Kacarita di hiji desa, kuwuna ngagaduhan karesep nyaeta miara manuk.
Di imahna pinuh ku mangrupa-rupa manuk, di teras, di pipir nepika tukangeun imahna reuteum ku kandang manuk. Aya manuk muray, jalak, beo, crokcokan, piit, belekok, japati, tikukur jeung sajabana.
Hiji mangsa, pa Kuwu kaleungitan manuk nu pangmahalna. Manuk beo nu geus bisa ngomong. Pa Kuwu aya niat ngumpulkeun wargana pikeun nanyakeun saha-sahana nu kumawani maok manuk karesepna.
Isuk-isuk keneh warga sadesa eta geus ngarumpul di alun-alun. Ngong, pa Kuwu cumarita rek nepikeun nu dimaksud.
"Bapa-bapa, ibu-ibu saderek sadayana. Ayeuna sim kuring bade tumanya, saha anu ngagaduhan manuk?" kabeh bapa-bapa ngaracung.
"Tos, tos. Ayeuna saha anu pernah nempo manuk?" kabeh ibu-ibu pada ngacung.
"Aduh salah deui wae," pa Kuwu ngagerentes.
"Ayeuna saha nu pernah nempo manuk sim kuring?" para warga caricing kabeh, ukur bu Kuwu nu ngacung.
Pa Kuwu rurat-reret bisi aya wargana nu ngacung. Teu pati lila, ti tengah nu dariuk aya nu ngacung, bari pokna,
"Abdi kantos ningal, pa Kuwu," ceuk nyi Unah rangda panggeulisna, kituna teh bari buluham-belehem semu nu era.
Ti tukang aya nu nyelengkeung, "Abdi oge kantos." terus raeng bari ngaracung, aya kana sapuluhan mah nu sakabehna nu kacung teh rangda.
Nempo kitu, bu Kuwu kekerot bari ngajengkat ninggalkeun bale desa.
0 comments:
Post a Comment