Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ngaran Wawangunan Jaman Baheula


SAUNG = Wawangunan anu teu make bilik hateupna ku eurih.

SAUNG RANGGON = Saung di tengah huma paranti tunggu pare bisi ku manuk.

SAUNG BUNEN = Saung pikeun ngurusanan pare di sawah

SAUNG MUNDING = saung tempat nyangcang munding

SAUNG PANGASOAN = Saung tempat reureuh anu keur nyaba. Biasana sok loba anu daragang cai , lahang, bubuahan jeung kadaharan marurah tamba kawaranan jeung hanaang.

PALALANGON = Tempat nempo ti kajauhan. Kaayaanana leuwih jangkung ti saung rangon. Tempatna oge ngahaja milih tempat anu luhur sangkan leuwih nenggang.

GARDUH = Tempat jaga ari peuting (siskamling).

LOS = Balandongan anu ngujur jalan, tempat ngariuhan.

KATARAG = Balandongan di anu tempat hajat.

PANGGUNG = Tempat pikeun karamean di nu boga hajat.

BELEKETEPE = Saung basajan saukur pangiuh wungkul. Hateupna oge tina daun kalapa didempet ku awi, dipake ngemperan. Ayeuna mah anu disebut BELEKETEPE teh karatag anu basajan ngan saukur make hateup plastik kaayanana demprak. Aya oge anu disebut beleketepe teh nya eta bilik didempet, ditunjel ku awi keur ngiuhan.

IMAH PANGGUNG = Imah bilik nu aya kolongan.

PAPAYON = Wangunan tambahan tempat niis. Sok disebut papalayon.

GAJAH NYUSU = Loteng di imah panggung. Dina gajah nyusu sok aya paparan disebutna sayang kaak, tempat nyimpen kadaharan atawa bubuahan.

SAYANG KAAK = Ayeuna anu disebut sayang kaak teh nya eta tempat bubuahan di anu kariaan, disadiakeun pikeun anu kondangan.

PANGBEROKAN = Tempat ngerem jalma jahat.

PANGBELOKAN = Tempat ngabelok jalma jahat atawa anu gelo

LUMBUNG = Tempat nyimpen pare bogana desa (rahayat)

JONGKO = Saung tempat dagang

PASANGRAHAN = Tempat ngumpul baraya atawa tempat ngareureuh

LIO = Saung tempat nyieun kenteng.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment