Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Mitembeyan Nyusu & Cisusu Indung


Aya tilu poko penting, malahan mah disebutna “poko emas” – golden standard, pikeun mere nutrisi nu hade ka orok , poko kahiji mitembeyan nyusu, poko kadua nyusuan eksklusif nepi ka orok umurna genep bulan jeung poko katiluna ti umur genep bulan nepi ka dua taun tetep nyusuan, katut ditambahan ku kadaharan nu ngarojong cisusu-Air Susu Ibu (ASI).

Geus tinggaleun deui waĕ... malah mah geus welasan taun tinggaleun tĕh..... Nagara - nagara maju mah geus ngalaksanakeun naon anu disebut INISIASI MENYUSU DINI (IMD), nyaĕta ngahaja “ngantep” orok anu kakara pisan brol dina dada indungna – IMD teh mitembeyan nyusu pikeun orokna, ngawanohkeun harita kĕnĕh anu jadi hakna, sakurang-kurangna sajam sanggeus brol, ngarah orok teh nĕangan hulususu indungna, terus nyusu. Lain sabalikna indungna nyusuan, ngasongkeun hulususu-pinareup ka orokna.

Dongĕng kageuingna mah, alatan para ilmuwan, ti Inggris nalungtik 10946 orok ti taun 2004, tanggal 30 Maret 2006, ceuk hasil para ahli tĕh diumumkeun yĕn orok kakara brol, nu lahir normal mun ditangkubkeun dina dada indungna, kanyataanana dina umur 20 menit geus bisa ngarayap kana pinareup indungna, umur 50 menit meunang hĕsĕ capĕ “nimu” hulususu indungna jeung geus bisa nyusu. Sacara rĕflĕks, naluriah sato-mamalia? 

Alm.H. Endang Saifuddin Anshary,MA taun 70an ngadosĕnan mahasiswa kedokteran UNPAD, jenatna nyebatkeun yĕn manusa tĕh “sato” nu sok tatanya. 

Mĕmang rĕflĕks mamalia.... urang ari nempo sato nyusu ka indungna mah teu anĕh, kari-kari ka jalma, naha jadi anĕh? Hal ieu dilantarankeun kateu-nyahoan urang kana gunana cisusu (ASI), hal ieu jelas ngaganggu “proses kahirupan”. Da ari sato/mamalia mah barang brol henteu dipisahkeun ti indungna, tapi naha ari jelema? 

Nepi ka danget ieu, “dunia kesĕhatan” masih kĕnĕh ngadoliman orok, ari sato mah jelas, anak maung contona, barang geus teu meunang sumber kahirupanana, cisusu maung, geus wa, moal kapuluk. 

Memang hal ieu teh masih jadi halangan, lantaran bĕda carana jeung nu sasari, orok tĕh dipisahkeun ti indungna, dimandian, ditimbang, diukur, kakara di-kaindungna keun. Sakuduna mah, barang brol teh langsung ditangkubkeun kana badan indungna. Memang orok kakara brol mah teu acan butuheun nyusu jeung dina awal-awal mah memang cisusu teh teu acan bijil. Aya , kaluar henteuna cisusu mah lain masalah, ngan, cik atuh bĕrĕ kasempetan keur orok pikeun nyusu kusorangan, salian kuantelna kulit orok jeung indungna, ngajadikeun perasaan adem tengtrem ka duanana...ngan hanjakal tacan sakabĕh kalangan mĕdik bisa ngabulkeun kahayang nu ngalahirkeun pikeun ngalaksanakeun mitembeyan nyusu, malah mah sok misahkeun orok ti indungna, padahal ku henteu dipisahkeunana jeung orok tĕh, mangrupkeun hak indung jeung orokna. 

Orok beureum nu kakara pisan brol, ngĕar, sanggeus tali udelna dipotong, awakna ukur dielap ku lawon haneut ku petugas mĕdik nu nampananana, orok tetep diantep sitaranjang, teu dibajuan heula, tetep masih aya vĕrnix casĕosa (zat mangrupa salep,tina protein jeung jaringan epitel, nu “mungkus” orok)dina awakna, langsung ditangkubkeun dina dada indungna anu ogĕ teu dibaju. Subhanallah, orok teh, eureun ngĕar, bangun nu nimat ngagolĕr, panonna sasakali muka. Leungeun jeung sukuna usik, obah maju ngarayap.....menit demi menit, naluri orokna nganteurkeun, ngabingbing ka tempat nu dituju....hulususu indungna, sungut orok muka jeung lĕtahna ngalĕtakan jeung ngarasakeun nimatna hulususu, nya terus langsung nyusu nepi ka waregna. 

Orok dihaja disina nĕangan hulususu indungna, biasana nĕangan tĕh aya kana satengah jam nepi ka sajamna. Mimitina mah cicing heula orok teh, ieu mangrupakeun waktu pikeun orok nenangkeun manĕh, lamun geus kolot mah ”reuwas kareureuhnakeun”, lantaran geus ngalakonan kajadian anu bener-bener matak reuwas, beda lingkungan nu sateuacanna di jero kandungan ayeuna di luar, di alam bĕbas.... geus kitu orok “nyium” leungeunna nu masih aya kĕnĕh bau-bau “kadaharanana” waktu keur aya dijero rahim indungna. Alatan ambeu, orok usik nĕangan hulususu indungna, orok “ngorondang”, ngarayap, ngĕsĕrkeun awakna, maju naĕk bari neueulkeun sukuna pas dina luhureun rahim indungna.

Ceuk rakana almarhum seniman Harry Roesli : dr.Utami Roesli,Sp.A.,MBA,IBCLC, ti Sĕntra Laktasi Indonesia, “Carana (orok) ngajejek (rahim indungna) tĕh, aya gunanana pikeun ngeureunkeun perdarahan dina rahim ibu”. Geus kitu orok, ngalĕtakan kulit indungna, harita kĕnĕh kuman-baktĕri “hadĕ”, anu teu bahaya, anu aya dina kulit indungna diteureuy ku orok, baktĕri ieu anu bakal ngajaga daya tahan orok – ngayakeun “kekebalan-kawedukan” pikeun awakna. Ngalĕtakan teh gumantung kana kabutuhan awak orok pikeun ngayakeun baktĕri nu aman jeung nu hadĕ. 

Dr.Utami oge nandeskeun,”Sanajan orok sitaranjang ogĕ, urang teu kudu hariwang orok bakal tiriseun, lantaran awak indung ngatur, ngabantuan ngahaneutkeun orok kusuhu anu pas, dada indung nu kakara ngalahirkeun, suhuna dua darajat Cĕlcius leuwih panas batan nu teu ngalahirkeun, jadi orok bakal tetep haneut, saupamana orok ngarasa panas, suhu dada ibu otomatis turun sadarajat Cĕlcius, hal ieu mangrupakan kaagungan Allah SwT, nu Maha Asih. 

Hal ieu diperlukeun pisan ku orok nu leutik, nu timbangana kurang, salian ti ĕta sora – keteg jajantung indung matak tenang, tengtrem jeung stabil ka orok, moal matak strĕss.”

Pikeun indung, sundulan sirah orok, leungeun jeung suku nu neueulkeun jeung kenyotan orok tĕh ngahudang jeung ningkatkeun produksi hormon oksitosin. Hormon ieu ngahudang rahim meureut ngaluarkeun bali sacara alami, jeung ngurangan perdarahan satutasna lahiran. Hormon oksitosin ogĕ ngahudang hormon-hormon sĕjĕnna ngarah ibu jadi tenang, rinĕh, ngurangan rasa nyeri, ngajadikeun perasaan “leuwuh nyaah” ka orokna. Barang tel – antel jeung orok, rasa nyeri alatan ngalahirkeun loba nguranganana, malah loba ibu-ibu nu nyebutkeun teu karasa nyeri keur di”kaput”. 

Salian ti hal nu geus disebut, nu penting hormon oksitosin, ngageuing – ngahudang jalanna – aliran cisusu tina pinareup kana sungut orok., nu bakal diteruskeun ku nyusuan ĕkslusif – pemberian ASI eksklusif – nyaĕta orok ngan ukur dibĕrĕ cisusu indungna nepi ka umur genep bulan teu ditambahan ku kadaharan sĕjĕn atawa diganti kususu sato. Sanggeus umur genep bulan kakara dibĕrĕ kadaharan jeung tetep nyusuan orok nepi ka budak umurna dua taun.

Nu penting tina mitembeyan nyusu tĕh, orok meunang “colostrum”, susu jolong, nu diurang mah sok dipiceun heula, padahal kolostrum teh ngandung zat antibodi, zat imunitas aktif jeung “protĕin protĕktif” nu teu aya dina cisusu biasa, nu penting pisan keur kahirupan awal orok. Ceuk dr.Utami deui, ”Sajam awal mitembeyan nyusu jeung nyusuan sacara ĕksklusif salila genep bulan geus nyalametkeun jeung nyĕhatkeun leuwih ti sajuta orok.”

Proses mitembeyan nyusu anu kurang ti sajam teh kudu dilaksanakeun heula, kakara hal-hal atawa prosedur “baheula” nu matak strĕss atawa matak “nyeri” ka orok, saperti nimbang, ngukur jeung ngamandian orok. Mitembeyan nyusu dilaksanakeun kasakumna orok, malah orok nu dilahirkeun ku cara operasi sĕsar oge bisa, jeung bisa nyusu sanggeus “bajoang” salila 70 menit. 

Ngan hanjakal, mitembeyan nyusu teh loba halanganana, alatan sosialisasi anu masih kurang kĕnĕh jeung promosi “ngalahirkeun henteu nyeri” mangaruhan minat ibu-ibu ngalaksanakeun mitembeyan nyusu, lantaran keur ibu dibius, orokna ngilu “tĕlĕr”.... jadi hese “neangan” hulususu indungna. Ceuk dr.Utami deui, “Kuduna mah para ibu terang yĕn rasa nyeri alatan ngalahirkeun euweuh hartina dibandingkeun jeung mangpaat mitembeyan nyusu....”

Halangan sĕjĕnna salian ti kolot urang, justru aya dikalangan mĕdis, teu sakabĕh dokter jeung rumah sakit bisa narima mitembeyan nyusu, lolobana mah melang, sieun orok asup angin, atawa ragrag, padahal kamelang ieu teu perlu aya, kapan orok jeung indungna ogĕ, masih “dalam pengawasan”. Salian tina hal nu geus disebutkeun , bapa orok ogĕ bisa nganteurkeun-nungtun orok kana hulususu indungna, tapi lain langsung ngasongkeun, bapana ogĕ bisa ngawaskeun sangkan orak ulah ngolĕsĕd atawa ragrag tina dada indungna.

Ceuk dr.Nurwansyah Sp.OG, dokter spĕsialis kebidanan ti RSAB Harapan Kita, Jakarta, “Nepi ka danget ieu masih loba halangan ti kalangan mĕdis...ngan lumrah di Indonesia mah, lantaran tacan ogĕ nanaon geus ditampik, bari teu diroris-roris acan kumaha mangpaatna...”. 
Indonesia tĕh teu kitu-kitu teuing tinggaleunana, tina 190 nagara di dunya, ngan 33 nagara nu nyaho mitembeyan nyusu nu bener. Dina sataunna di jagat ieu aya 4 juta orok nu maot, saupama tanaga kasĕhatan, para paraji jeung sakur nu nampanan lahirna orok mĕrĕ kasempetan ka orok ngalaksanakeun mitembeyan nyusu....sajuta orok bisa salamet jeung sĕhat....”

Sanggeus lancar, orok alus nyusuna, diteruskeun ku ASI ĕksklusif, nyaeta nyusuan wungkul, orok ngan dibĕrĕ ASI, teu ditambahan ku kadaharan atawa inuman sĕjĕn. ASI teh mangrupakeun kadaharan orok nu ngandung nutrisi jeung “ĕnĕrgi tinggi” nu gampang diancurkeun ku peujit / saluran cerna orok, ASI ngandung zat nu ngagampilkeun prosĕs ngancurkeun jeung nyerepna nutrisi pikeun orok. 

Dina bulan-bulan awal kahirupanana mangrupakeun bulan-bulan kritis , orok gampang katerap kasakit, ASI ĕksklusif nangtayungan, ngajaga kahirupan orok tina panyakit SIDS (Sudden Infant Death Syndrome, orok ujung-ujug maot), diarĕ jeung kasakit infeksi kuman pneumokokus (nu ngabalukarkeun radang bayah). 

Badan Kasĕhatan Dunya (WHO) nĕtĕlakeun yĕn ASI mangrupakeun hiji-hijina kadaharan orok nu nyayagikeun nutrisi jeung ĕlemĕn penting. Mangrupakeun kadaharan alamiah jeung pangidĕalna keur orok, nyusuan ku ASI cara nu taya tandingana pikeun mekarna jeung ningkatna kahirupan. ASI miboga faktor imunitas – “kekebalan” – kawedukan keur ngalawan panyakit. Faktor imunitas nu geus dikenal aya 50 na, malah bisa leuwih loba deui nu teu acan kanyahoan ku para ilmuwan ...Orok nampa faktor imunitas salila orok nyusuan, jumlah panglobana nyaĕta waktu keur nyusu ASI ĕksklusif. Waktu nyusuan mangrupakeun waktu pangpentingna pikeun indung jeung orokna, lantaran nyusuan ningkatkeun hubungan batin, hubungan ĕmosional, mĕntal jeung psikologi orok. Waktu cisusu ngocor tina pinareup indung, orok ngarasakeun nimatna kanyaah indung. 

Mangpaat ASI ceuk para ilmuwan Mc.Gill University, Kanada, nu nalungtik leuwih kurang 14000 barudak, nyebutkeun barudak nu umurna 6 taun nu keur orokna meunang ASI ĕksklusif, tĕs IQ na leuwih alus batan barudak anu teu meunang ASI. 

Risĕt nyebutkeun barudak nu meunang ASI, nu nerus nepi ka umur sataun angkana 5,9 leuwih punjul batan nu henteu meunang ASI, ditĕma ku para guru nu nyebutkeun kamampuhan akadĕmis barudak nu nampa ASI ĕksklusif leuwih pinter, leuwih punjul dina nulis jeung maca, lantaran ayana hubungan/interaksi verbal antara orok jeung indungna nu ningkatkeun kapinteran, ogĕ aspĕk fisik jeung ĕmosional. 

Risĕt eta nyebutkeun yĕn asam lemak nu aya dina ASI mampuh ningkatkeun kapinteran jeung kacerdasan saperti AHA, DHA, lactoferin, lutein kumplit lah. 

Ngaĕngkĕkeun mĕrĕ kadaharan “padat” ka orok tĕh, mĕrĕ kasempetan ka “sistem pencernaan orok” ngarah leuwih hadĕ jeung leuwih “kuat” deui nampa dahareun jeung ngancurkeunana. 

Ngurangan rĕsiko alĕrgi, ASI ngalapisan peujit tina hal-hal nu matak ngajadikeun alĕrgi sarta nyadiakeun “kekebalan pasif”, hal ieu nguntungkeun orok lantaran zat antibodi nu aya dina ASI bisa langsung asup kana getih orok, nu bakal ngurangan rĕaksi alĕrgi. Salian ti kitu ngajaga sangkan orok moal matak gendut (obĕsitas) ĕngkĕna. Kapan ayeuna mah aya istilah “gemuk belum tentu sĕhat”, nu sok dipikasieun ku sawatara kalangan masarakat “sieun kolĕsterol jeung sieun asam urat” tĕa... Orok nu gancang teuing dibĕrĕ kadaharan “padat”, ngabalukarkeun kandungan kadar gajih(lemak)na teh ningkat pisan jeung matak gancang gendut. 

Ngaĕngkĕkeun mĕrĕ kadaharan “padat” tĕh ogĕ ngajaga orok tina kurangna zat beusi, nyerepna zat beusi ĕfisiĕn pisan, orok nu meunangkeun ASI ĕksklusif, kandungan hĕmoglobinna normal, malah kadar hĕmoglobin na leuwih hadĕ batan bayi anu nampa ASI bareng jeung kadaharan “padat”, para ahli nyebutkeun ASI ĕksklusif ngurangan rĕsiko anĕmia (kurang darah).

Orok (sacara kajiwaan jeung sacara jasmani) geus siap nampa kadaharan “padat” antara umur 6-9 bulan. Biasana mah geus bisa diuk bari teu dibantuan,geus bisa neureuy - tara diburakeun, atawa geus bisa ruwal rawĕl bari teus dihuapkeun jeung orok teh semangat ari diajak dahar bareng ku kolotna.

Ari sateuacan umur 6 bulan mah, peujit orok tĕh teu acan bisaeun ngancurkeun protĕin, alatan tacan kumplit tacan cukup keur ngancurkeun, kukituna bisa jadi matak aya rĕaksi nu matak teu ngeunah ka orok, saperti matak kembung alatan loba gas lantaran salah pencernaan, hĕsĕ miceun, malah nepi ka teu bisa miceun, kadang-kadang aya kasus nu kudu dioperasi alatan kembung lantaran kadaharan nu geus diancur teh teu bisa didorong ku peujitna, teu jalan .... Dina umur 6 bulan ĕnzim pangancur karbohidrat, kakara nyaruaan “lĕvĕl orang dĕwasa”, jadi tacan mampuh ngancurkeun kadaharan nu “heuras”. Upama orok dibere kadaharan “padat”, nyatana mah tetep henteu ningkatkeun kadar nutrisi anu hade, malah ngurangan produksi ASI. Pikeun indungna, ngaĕngkĕkeun mĕrĕ kadaharan “padat” ka orokna teh ĕfĕktif nyegah kakandungan deui, utamana mah ASI ĕksklusif terus dilaksanakeun, ngarah teu gancang kakandungan deui.... 

Tapi keur nu jadi indung mah kadang-kadang sok loba kahariwang, biasana mah hariwang ku dahareun, naon pantangan nu keur nyusuan, kumaha mun gering atawa bisa henteuna ASI diawĕtkeun. Jelas nu keur nyusuan mah ulah ngadahar nu haram, jeung ulah ngaroko, komo kana narkoba mah... ari indungna gering, nya prak waĕ nyusuan mah lantaran dina pinareup teh aya “saringan” keur panyakit. Ari nu bisa jeung dijurungkeun keur didahar mah, nya jelas kadaharan nu matak sĕhat, malah mah nu keur nyusuan kapan meunang teu puasa... tapi bisa puasa.

Kahariwang sĕjĕnna mah kahariwang alatan iklan susu sato nu dijieun susu formula, malah aya nu nyebutkeun “nyaruaan ASI”, henteu bohong-bohong teuing, da nyaan saperti nyebutkeun “mengandung AHA, DHA, lactoferin, lutein jeung sajabana”....

Enya bener tapi ari ASI mah loba pisan ngandung AHA, DHA,lactoferin, lutein na oge keur manusa, asli manusa.... ari susu sato "sombong anu hayang disebut formula" mah, AHA/DHA oge keur anak sapi atuh. Salian eta ogĕ promosi susu sato sĕjĕnna mani mahabu, susu embĕ ettawa atawa susu kuda liar.

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment