Dina hiji waktu, kuring ngalalana ka hiji lembur anu teuing dimana. Wanci ampir meh peucat sawed, karasa panas asa moreret pisan. Sidik lembur anu keur disorang teh deukeut ka laut.
Teu lila ngong adan ngageuroan, laju weh neangan tajug, terus salat lohor heula bari niiskeun awak. Sabot salat, ubral obrol jeung budak ngora anu sarua tas salat.
"Kumaha kang, rame bulan puasa kamari, didieu ...?," kuring tumanya.
"Rame kang, malahan aya anu matak gudjrud salelembur ear sajajagat," jawab si budak ngora.
"Naha kumaha kitu ...?" ceuk kuring panasaran.
Torolong we si akang teh ngadongeng, kieu dongengna:
Dina hiji peuting wanci rek tarawehan, brul we arasup ka tajug leutik. Ma'lum di lembur, euweuh masigit agreng jiga di kota (bari lowong bae ge :)). Sabot arasup kurunyung we imam tajug datang.
"Ujang nyai, bapa ibu, pareuman we patromakna, hambur minyak, pok na," ceuk iman tajug.
"Naha mama?" reang naranya.
"Eh, ngarah husu," tembal imam.
Caritaan imam digugu. Salah saurang budak ngora mareuman eta patromak. Deur we tarawehan. Orokaya tajug teh poek meredong teu kaciri curuk-curuk acan.
Beres sarokaat, aya salah saurang budak ngora panasaran kunaon bet imam nitah mareuman patromak. Dasar budak ngora baong, kusiweul we manehna ngaluarkeun batre gede (senter). Barang disorotkeun ka hareup, barakatak teh seuri, lantaran ninggali imam keur nangkarak bengkang bari babacaan.
Paingan kudu dipareuman, singhoreng eta imam teh kamerkaan meureun basa buka loba teuing dahar kolek. Hehe.
Pangalaman Batara Kala
0 comments:
Post a Comment