Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Aksara Sunda


Ku: Drs.Asep Idjuddin

Kaparigelan tulis-tinulis di Jawa Barat kanyahoan geus nyampak, ti mimiti abad ka 4, dina jaman Tarumanagara winangan prasasti. Ari tulisan anu mangrupa naskah mah teu kapanggih nu asalna ti mangsa Tarumanagara, antara abad ka 4 – nepi ka abad ka 7. Kakara kapanggih naskah tinulis ti sabudeureun abad ka 15 jeung abad ka 16 bahanna tina daun lontar/nipah. Naskah-naskah Sunda teu kapanggih nepi ka awal abad ka 20 (Ekadjati, 1997:2).

Aksara nu dipake di Sunda ceuk Prof.Dr. Edi S.Ekadjati (1997: 2-4) aya 6 rupa nya eta aksara Palawa, aksara Pra Nagari, aksara Jawa Kuno (Kawi), aksara Sunda Kuno, aksara Arab (Pegon), aksara Cacarakan (Jawa Sunda/Hanacaraka) jeung aksara Laten.

Aksara nu kiwari diwanohkeun, nya eta aksara Sunda buhun nu kapanggih ti komplek Kabuyutan Astana Gede, Kawali Ciamis. Eusina Wangsit Prabu Niskala Wastukancana Raja Sunda nu ngageugeuh Karaton Kawali (Surawisesa) nu nyakrawati ti taun 1365 – 1478 Masehi. Sarua jeung aksara nu kapanggih tina Prasasti/Piagam Kabantenan, Bekasi jeung Prasasti Batutulis Bogor (1533) nu dikaluarkeun ku parentah Sri Baduga Maharaja Raja Sunda nu ngageugeuh Karaton Pakuan Pajajaran (Jadi Pakuan Pajajaran lain ngaran karajaan , tapi ngaran karaton) nu nyakrawati salila 39 taun ( 1482 – 1521 M) Nu ceuk K.F Hoole (dina Ekadjati :5) modern schrift uit de Soenda-Landen et niet meer dan 1.500 jaaroud ngaliwatan naskah-naskan Lontar abad ka 16, tembong yen ieu aksara the geus meunang ngaropea (modifikasi) sacara anteb.

Nu jadi alesan pangna ieu aksara perlu dipikawanoh tur dipiara/dipake, sabab sanggeus ditalungtik (ngaliwatan Keppres No. 082/B/1991) di Nusantara kapanggih aya tujuh aksara (Ayatrohendi 1997 : 2)nya eta aksara Jawa, aksara Bali, aksara Sasak, aksara Batak,aksara Sunda, aksara Lampung jeung aksara Bugis. Saterusna, Prof Dr. Ayatrohendi nandeskeun yen aksara nu genep (6) geus rengse digarap, kakara ayeuna digarap aksara Sunda.

Dasar hukumna nu jadi tatapakan pangna aksara Sunda dimasarakatkeun sangkan dipikawanoh, nyaeta:
1. Kaputusan Presiden RI No.082/B/1991 ngeunaan Padoman Panalungtikan aksara Daerah.
2. Peraturan Daerah Tingkat I Jawa Barat No. 6/1/1996 ngeunaan Ngamumule Seni, Bahasa jeung Aksara Sunda.
3. Hasil kacindekan Lokakarya Aksara Sunda alpukah Pamarentah Daerah Tingkat I Propinsi Jabar, Fakultas Sastra UNPAD tgl.21 Oktober 1997, ngeunaan Ngamasarakatkeun Aksara Sunda ngaliwatan tilu jalur: Depdikbud/Dinas P dan K , Dinas Sosial jeung Dinas Pariwisata.
4. Surat Kaputusan Gubernur Jabar No. 434/SK 614-Dis. PK/99 tanggal 16 Juni 1999.
5. Perda Kota Bandung No.521 taun 2000 ngeunaan miara basa, sastra jeung bahasa Sunda. 

Dicutat ti Grup FB SALAKA
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment