Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ali Sadikin

Kenging Kang Djodi Prihatna

Gubernur manten DKI Jakarta anu dilandi Bang Ali pupus dina yuswa 82 taun. Salasa tanggal 20 Mei 2008 tabuh 17.30 di RS Gleneagle, Singapur, Letjen TNI KKO-AL (Purn) teh pupus sanggeus dirawat salila sabulan. Jasadna dipulangkeun ka Jakarta poe Rebo tabuh 7 waktu Singapur. Putrana, Boy Benardi Sadikin, nyarita yen jasad ramana rek dikurebkeun di TMP Umum Tanah Kusir, Jakarta, luyu jeung wasiat yen janasahna kudu ditumpangkeun luhureun makam istrina, Nani Sadikin. Cara ngamakamkeun kitu teh nurutkeun gagasan Bang Ali ku anjeun waktu mingpin Jakarta. Inyana konsekwen kana usulanana sorangan, ngingetkeun lahan di Jakarta beuki heureut. Bang Ali ngantunkeun 5 putra jeung 12 putu. Istri kahijina, Nani Sadikin geus ti heula ngantunkeun. Istrina anu kadua, nya eta Ibu Linda Syamsudin Mangaan.

Letjen TNI-KKOAL (Purn) H. Ali Sadikin nu biasa disebut Bang Ali narima Bentang Mahaputera Adipradana, lantaran gede jasana ka bangsa katut nagara, khususna enggoning mekarkeun kota Jakarta sangkan jadi kota Metropolitan. Presiden Soekarno ngangkat putra Sumedang nu dilahirkeun 7 Juli 1927 teh lantaran dianggap kopig alias merekedeweng. Inyana geus hasil mingpin lantaran bakatna anu keras tea. Bang Ali kaasup anu boga pokal pangwangunan Taman Mini Indonesia Indah, kaasup ngawangun Taman Ismail Marzuki, Taman Impian Jaya Ancol, Pekan Raya Jakarta, Gelanggang Mahasiswa, Gelanggang Remaja, Pusat Perfileman Usmar Ismail jeung sawatara wangunan anu ngandung ajen sajarah saperti Musieum Fatahilah, Musieum Tekstil, Musieum Keramik, Musieum Wayang malahan nya Bang Ali anu ngarobah deui kana fungsi asalna gedong-gedong nu ngandung ajen sajarah kayaning Gedung Juang 45 jeung Gedung Sumpah Pemuda.

Bentang Mahaputra Adipradana

Presiden Megawati Soekarnoputri ngaleler Bentang Mahaputera Adipradana ka Bang Ali poe Kemis tanggal 14 Agustus 2003 di Istana Negara. Ieu ngahudang ingetan kana kajadian 37 taun katukang. Taun 1966 Bang Ali nangtung hareupeun Presiden Soekarno dina upacara pelantikan Gupernur Jakarta. Sedengkeun taun 2003 nangtung hareupeun putri Bung Karno nu ngaran Megawati Soekarnoputri dina upacara anu hening salila 20 menit, pikeun narima Bentang Mahaputra Adipradana. Istana Nagara hiji tempat anu tara didatangan ku Bang Ali sanggeus pamarentah Ordeu Baru mere landian “Pembangkang”.

Bang Ali datang ka Istana dibarengan ku istrina Linda Mangaan jeung putra bungsuna Yasser Umarsyah. Sanggeus rengse upacara inyana narima ciuman pipi ti Megawati, Suryadi Sudirdja, Sulasikin Murpratomo, jeung bentang film Christine Hakim. Salila upacara sabenerna disadiakeun korsi keur Bang Ali, tapi inyana angger ajeg nangtung. Megawati nanyakeun masalah kasehatanana, Bang Ali ngajawab yen sabenerna sukuna geus teu kuat nangtung lila. Puluhan wartawan ngurilingan Bang Ali, sedengkeun istrina mere cai herang sakali-sakali. Sora Bang Ali masih keneh angger harus disadana.

“Yuswa Bapa parantos 77 taun jadi tos seueur anu teu kaemut deui ku anjeunna. Namung upami ngobrol perkawis nagara, Jakarta jeung perjuangan, anjeunna masih tatag”, cek Boy Bernadi Sadikin.

Bang Ali henteu nyangka bakal dileler bentang. Nurutkeun informasi anjeunna meunang pangajen yen pantes jadi tokoh simbol pikeun ngabina budaya jeung pariwisata. “Sabenerna kuring teh heran. Kuring teh lain budayawan. Tapi cenah kuring geus hasil ngawangun kota Jakarta sabage kota budaya jeung kota pariwisata”, saur Bang Ali.

Disiplin jeung Tegas

Gaya mingpin Bang Ali cocog jeung kondisi ibukota anu amburadul merlukeun kadisiplinan. Memang pilihan Soekarno henteu nyalahan. Jenderal Angkatan Laut nu hiji ieu teh geus mampuh nyulap Jakarta tina sakadar puseur pamarentahan jadi puseur perdagangan jeung industri. Sikepna anu keras teh lain ngan pikeun bawahanana. Salila 10 taun mingpin Jakarta inyana kamashur kuat dina mertahankeun prinsip. “Salaku gupernur kuring kudu ngayoman jeung mere kasejahteraan pikeun rahayat. Eta prinsip kuring nepi ka kiwari”, saurna. Kumaha carana? Bang Ali nyieun gebrakan ku jalan ngalegalkeun judi. Pikeun ngeusian kas daerah, Bang Ali mere idin dibukana bar jeung panti pijat. Keur inyana mah anu penting aya dana sangkan sakabeh jalan di Jakarta jadi leucir. Kritikan ti para ulama henteu didenge.

Sual idin perjudian henteu leupas tina minimna anggaran Pemda dina raraga ngawangun kota Jakarta. Karek mimiti digawe Bang Ali nyieun rarancang Program Pangwangunan Jakarta. Harita butuh duit loba keur pangwangunan jeung kasejahteraan masyarakat. Anggaran nu aya ngan Rp.66 juta, sedengkeun jumlah penduduk aya 3,4 juta jiwa. Padahal pamarentah kolonial Walanda baheula nyiapkeun kota ngan pikeun nempatkeun 500-800 rebu jiwa.

Ku kituna, inyana ngumpulkeun sakabeh unsur pingpinan daerah sarta ngeceskeun yen Jakarta butuh duit rea pisan.

Bang Ali nanya ka para pingpinan teh: “Dulur-dulur meunang sabaraha pangasilan tina judi? Keun ku kuring diganti, malah leuwih loba”. Taya nu bisa ngajawab, sabab harita maranehna meunang duit tapi leupas tanggung jawab. Harita aya 4 tempat judi, langsung dilegalkeun, sakabeh duit tina idin judi asup kana rekening bank. Dina sataun pamarentah Jakarta meunang Rp.40 miliar tina judi.

Salian ti judi, Bang Ali muka tempat hiburan jeung ngalokalisasi palacuran. Tapi inyana nyarita yen eta teh mangrupa bagian tina mere layanan ka masarakat. Ku lantaran kitu dibuka weh steam bath, klub kasino, nu utamana mah pikeun urang asing. Lantaran apan maranehna mah mun geus rengse gawe teh tara balik ka imah, tapi indit ka klub keur nginum kopi heula. Ngeunaan palacuran pasalna mah baheula unggal geus deukeut ka tengah peuting di Jakarta loba “becak komplet”. Maksudna mah di jero beca aya palacurna, tukang beca jadi makelarna. Jeung tibatan liar jeung nimbulkeun kahariwang ka warga, nya dibuka lokalisasi di Kramat Tunggak.

Waktu Bang Yos rek nurutan lengkah Bang Ali, respon masarakat beda. Loba anu nentang rencana Bang Yos. Demi sababna, masarakat jaman Bang Ali jeung jaman Bang Yos beda. Masarakat ayeuna mah geus ruksak balukar politik jeung rupa-rupa masalah. Masarakat kiwari geus teu bisa disetir. DPRD baheula beda jeung ayeuna. Komo deui kiwari mah aya LSM jeung rupa-rupa organisasi.

Watekna anu keras masih kagambar dina gurat-gurat beungeutna. Kondisi fisikna geus lemah, geus tara olahraga angkat beusi. Pangdengena ge geus ngurangan, malah geus make alat bantu. Ali Sadikin kakarek dirawat di RS Militer di Ghuang Zhou, Cina salila 7 bulan lantaran kasakitna. Anu teu surud teh sumangetna, angger ngagedur, komo lamun nyaritakeun kota Jakarta. Kalawan gemet inyana ngeceskeun nepi ka bubuk leutikna rupa-rupa program nu dilaksanakeun salila 2 periode jadi gupernur Jakarta.

Waktu narima tugas taun 1966 inflasi geua 600 persen. Sarana atikan, kasehatan, pasar jeung tempat ibadah jumlahna teu nyukupan keur ngalayanan masyarakat Jakarta, sedengkeun anggaran nu aya ngan Rp.66 juta. Sedengkeun dina akhir masa jabatanana taun 1977 inyana ninggalkeun duit di kas daerah nu reana Rp.89,5 miliar. Jalan-jalan nu marulus, sarana atikan aya ratusna, kasehatan, terminal beus jeung pasar. Ali Sadikin oge ngawaris wangunan penting kayaning Taman Ismail Marzuki jeung Gelanggang Mahasiswa di daerah Kuningan. Waktu ditanya sual TMII, Ali Sadikin nerangkeun pangwangunan TMII gagasan Ali Sadikin jeung Ibu Tien Soeharto. Sedengkeun kawasan Ancol gagasan Bung Karno, Taman Ismail Marzuki dijieun pikeun ngajenan seniman Ismail Marzuki. Sedengkeun Kebon Binatang di Ragunan mangrupa tempat konsentrasi pariwisata.

Hanjakal kota Jakarta kiwari sabagean gedongna teu pati kaurus jeung robah fungsi. Contona bae Gelanggang Mahasiswa geus robah sabagean jadi areal pertokoan. Impian geusan ngajadikeun Pusat Perfileman Usmar Ismail minangka Hollywood-na Indonesia oge teu ngawujud. Rupa-rupa fasilitas pikeun rahayat nu geus susah-susah diwangun kiwari henteu dipiara, aya nu ruksak, malahan aya anu ditukeur guling. Cek Bang Ali, para gupernur heulaeunana taya anu nambahan fasilitas pikeun rahayat. Sanajan kitu hal eta lain kasalahan pribadi gupernur. Sabab kapamingpinana gupernur kudu disokong ku aparat pamarentahan.

Nasib Sutiyoso dianggap sarua jeung waktu Bang Ali narima tugas taun 1966. Tapi kaayaan kiwari lain ngan ekonomi anu bangkrut. Kabehanana ancur, kaasup moralna. Baheula, koruptor masih bisa diitung, ayeuna mah geus hese ngitungna.

Bisa jadi bener oge ramalan Ronggowarsito, yen kiwari jaman edan. Urang ayeuna geus teu boga tokoh anu bisa dijadikeun conto. Aparat kurang tegas. Meureun lantaran gajih pagawe nagri ngan cukup pikeun dahar 10 poe. Padahal waktu Bang Ali mingpin, gajih anggota DPRD paling henteu 80 % ti gajih anggota DPR Pusat.

Mingpin Jakarta perlu ayana kadariaan jeung kasinambungan. Tapi henteu ngandung harti gupernur kudu dua kali ngajabat. Anu penting kudu aya program jangka panjang, misilna pikeun 20 taun. Anu ngaganti engkena ulah ngarobah make idena sorangan, nepi ka aya anggapan gupernur samemehna salah. Jadi kudu nuluykeun program, lantaran ngabina kota lain ngabina kulawarga anu bisa ku sababaraha taun wungkul.

Di tingkat nasional oge kudu aya program jangka panjang. Saha wae anu jadi presiden kudu boga cecekelan. Masalah anu muncul kiwari nya eta henteu ayana program jangka panjang sacara nasional. Program pangwanguna jangka panjang ancur sanggeusna aya krisis ekonomi taun 1997. Kuduna mah terus diupayakeun jeung jadi wacana sanajan tacan jadi solusi.

Waktu Bang Ali ngamimitian jadi gupernur, taun kahiji nangtukeun dasar-dasar pangwangunan. Taun kadua ngajalankeun visi, misi jeung program nu geus dijieun. Kabeneran harita dirina teu kabawa kana intensitas politik nasional, jadi bisa konsentrasi kana program. Tokoh-tokoh politik harita perhatianana kana ngalengserkeun Bung Karno. Salila jaman Ordeu Baru, jabatan gupernur dicangking ku militer atawa pangsiunan militer. Hal ieu dumasar kana kakawasaan Ordeu Baru nyaeta kakawasaan tentara jeung Golkar. Lain ngan DKI wungkul tapi rea bupati jeung gupernur sejen anu asalna tentara jeung Golkar. Angkatan Darat jadi alat kakawasaan. Ieu lain kasalahan Angkatan Darat tapi masalah politik. Kasalahan aya di presiden harita, nyaeta Pa Harto.

Bang Ali oge tumanya, saha anu ngarebut kakawasaan ti Ordeu Lama ka Ordeu baru? Tapi, aya kitu masarakat anu meredih sangkan Soeharto dihukum? Anu dituntut korupsi ngan korupsi yayasan. Anu gedena ngan Rp.1,2 triliun. Jumlah sakitu mah kacida leutikna dibandingkeun hutang nasional nu gedena ratusan triliun rupia. Tacan hutang swasta anu gede kacida.

Dicutat ti Grup SALAKA
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment