Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Batu Ali



"Pek ku maneh teundeun handapeun bantal, engke nu nyicingan ieu batu ali bakal ngadatangan ka maneh dina impian". Ceuk Bah Ohin ka Uned nu keur unggut-unggutan.

Singget carita, Uned sabada sholat maghrib geugeuwatan neundeun eta batu ali handapeun bantal, pikirna lamun diengke-engke bisi poho. Kabeneran harita teh peuting juma'ah. 

Kira-kira jam sapuluh peuting, kopi jeung udud geus erep jeung acara tipi karesepna geus enggeusan, Uned geus ngarasa tunduh. Sup Uned asup ka kamer, katempo Unah geus kerek da capeeun tadi beurang tas buburuh ngarambet di sawah ma Ocih. Goledag Uned ngagoledag, teu lila geus kadenge kerek tingsalegrek patembalan kadua salaki.

Isukna, jam 6 Uned kakarek hudang. Los ka pawon rek ninyuh kopi hideung, teu nitah Unah da keur popoe di buruan. Uned ngadaweung bari ngopi di teras imah nempokeun Unah nu keur popoe, can mandi-mandi acan da geus kabiasaan. 

Keur anteng ngopi, ujug-ujug korejat Uned ngorejat, berengbeng ka kamer ngawut-ngawut bantal, guguling jeung kasur oge dibalang-balangkeun. 

Unah nu geus rengse popoe, ngarasa reuwas ku kalakuan salakina. 

"Bapana, aya naon meni siga nu kasurupan ?". Unah nanya. 

"Lain Unah, maneh manggihan batu ali di handapeun bantal teu ?" tembal Uned bari angger ngawut-ngawut ranjang. 

"Geus dipiceun, bongana ngajungjurigan bae. Ti jam dua teu bisa sare" Unah ngajawab bari samutut. 

"Naha ari maneh, eta batu teh meunang meuli ti Bah Ohin, rega maratus rewu. Ari maneh ?" Uned popolotot. 

Unah teu eleh galak, gantawang Unah nyarekan salakina bari ngulang-ngulang sapu tabo, 

"Lalaki teu uyahan, wani-wani rek salingkuh ti Kami? Nu peuting kaimpikeun teh eta batu jang melet awewe deuleu. Matakna ku Kami dipiceun ka kebon, rek melet saha siah ?"
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment