Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Murag Sorangan


Emod teh bujang lapuk.  Kalakuana rada bangor ka awewe dagangan.  Ayeuna tamiang malik ka bitis, manehna katerap panyakit kotor.

Ti sababaraha urang Dokter ahli anu didatangan, hasilna tetep: bobogaana teh kudu diteukteuk.  Sanajan geus tatamba nepikeun luar nagri tapi nasib sial teu weleh nuturkeun.  Keukeuh sacara medis mah hasilna kudu diamputasi alias diteukteuk wae.

Tapi Emod teu pasrah kitu wae.  Manehna ngamimitian deui tatamba. Ayeuna mah ka Sinshe anu pangmashurna.  Ngahaja didatangkeun ti nagri China.

"Aya naon Ujang teh dugi ka manggil kuring jauh-jauh ti nagri kuring?" ceuk Shinse daria.

"Sinshe... Anjeun teh harepan hiji-hijina kuring. Kuring teh katerap panyakit aneh.  Ceuk sakabeh Dokter anu didatangan ku kuring, hasilna keukeuh yen bobogaan kuring teh kudu diteukteuk...!" Ceuk Emod ngalengis.

"Cobi ninggal heula," ceuk Shinse bari nitah morosotkeun calanana.

Sanggeus nempo bobogaan Emod, Sinshe langsung gogodeg bari ngagerendeng nyalahkeun kaputusan Dokter.

"Bener-bener Dokter teh, bisana ngan saukur tuktak teukteuk wungkul!" cenah.

"Ah, syukur gustiiiii atuh lamun kitu mah...!" Ceuk Emod teu sirikna langsung ngarangkul Sinshe.

"Ceuk sayah mah bobogaan Ujang teh teu perlu di teukteuk, da engke oge bakal... MURAG SORANGAN!!" ceuk Shinse tatag.

Emod Kapaehan.

Disarungsum ti postingan di Grup Salaka
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment