Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pantun

Pantun atawa carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.

Sajarah Pantun

Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesiantaun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.

Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

Pamirig

Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.

Pintonan

Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (2) pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.

Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku "rajah pamungkas".

Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.

Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.

Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

Daftar Carita Pantun:

1. Ciung Wanara
2. Lutung Kasarung
3. Mundinglaya di Kusumah
4. Aria Munding Jamparing
5. Banyakcatra
6. Badak Pamalang
7. Badak Sangorah
8. Badak Singa
9. Bima Manggala
10. Bima Wayang
11. Budak Manjor
12. Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
13. Bujang Pangalasan
14. Sunan Burung Baok
15. Buyut Orenyeng
16. Dalima Wayang
17. Demung Kalagan
18. Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
19. Gajah Lumantung
20. Gantangan Wangi
21. Hatur Wangi
22. Jaka Susuru
23. Jalu Mantang
24. Jaya Mangkurat
25. Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
26. Kidang Panandri
27. Kidang Pananjung
28. Kuda Gandar
29. Kuda Lalean
30. Kuda Malela
31. Kuda Wangi
32. Langga Larang
33. Langga Sari
34. Langon Sari
35. Layung Kumendung
36. Liman Jaya Mantri
37. Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
38. Malang Sari
39. Manggung Kusuma
40. Matang Jaya
41. Munding Jalingan
42. Munding Kawangi
43. Munding Kawati
44. Munding Liman
45. Munding Mintra
46. Munding Sari Jaya Mantri
47. Munding Wangi
48. Nyi Sumur Bandung
49. Paksi Keling / Wentang Gading
50. Panambang Sari
51. Panggung Karaton
52. Parenggong Jaya
53. Raden Mangprang di Kusumah
54. Raden Tanjung
55. Raden Tegal
56. Rangga Sawung Galing
57. Rangga Gading
58. Rangga Katimpal
59. Rangga Malela
60. Rangga Sena
61. Ratu Ayu
62. Ratu Pakuan
63. Ringgit Sari
64. Senjaya Guru
65. Siliwangi

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment