Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Étika Kapamingpinan Sunda

Ku: Dede Kosasih

Kecap etika (ethica) téh asalna tina kecap basa Yunani ethos, nu pihartieunana nya éta hal-hal anu pakuat-pakait jeung kahirupan batin atawa moral. Jadi nu dipimaksud ku kecap etika téh nya éta filsafat ngeunaan moral atawa pandangan nu aya patalina jeung moral anu hadé.

Kapamingpinan, kiwari nu nelah leadership téa, maksudna taya lian iwal ti gambaran tina sikep pribadi hiji jelema dina mawa nu jadi asuhanana (kolompok pribadi-pribadi atawa kolompok sosial) enggoning ngudag hiji tujuan nu jadi sasaranana.

Sunda mangrupa hiji bagian ti Indonesia, boh sacara bangsa boh sacara patria, nu mibanda sajarah kamekaran kahirupan sacara mandiri, nepi ka natrat ciri mandirina dina kabudayaan, kasenian, basa, adat-istiadat, nya kitu deui pandangan hirupna kalawan geus gumulung jadi hiji jeung sakuriling bungking alam nu jadi bali geusan ngajadina, nu diwangun ku hiji wewengkon nu tangtu tur jéntré wates-watesna. Ku sabab kitu mun urang boga karep rék niténan ethica kapamingpinan Sunda, sawadina wanoh heula tur paham enya kana sagala rupa nu dianggap hadé sacara moral nurutkeun pandangan hirup masarakat Sunda.

Etika kapamingpinan téh nyangkaruk dina rupa-rupa widang kahirupan, ti mimiti jero kahirupan rumah tangga (laki rabi), dina hirup kumbuh, di paguyuban-paguyuban kamasarakatan, kanagaraan, tug nepi ka médan laga.

Urang mimitian baé tina sajarah kahirupan Ki Sunda salaku gundukan masarakat. Nya ti saprak ayana gundukan manusa nu winangun masarakat éta pisan, mucunghulna pamingpin nu identitasna pangajén ti masarakat anu dipingpinna téh.

Minangka masarakat nu pacabakan utamana ngahuma Ki Sunda enggoning nyumponan pangupa jiwana téh hirupna teu weléh gugundukan turta salawasna teu dumuk di hiji tempat. Dina kaayaan kitu pisan saurang pamingpin téh dipikabutuh, nu jadi tujuan utamana nya éta sangkan bias mawa gundukan masarakat anu dipingpinna téa engoning ngahontal tujuan poko kalawan lungsur-langsar. Nya éta dina ngabedah leuweung geledegan anu saterusna dipaké geusan pihumaeun. Pikeun kaperluan éta sin u jadi pamingpin atawa keuna lamun disebut anu kapilih jadi pamingpin téh kudu bener-bener jalma anu gedé kasanggupanana sarta lébér wawanén palebah nyingkirkeun sagala rups rereged sarupaning lelembutan nu mangrupa sétan-siluman, duruwiksa jst, nu jadi pangeusi éta leuweung.

Kudu bener-bener apal tur telek kana kaayaan éta leuweung dutilik tina hadé goréngna tanah, hawa, waktu nu hadé pikeun dipelakan pare )ngahuma), nya kitu deui ngeunaan kaayaan caina anu puhara dipikabutuhna pikeun kaperluan sapopoé. Atuh dina kaayaan kumaha baé ogé kana sagala tindakan gundukan masarakat anu dipingpinna anu kapeto jadi pamingpin téh salilana kudu aya dina barisan panghareupna. Ngaluluguan jeung nalingakeun pagawéan sapopoé teu hadé ngandelkeun batur sanajan waktuna remen béakeun pikeun dipaké mujasmédi muntang-muntang ka Nu Maha Kawasa, nu dipalar sangkan gundukan masarakat nu aya dina pingpinanana téh meunang pangjaring, di sagigireun dirina sorangan.

Tina hal éta bisa dicindekkeun yén paminpin Sunda mah aya ti dituna kénéh mun seug dipilih ti antara gundukan masarakat ku gundukan masarakatna téh, kalawan kudu nyumponan sarat-sarat saperti kieu:

1. Mibanda élmu pangaweruh anu jembar, boh lahir boh batin, satuduh metu saucap nyata, jagjag waringkas, jangler turta témbong nyongcolang. Hal ieu perlu sangkan bias ngahontal nu jadi udagan.
2. Boga rasa cinta jeung gedé rasa tanggungjawabna, bersih, clik putih clak hérang, saucap saparipolah salawasna kaluar tina eusi hate nu pang jerona, henteu munapék, sarta sanggup jeung wani jadi cikal bugang demi kahontalna nu jadi udagan.
3. Méntalna beresih, luhur jeung hadé moralna, bias geusan picontoeun, kebek ku komara tur dipikasérab kunu dipingpinna.

Wewengkon leuweung nu ditaluaran, digarap dipaké huma padaleuman, sedengkeun nu jadi pamingpinna disebut Sembah Daleum. Hartina jalma nu dipuja-puja di wewengkon padaleuman. Tina kecap éta pisan tumuwuhna kecap Kanjeng Dalem, pangkat pangluhurna jero masarakat Sunda sabada sirnana nagara dina wangun karajaan.

Tina gambaran etika kapamingpinan Sunda nu geus kasabit tadi bisa kapanggih dina kahirupan masarakat Baduy kiwari.

Masarakat Baduy nu hirupna mencilkeun manéh, misang ti dunya modéren masih tetep kénéh dianggap tipeu tina system kahirupan masarakat Sunda tradisional-etis, ditilik tina kamekaran kapribadianana boh sacara individual boh social. PUUN mangrupa tipeu kapamingpinan nu kebek ku pangabdian sacara ritual, spiritual, moral, mental dina pacantélna salaku insan alami. Puun dina ngalaksanakeun pancénna satemenna ditumplekkeun geusan nyumponan darma bakti anu murni (pure), sagalana taya lian ngan pikeun bakorban. Teu kapikir saeutik ogé dina ingetan katut jiwa ragana patéah keur kauntungan pribadi.

Babarengan jeung girang serat sakur anu dipigawé jeung dipilampahna téh sagemblengna diabdikeun keur kapentingan umum. Digawé babarengan, sapapait samamanis jeung gundukan masarakat anu dipingpinna. Hasil panén diancokeun pikeun kaperluan saréréa. Nu jadi pamingpin teu nampa atawa nyéngsarkeun paleuleuwihna mangrupa naon baé. Kapeto jadi pamingpin téh lain keur dipaké agul, tapi dianggap hiji darma suci nu bakal nambahan beurat kana pangorbanan batin tibatan pikeun dipaké gumagah. Geusan neuleuman sangkan leuwih paham kana hakékatna, alusna pisan mah urang wanoh heula sarta milu ngarasakeun ma`na tina babasa, paribasa, katut sarupaning runtuyan kecap sabangsa éta anu aya patalina jeung sipat kapamingpinan anu étis, nu kiwari bisa kénéh kapanggih dina hasanah kasusastraan Sunda. Lantaran gelarna babasan, paribasa, katut kedalna rasa téh mangrupa éksprési jeung réfléksi tina kahirupan batin Ki Sunda atawa nu dijieun falsapah hirupna téa. Parandéné kitu kecap raja dina istilah basa Sunda, nuduhkeun jalma nu diugung-ugung tur nyumponan étika kapamingpinan sabagé raja, agung linuhung, turta pinandita, sabar adil palamarta, ngadék sacékna, nilas saplasna. Tina éta katerangan katangén yén raja agung téh nya éta anu luhung tur luhur élmuna boh lahir boh batin, kalawan sipat jeung tindakanana adil turta walatra.

Pinandita ngandung harti kandel imanna, ajeg dina pamadegan dibarengan ku kataqwaan anu kuat ka Nu Nyiptakeun. Boga rasa rumasa jeung tumarima ka Nu Maha Mulya. Jauh tina ieu aing, ngarasa punjul ti batur. Palias ngarasa “gedé”, sabab ngeunaan gedé-leutikna mah sagemblengna disérénkeun kana pangajén rahayatna sorangan. Salian ti éta ogé diébréhkeun yén hiji pamingpin téh ngabogaan sipat lantip, surti, binekas, wijaksana sarta berséka. Lantip hartina jauh tina sifat kasar, mun nyarita tara togmol. Biasana malapah gedang jeung diplomatis palebah ngayakeun tindakan jeung nembrakkeun pakarepan téh. Surti ngandung harti mibanda rasa jeung piker anu seukeut, gancang ngarti kana kahayangna masarakat kalayan bisa neuleuman kaayaan, ha lieu téh perlu minangka diagnosa sangkan bisa buru-buru ditéangan piubareunana, tanpa natambuh waktu jeung cara-cara nu teu puguh hulu-buntutna.

Binékas pihartieunana pinter, dina nyokot putusan teu weléh merenah baé tur gancang ngungkulan kaayaan. Wijaksana hartina pinter nangtukeun pilihan nu panghadéna tanpa réa nu kudu dikorbankeun. Berséka ngandung harti éta pamingpin kudu bébas tina rereged dunya.

Beresih, saeutik ogé teu kakeunaan ku rupa-rupa kokotor lahir batin nu tumiba kana pikiran, mental katut moral.

Ku sabab éta masarakat Sunda mah ngambeuan, kaagungan raja téh lain ngan nilik gumebyarna pakéan jeung hurung nangtungna korsi gading gilang kancana wungkul, tapi ditilik tina hakékat lahir batin anu kabulen ku sumorotna éta pakéan. Raja atawa pamingpin téh kudu saciduh metu, sakecap nyata. Hartina sakur anu dicaritakeunana téh kudu bukti luyu jeung kanyataanana, lain ngan réa catur tanpa bukur. Pamingpin mah pantrang ngalétak ciduh, maksudna sakur nu geus jadi putusan kudu dilaksanakeun, najan ngandung résiko anu teu dipiharep. Malah pikeun hiji raja mah naon baé anu dikedalkeunana téh mangrupa hokum anu sah. Ku kituna kudu “ambek sadu santa budi”. Saméméh ngayakeun tindakan téh salawasna dibeuweung diutahkeun heula, sanggeus ditimbang-timbang hadé goréngna kakara diputuskeun. Ninggang dina kacapangan, “ulah hawara biwir leuir pikir”, tapi kudu sabalikna ti éta. Adil katut kaadilan téh kudu lumaku keur saréréa kalawan walatra, kaasup pikeun dirina pribadi. 

Ku lantaran kitu kedalan “ratu tara muguran raja (ménak) tara ngarangrangan” ulah ngan ukur diinterpretasikeun ku sabab ningrat téh ngan kulantaran kakocoran wungkul, tapi nu kudu dititénan téh babakuna nya éta karakter, ahlak, kapribadianana atawa kaétikaan leadershipna anu awor jeung rahayat sacara hakiki, nepi ka gelar kedalan “susuk bendung, kepung maung, ménak (raja) kudu kapundayan”. Raja wijaksana jeung towéksa, rahayat babakti sacara satia turta buméla. Raja atawa Dalem dina mangsa katukang nya éta turun tumurun. Ngan baé nu jadi putra mahkota kudu ngalaman heula atikan anu kacida beuratna saméméh neruskeun jadi pamingpin. Di antarana kudu maguron di padépokan pikeun ngulik élmu kalahiran katut kabatinan, geusan marengan otak spiritualna ku élmu pangaweruh hasil tina ulikanana. Jeung anu pohara pentingna mah nya éta kudu ngalalana heula di saantéro wewengkon karajaan geusan niténan sacara langsung nasib rahayatna katut neuleuman naon baé anu jadi aspirasina. Cindekna, saurang pamingpin téh ulah jauh ti rahayatna. Demokratis dina sajero ngalayanan kahayang rahayatna. Bisa neuleuman katut ngjugjugan nu jadi unekunek rahayatna.

Henteu egois.

Anu katimbang luar biasa deui dina intisari étika kapamingpinan Sunda, yén Raja Sunda mah sabada ngécagkeun kalungguhanana téh sok terus miang pikeun tatapa di padépokan. Maksudna keur nebus dosa boh pikeun dirina boh pikeun rahayatna, tina sagala kaireug talingeuhanana salila ngadarma baktikeun dirina salaku pingpinan bok bisi kungsi ngarémpak aturan Pangéran. Mungguh agung étika kapamingpinan nurutkeun falsapah Sunda téh. Antara rahayat jeung rajana teu kahalangan ku tahta nu mibanda unak-anik protocolér.

Tapi ulah poho kana kalungguhan Ua Léngsér (Léngsér-lungsur-langsar-lingsir). Inyana pisan nu jadi cukangna antara Raja jeung rahayat, kitu deui sabalikna, Léngsér ngemban pancén pikeun ngalancarkeun hubungan timbal balik antara Raja jeung rahayat sacara langsung.

Sanajan dina pamaréntahan Raja sacara katatanagaraan winangun otoritér tapi ku jalan ngaliwatan Léngsér téa ahirna jadi demokratis, malah démokratis sacara langsung. Kusabab éta kalungguhan Léngsér dina komunikasi karajaan leuwih luhur tibatan mentri-mentri Raja.

Malah Raja ogé nyebutna téh mamang. Sok sanajan teu leupas sama sakali tina tatacara pamaréntahan feudal jeung colonial, tapi saenyana mah réa Dalem Sunda anu nyakrawati ngabahu dénda sacara wijaksana kebek ku étika kapamingpinan. Nu perlu dikanyahokeun, yén éta para Dalem ngamilik rajakaya anu lain saeutik, jadi sanajan réa ngaluarkeun harta bandana pikeun waragad demi seksésna dina sajeroning mingpin rahayat teu aagemblengna jadi momot pamaréntahna. Para gegedén mibutuh gandék katut badéga, kitu deui tanaga séjénna anu kudu diwaragadan tina pésak sorangan. Éta sababna baheula mah tara kacaritakeun aya Dalem di Tatar Sunda korupsi. Kuring mébérkeun conto di luhur téh, lain maksudna goong nabeuh karia. Lain rék nonjol-nonjolkeun Puunna, Rajana, Dalemna, pon pilalagih ngaluskeun jaman colonial atawa haying mulangkeun deui pangdangan hirup urang kana mangsa-mangsa katukang, ngan baé hakékat tina étika kapamingpinanana anu kudu dicukcruk téh. Lantaran berkah éta étika ka[pamingpinan, sajarah nyatet kajayaan Sunda baheula, nu geus nganteurkeun kana kaayaan urang kiwari, atuh tina hasil kaayaan ayeuna mangrupa dasar pikeun ngawangun mangsa nu bakal kasorang. (Di kiwari ngancik bihari, seja ayeuna sampeureun jaga).

Conto Étika Kapamingpinan

Minangka gambaran ngeunaan kawijaksanaan anu medal tina étika kapamingpinan, kapidangkeun sawatara hal anu kungsi dilaksanakeun kusaurang pingpinan daérah (Dalem) di Priangan Wétan. Kumaha baé pasang petana system feodalisme dina pamaréntahan colonial henteu miharep ayana tatali batin nu kuat tur raket antara rahayat jeung gegedén nu luhur kalungguhanana, sabab lamun kitu kajadianana bisa nginggeungkeun kakuatan kolonial.

Kalawan ngagunakeun rupa-rupa cara anu diantarana baé ku dilaksanakeunana system feodalisme anu keras, para inohong Sunda anu kaasup golongan élmuwan tur gedé komara di sina jauh ti masarakat, malah dijieun anak emas colonial. Ngan baé éta Bupati (Dalem) ngajalankeun kawijaksanaan anu unik. Anjeunna sering nguriling di saantéro wewengkon kabupatén pikeun ngadu langlayangan. Atuh tumplek, jelema téh lalajo. Dina kaayaan sarupa kitu, ku kawacisanana Dalem téh bisa nangenan tingkat karaharjaan rahayatna, tanpa kudu réa tatanya deui. Atawa ukur ngandelkeun laporan ti handap. Anjeunna ogé resep bubujeng ka leuweung, ngadon moro bagong. Maksudna aya dua rupa nya éta :
  1. Pikeun nangenan bok bisi réa kénéh tanah anu gamblung anu henteu dipaké keur kapentingan rahayat (tani)
  2. Leuweung geledegan dipiara sabab perlu keur kalangenan Dalem, nya éta bubujeng téa. Ku kituna sumberna cai henteu kaganggu.
Aya kénéh sababaraha rupa deui kawijaksanaan-kawijaksanaan anu dijalankeun ku Dalem Arif téh, tapi sakadar pikeun gambaran mah dua rupa éta ogé bawirasa geus cukup.
Hal éta perlu ditétélakeun malah mandar sugrining kawijakanana téh teu disalahtafsirkeun.

Kulantaran kawijakan téh mangrupa bagian tina étika kapamingpinan, nya éta cara anu kacida asakna, cara panghadéan demi kapentingan anu dipingpin. Sabalikna upama méré kauntungan semu ka nu diasuhna, anu dina hakékatna mah keur kauntungan pribadi, baris ngabalukarkeun ayana “suap-sogok”, jsté atawa kajahatan anu disimbutan séjénna.

Ogé perlu kamaphum ngeunaan kapamingpinan jero kolompok masarakat leutik saperti dusun/pakampungan. Rahayat ngangkat saurang pinisepuh diantara maranéhanana, nya éta jalma anu nyongcolang tina hal élmu pangaweruh lahir batin, gedé komara, mibanda moral anu hadé, walagri, tur taqwa ka Nu Kawasa, legok tapak genténg kadék, apal kana seluk belukna kahirupan di éta kampong, jsté. Eta pinisepuh mingpin maranéhanana sapopoé, ngatur jeung ngalaksanakeun adapt istiadat, ngajaga tata tertib, mutuskeun mun aya anu papaséaan antara batur salembur. Inyana sama sakali lain pajabat, digawé tanpa pamrih, tapi ngabogaan tanggung jawab anu gembleng kana sagala rupa kajadian di kampungna, boh ka luhur boh ka handap. Kaiklasan téh mangrupa hiji sarat anu utama dina étika kapamingpinan Sunda. 

Minangka contona, para pahlawan, para pejoang kamerdikaan urang nu geus ngalawa kana kakawasaanana kolonial, boh dina gerakan pulitik boh dina pangbarontakan fisik. Inyana ikhlas ninggalkeun kauntungan pribadi, kasenangan pribadi katut kamerdikaan pribadi. Tanpa kaiklasan jeung kayakinan, ahirna bakal ngajual rasa, sacara terang-terangan upama baé kélu nyorobot kalungguhan, sacara demit upama baé kélu ngagasab kakayaan nagara jeung rahayat keur kapentingan pribadi (korupsi). Étika kapamingpinan Sunda nu dijalankeun dina mangsa ngagolakna gerakan pulitik di lemah cai urang, contona nu kungsi diterapkeun ku salah saurang warga Paguyuban Pasundan, nya éta R. Oto Iskandardinata. Sajarah perjuanganana geus pada mikawanoh, ngan perlu dicatet téh nya éta:
  1. Anjeunna téh lébér wawanén, pantrang nyoréang ka tukang enggoning ngabéla kayakinan, sifatna bruk-brak tara didinding kelir, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, kusabab nawuku pikeun bajuang lain sakadar hayang kapaké (ngajilat). Lélétak jeung titip diri sangsang badan kacida dipantrangna.
  2. Anjeunna dina ngahontal cita-citana téh éstuning tunggul dirarud catang dirumpak.
  3. Dina ngajalankeun hiji tindakan anjeunna mancuh kana “Naon nu jadi kawajiban kuring di dieu” lain “Naon nu bakal nguntungkeun kuring di dieu”, jsté.
Sikep kitu téh henteu papalimpang jeung bagian étika nu disebut wijaksana jeung lantip, sabalikna cara pa Oto kaasup binekas, sabab apal kana waktu jeung lawan. Dina nyanghareupan pamaréntah kolonial atuh puguh baé kudu tandes, togmol, tanpa tédéng alingaling,dina perluna ngagunakeun basa anu karasana matak peureus, kitu mungguhing pamingpin anu binekas.

Geus dibébérkeun sababaraha conto katut pedaranana. Ngahaja teu dijieun kacindekanana, lantaran ieu mah maksudna sakadar pikeun pieunteungeun geusan picukcrukkeun, jeung saupama perlu bisa diturutan nu hadéan. Pék masrahkeun ka para nonoman kiwari, mana nu rék dicokot jeung rék kamana dibawana masarakat kapamudaan dina mangsa anu baris kasorang.

Ngan baé rék nandeskeun, sangkan henteu kapacikeuh ku rupa-rupa tipeu atawa system kapamingpinan kiwari, anu teu mustahil méngpar tina papagon tadi. Kitu deui kudu dibédakeun harti kecap pajabat jeung pamingpin. Pamingpin tangtuna baé nyangking jabatan, boh formal atawa informal, tapi can tangtu hiji pajabat mibanda jiwa kapamingpinan anu sajati.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment