Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kabogoh Jauh



Karek tilu bulan Ocid jeung Unah bobogohan, masih gede pisan rasa cinta maranehanana. Ma'lum jadiana anyar keneh. Hiji mangsa si Ocid diajang nyaba ka Jakarta ku mamangna, atuh nyi Unah asa leungiteun ditinggalkeun kabogohna teh. Unggal usik hayeuh neleponan, ngasms ka Ocid.

Isuk-isuk Unah nelpon,

Unah : "halow a Ocid, nuju naon? Tos sarapan acan?".
Ocid : "halow nyi, atos bieu sarapan".
Unah : "sareng naon sarapana?"
Ocid : "nasi uduk"
unah : " oohhh... Panginten teu acan. Nya tos pami kitu mah, bay bay... Mmmuaaach.."

Beurangna Unah nelpon deui,

Unah : " halau, aa atos tuang?"
Ocid : " atos bieu ti warteg"
Unah : " oohh.. Nya tos pami kitu mah, bay bay...mmmuaaach..."

Peutingna Unah nelpon deui,

Unah : " halauw, aa atos dinner?"
Ocid : " dinner teh naon nyi?"
Unah : " ih... Si aa mah teu apaleun dinner, makan malam aa..."
Ocid : " oohh... Alhamdulillah bieu ngagodog mie."
Unah : " naha ukur ninyuh mie? Sanes tuang atuh aa... Bilih nyeri patuangan, geura kaituh ka warteg meser sangu." 
Ocid : " naha unggal nelpon teh naroskeun dahar wungkul..?" Ocid ngarasa keuheul.
Unah : " bilih hilap kana tuang, engke aa teu damang, abi hawatos ka aa.."
Ocid : " KANA BARANGHAKAN MAH AING MOAL POHO, NU SOK POHO MAH KANA SHOLAT, Unaaaahhhh....."

Tit.... hapena dipareuman... Belewer dibaledogkeun ku Ocid...

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment