Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Liga Tajil


"Kang, abdi gaduh tarucing. Katuangan naon anu populer dina sasih saum anu tiasa dijantenkeun judul lagu?" ceuk Guru Yaya mere tarucing ka Kang Suryana.

"Ih, naon nya? Da asa taya hubunganana kadaharan jeung lagu mah? Taluk ah,"

"Kolak,"

"Naha kolak?"

"Apan aya lagu Ruth Sahanaya anu judulna ... Kolak Segalanya," tembal Guru Yaya bari seuri.

"Eta mah kaulah atuh, lain kolak?"

"Apan diplesetkeun Kang,"

"He-he-he. Tapi bener ceuk Jang Guru, kolek teh mangrupa kadaharan anu populer pisan dina bulan puasa mah,"

"Leres pisan, Kang. Apan dugi ka ayeuna kolek lebet lima besar klasemen Liga Tajil,"

"Naon Liga Tajil teh, Jang Guru?"

"Liga Tajil teh sapertos Liga Sepakbola we, pertandingan antar katuangan anu favorit diangge tajil. Tah kolek teh Kang, posisina aya di puncak klasemen,"

"Urutan kaduana naon?"

"Urutan kaduana cendol, ditempel ketat ku bala-bala sareng gehu pedas. Saterasna, diluar dugaan aya pendatang baru anu nempatan posisi kaopat,"

"Naon pendatang baru teh ngaranna?"

"Seblak, Kang."

"Ha-ha-ha. Seblak mah kadaharan saderhana atuh, saukur kurupuk atah ditinyuh terus dibungbuan,"

"Leres Kang, tapi nuju naek daun seblak teh. Buktosna dina Liga Tajil ayeuna tos tiasa ngageser posisi sop buah,"

"Apan buahna hese jeung mahal meureun?"

"Tiasa janten kitu Kang. Saterasna aya kejutan, aya katuangan asing anu tos dinaturalisasi janten katuangan nasional nempatan posisi kalima,"

"Naon eta teh?"

"Korma, Kang. Disebat katuangan asing teh apan kawitna ti Arab,"

"Ha-ha-ha. Siga pamaen asing dina sepakbola, make aya istilah dinaturalisasi sagala. Eta kitu dumeh korma mah ceuyah dimana-mana, sok dibarawa ku jamaah haji minangka oleh-oleh mulang ti Mekah?"

"Tiasa janten kitu, Kang. Malih sok didamel tarucing, naon bentenna korma sareng Komar?"

"Yey, eta mah jorang atuh. Teu meunang ditarucingkeun dina bulan puasa?"

"Ih, henteu jorang Kang. Waleranana teh, korma mah sikina hiji, ari Komar mah tukang sound sistem,"

"Ha-ha-ha. Jadi salamet tah tarucing teh, henteu jorang. Saperti tarucing naon bedana soto jeung Siti? Jawabanana teh, soto mah kacangna loba, ari Siti mah nu dagangna,"

"He-he-he, muhun. Perkawis katuangan asing mah Kang, saleresna seueur anu tiasa diabenkeun dina Liga Tajil, mung teu acan dinaturalisasi. Kumargi kitu, nya lasut teu acan tiasa lebet lima besar klasemen,"

"Naon wae eta teh?"

"Sapertos pizza, hamburger, ramen, tomyam, hotdog, steak, sareng susi,"

"Ih, kadaharan nu ditataan bieu mah asa kurang pantes dipake tajil. Apan umumna kadaharan keur tajil mah anu amis-amis,"

"Sapertos abdi nya Kang, manis?" ceuk Ceu Ikoh, nu ujug-ujug norojol ti dapur. 

"Ha-ha-ha. Enya, da Ikoh mah bakat ku manis mindeng digembrong sireum. Nya rek ka mana, siga nu geus saged kitu?" ceuk Kang Suryana nanya ka Ceu Ikoh.

"Bade ka lapang heula, bade meser cendol kangge tajil," ceuk Ceu Ikoh langsung pamitan. Leos muru lapang, da di dinya loba nu dagang rupa-rupa kadaharan.

"Dina emprona mah Jang Guru, kabiasaan tajil teh geus ngalantarankeun ningkatna ekonomi masarakat. Sok we titenan, dina waktu geus nyedek ka magrib, dimana-mana loba nu daragang kadaharan pitajileun. Payu-payu wae daragangna teh,"

"Leres Kang, mung aya hiji kaanehan. Muhun perkawis cendol, naha sadaya cendol nu didagangkeun namina teh bet Elizabet? Sanes di Bandung wae, dalah di Tasik, Ciamis, Kuningan, Bogor, sareng kota-kota sanesna di Jawa Barat, namina teh sami cendol Elizabet,"

"Ih, apan nurut buat kana cendol anu pohara populerna di Bandung. Asalna eta tukang cendol teh teu dingaranan, ngan lantaran dagangna hareupeun toko tas Elizabet di jalan Otista, nya ku nu meuli sok disarebut cendol Elizabet we. Biasa di urang mah, lamun aya tukang dahareun sukses, sok ditarurutan. Kumaha we kiripik Ma Icih, apan aya sainganana kiripik Bukan Si Ema. Moal boa ka hareupna bakal aya deui kiripik Ma Icih Malik Teu Suka,"

"Ha-ha-ha. Leres, Kang. Mung upami nyarioskeun cendol, abdi mah janten emut kana dongeng nu ngantri cendol Elizabet tea,"

"Kumaha dongengna, Jang Guru?"

"Kajantenanana di tempat icalan cendol payuneun toko tas Elizabet di jalan Otista tea. Apan di dinya mah nu meserna seueur, janten kedah ngantri. Hiji mangsa, dina waktos tos ngahaeub ka magrib, nu ngantri cendol masih keneh panjang. Kumargi hoyong enggal, aya jalmi anu ngantri pangpengkerna nyelendep, ujug-ujug janten pangpayunna. Basa ku nu dagang cendol digeunggeureuhkeun yen nu nyele mah moal diladangan, eta jalmi teu nampi, pok ngawaler yen sanajan manehna nyele angger we pembeli mah raja. Ku tukang cendol diwaler deui, ma enya aya raja meuli cendol?"

"Ha-ha-ha. Mun enya ge raja palay cendol, apan bisa nitah Paman Lengser, atawa delivery nya?" 

"Leres, Kang. Sami sareng Akang, abdi ge resep pisan kana cendol teh. Numawi sok ngadunga, mudah-mudahan cendol tiasa ngageser posisi kolek janten urutan kahiji klasemen Liga Tajil,"

"Nya urang dungakeun we ku sarerea, muga-muga Liga Tajilna ulah nepi ka dibubarkeun," ceuk Kang Suryana bari seuri.

(Dimuat dina Galamedia, Salasa 23 Juni 2015)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment