Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Goréngan

Goréngan. Lain ngaran hiji kadaharan. Tapi ngaran jenis kadaharan. Disebut goréngan kusabab ngasakanana ku cara digoréng. Lain kadaharan husus bulan puasa, sabab dina luar bulan puasa ogé goréngan mah teu weléh aya.  Ngan sigana keur kalolobanana jelema, hususna urang Sunda, goréngan kaasup ménu wajib buka puasa salian ti kolek.

Disebut ngaran jenis kadaharan, kusabab loba rupana. Lain ngan ukur sarupa. Aya bala-bala, géhu, ciréng, comro, pisang jeung réa-réa deui.

Goréngan bisa ogé mun disebut kadaharan has urang Sunda atawa urang Jawa Barat. Sabab mun di daérah lain mah rada hésé mun hayang néangan bala-bala jeung baladna téh.
Lamun aya ogé, sok jadi béda tina bentuk, ukuran jeung ngaranna. Contona di Jakarta, bala-bala jadi bakwan. Géhu jadi tahu berontak.

Sok hémeng éta géhu disebut tahu berontak, naon nu baruntakna nya? Tahu? Éta geuning kalah ngahénén jeroeun tariguna. Togé? Sarua, kadon nyelegon jeroeun tahu.
Goréngan bisa jadi kaasup kadaharan buhun, sanajan teu unik kawas surabi. Pédah loba di mamana jeung lamun nyieun sorangan ogé gampang. Da sainget sorangan, bala-bala geus jadi jajanan matuh ti keur leutik. Teuing iraha mimiti ayana bala-bala jeung géhu jeung saha nu nyiptakeunana, sigana bakal hésé nyusudna.

Baheula mah keur leutik lamun jajan goréngan téh ukur bala-bala jeung géhu. Tuluy aya ciréng. Tah, ayeuna mah nu kasebut goréngan téh loba pisan rupana. Lamun ditataan jigana leuwih ti sapuluh rupa. Gumantung ka nu dagangna, ngan angger di mamana nu jadi kokojona mah, bala-bala, géhu jeung ciréng.

Sajaba ti ngalobaan rupana, aya ogé goréngan nu kakeunaan ku modifikasi. Nu pangheulana nyaéta bala-bala. Lamun urang jajan bala-bala nu dina gorobag, bentukna téh prah, buleud ramijud. Da mémang teu dicitak. Ukur disiuk ku séndok tuluy didémprakeun dina katél.

Tapi lamun meuli bala-bala di toko kuéh, bentukna téh buleud rapih, ngagulimeng. Da ngagorengna dicitak make sinduk. Tuluy rasana ogé divariasikeun, aya nu dicéngcléan hurang atawa sosis. Atuh hargana, tangtu leuwih undak batan bala-bala nu biasa.

Nu kaduana, ciréng. Ciréng nu asalna basajan, ukur tipung aci dibanjur ku cipanas, diuyahan tuluy digoréng bari wangunna sahayuna, teu dialus-alus, ayeuna mah jadi ciréng isi. Ciréng isi téh sarua bahanna mah jiga ciréng biasa. Ngan bentukna dicitak dialus-alus. Aya nu buleud ngagulimeng, nu siga béntang, nu siga bulan sapasi, jrrd. Tuluy dieusian, eusina rupa-rupa. Aya rasa ayam, sapi, baso, jeung sosis.

Nu katilu, géhu. Modifikasi géhu mah teu loba teuing. Nu katingali téh ngan ukur dina ukuranana. Ayeuna loba kapanggih nu dagang géhu ukuranana leuwih gedé ti nu biasana.  Atuh hargana, lamun anu biasa dijual limaratusan, ieu mah dijual sarébuan. Dina rasa, bédana loba géhu nu jerona dicéngékan, jadi géhu lada.

Mung kade seueur teuing nu goreng-goreng matak jadi jerawat!

Postingan Teh Aam Amarulloh di Grup FB Pustaka Sunda

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment