Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kolécér



"Sarkam ngantunkeun," saur Ema.

Ramo anu keur ngudaran tali sapatu eureun. Melong kosong ka buruan.

Sarkam batur sakelas keur SD. Bajuna. Sendalna. Kantongna. Pamuluna. Sorot panonna. Némbongkeun ti kalangan mana manéhna.

Sarkam panggeuhgeuyan saréréa. Lamun talaran balik pangneurina. Maén bal, kasti, bébénténgan tara diajak. Rajeun miluan ukur ngiperan, ngajejegan. Béak dicarékan. Kuring anu sok ngabéla. Ngahuit babaturan ulah kamalinaan ngaheureuyan. Pareng istirahat, kuring anu sok pirajeunan maturan ngobrol handapeun tangkal bungur nempokeun anu keur ucing-ucingan atawa galah asin.

Hiji poé Sarkam jadi pamujian. Irungna rebéh. Basa nyieun karajinan tangan. Nu nyieun asbak tina taneuh angir. Nyieun kakapalan tina keretas. Sarkam nyieun kolécér leutik tina awi. Rautanana, surumbungna, malincangna alus kacida. Katebak angin ngahiliwir ogé muterna meuni lelet tarik. Ditagogkeun dina jandéla téh semu ngahiung.

Bubar sakola Sarkam ceurik eueuriheun. Kolécérna leungit. Patuduh-tuduh taya nu ngaku. Kuring melengek teu wasa mélaan. Puguh pangawak budak.

Pamit ka Ema rék ngalayad. Nyimpang heula ka warung cocooan sisi jalan.

Kasampak imahna tiiseun. Aya budakna wé duaan keur ulin ngadu jukut domdoman. Budak kacék sataun téh teu sirikna ngéngklak atoh dibéré momobilan jeung bonéka bérbi. Pencrongna nganuhunkeun. Embun-embunanana diusap. Indungna di Saudi cénah. Teu nungkulan basa bapana tilar téh. Teu diidinan ku dunungan. Kontrakna sataun deui.

"Di dieu sareng nini," ceuk lanceukna.

"Nuju ngaroroték ka kebon," adina nimbrung.

Kuring ménta dianteur ka makam.

Siga keur hirupna, makam téh rada nenggang. Bangun nyorangan. Brek kuring sideku. Tungkul. Taneuh beureum nu semu beueus diusap lalaunan. Kembang samboja anyar melak dibebenah. Teu kawawa.Tutunggul dipuntangan tipepereket. Ngeluk asa didakwa.

"Hampura, Kam! Urang anu maok kolécér téh...," kuring nginghak teu kaampeuh.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment