inyana diteuleuman ti leuleutik. Untung Brajagiri kungsi dididik ku Sudawarman, nepika hatena lemes. Manehna teu ngawangun kelompok, teu mepek balad, tapi sgalana dipilampah ku sorangan, teu ngalibetkeun batur. Ahirna Brajagiri bisa nelasan Dewamurty, bari teu kanyahoan. Salahna bet tuluy ngalolos ti karaton, nepi ka nu sejen curiga. Lacak Brajagiri di hiji leuweung, kapangih ku Nagajaya, raja Cupunagara, minantu Dewamurty. Dina tarung patutunggalan, di jero leuweung, Dewamurty palastra. Nagajaya teh salaki Dewi Mayasari, turunan Dewamurty nu cikal. Nagajaya diwisuda jadi raja tarumanagara nu ka sawelas, make gelar Maharaja Nagajayawarman Darmastya Cupujayasatru. Marentah salila 26 taun (640 M - 666 M.) Astuwarman, adibeuteungna, dijungjunglungguh jadi purohita (pandita agung karaton). Karajaan Cupunagara, diserenkeun ka adi Nagajaya, nya eta Prabu Jayaguna.

Sanggeus Nagajayawarman wafat, nu ngagantina putra cikal, nya eta, Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirtabumi, jadi raja Tarumanagara ka duawelas, ti taun 666 M - 669 M. Permaisurina, Dewi Ganggasari, putri Prabu Wisnumurti (raja kasawelas) ti Indraprasta.  Turunan Linggawarman aya dua, nu cikal Dewi Manasih, nu kawin ka Tarusbawa ti karaton Sunda Sembawa. Nu bungsu dewi Sobakancana, kawin ka Sri Jayanasa, raja Sriwijaya. Linggawarman marentah salila 3 taun, inyana wafat. Gantina nya Tarusbawa, kalawan gelar nobat, Maharaja Tarusbawa Darmawaskita Manumanggalajaya Sunda Sembawa. Marentah salila 54 taun (669 M-723 M.). 

Tarusbawa boga cita-cita hayang malikeun deui kajayan Tarumanagara, kawas Purnawarman di Purasaba. Eta sababna dina taun 670 M. Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan tina Tarumanagara, jadi karajaan Sunda. Ieu hal jadi kasemepetan hade keur Wretikandayun, nu hayang ngabebaskeun Galuh ti Tarunagara, jadi nagara merdeka. Inyana ngirim surat ka Tarusbawa, sangkan karajaan dibagi dua, watesna Citarum. Ti Citarum ka kulon, nepi ka basisir Lampung wewengkon karajaan Sunda, nu puseur dayeuhna di Sundhapura (Bekasi), ti Citarum ka wetan nepi ka kali Serayu, karajaan Galuh atawa Parahyangan, nu puseur dayeuhna di Kawali. Tarusbawa nu miboga watek resep-damey, embung aya pacogregan, katambah, antara Tarusbawa jeung Wretikandayun, sarua pada-pada buyut Suryawarman, raja Tarumanagara ka VII, Tarusbawa nyatujuan kana maksud Wretikandayun. Eta kajadian masih keneh dina taun 670 M. sababaraha bulan sabada Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan.

Dicutat ti Grup FB Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment