Ida Haka
KEUR anteng ngunjalan runtah tina gorobag kana bak gedé, aya nu nyalukan. Sorana mah apal, satpam Yana. Dilieuk, enya wé. Kakara sidik geus rada deukeut, duaan jeung Si Bohim, tukang barabadan keliling.
”Kang Karwi sini deh!” cék satpam Yana.
“Ada kabar apa nih?” Kuring nyampeurkeun.
“Kang Karwi, RT nu ayeuna mah teu ngeunaheun. Ngeunaheun kénéh RT nu baheula atawa nu baheulana deui. Nu ayeuna mah sagala hararésé. Nginjeum duit hésé, ari alesanana teu jelas mah, pasti moal dibéré. Kang Karwi ningali sorangan, tah gorobag nu kudu dibenerkeun can kénéh waé. Saragam jeung kaperluan digawé nu kudu dipaké, sapatu bot sarung tangan, éta ogé acan. Mun urang teu asup digawé gajih bakal dipotong.” Kuring ngagebeg ngadéngé béja gajih rék dipotong. Mangkaning poé ieu rék nampa gajih téh.
“Lain pedit, lain hararésé, tapi penuh perhitungan. Ari awéwé mah, parimpen. Tara roroyalan, sagalana kudu tepat guna. Batan cara RT nu ti heula, siga enya bageur, padahal sagala diduitkeun ka warga mah. Mun aya sumbangan ti luar keur kaum duafa, nu diheulakeun téh pan baraya jeung sobat sobatna wé, pan. Bu RT mah jujur, pageuh kana aturan, cék abdi mah,” cék Bohim.
Ngahuleng sajongjongan ngadéngé caritaan nu duaan téh. Jeung enyana, paparabotan paragi digawé, geus euweuh nu alus. Sapu nyéré geus mondokan, gorobag rampual-rampéol. Komo deui, baju seragam, sapatu bot jeung sarung tangan mah lapur, can narima.
Geus dua bulan kuring digawé jadi tukang ngunjalan runtah di komplék ABC. Saeusi komplék ngan aya opat puluh imah. Rupa-rupa potongan imah téh, aya nu gedong sigrong, aya nu minimalis, aya nu loba tatangkalanana, liuh ku dangdaunan.
Kuring nguriling ka blok A, blok B jeung blok C mamawa gorobag nu rampual-rampéol. Sapu nyéré nu gagangna panjang, garpuh jeung sosorog paragi ngasupkeun runtah nu lalembut diasupkeun kana gorobag. Lain cek béja, ieu mah kanyataan, nu kudu disanghareupan salila kuring digawé di komplék ABC.
“Nya urangna kudu loba ngadu’a, méh Bu RT jadi bageur ka urang saréréa,” cék kuring mungkas obrolan, da rék ngunjalan deui runtah, aya lima imah deui nu can kapigawé.

Ku nyérélék pisan waktu téh. Minggu tukang, asa cikénéh. Sarua kawas poé ieu, kuring keur muru gorobag. Parabot diasupkeun, tali gorobag disampaykaeun kana taktak, ngaléngkah nyingkahan taneuh baseuh nu bau haseum, muru runtah nu can kabawa di lima imah deui, harita téh. Kacipta kénéh pisan.
Anjog ka blok A nu panghareupna. Di lebah imah Bu RT katempo loba jelema, mobil ngajajar deukeut panto garasi nu ublug-ablag. Kuring ngarérét ka jero bari hayang nyaho aya naon isuk-isuk geus ramé? Sisinarieun teuing, da sasarina mah sok tiiseun waé.
Kuring ngawani-wanikeun manéh asup ka jero. Barang srog asup ka buruanana nu lega tur loba pepelakanana jeung aya sasatoan inguanana, kadéngé aya sora nu ngageroan ti jero.
”Tah geuning Pak Karwi, sina asup ka jero!”
Kuring ngagebeg. Alah, boa-boa rék dicarékan. Kamari, teu asup digawé, da gering. Haté kuring murengked. Moal kitu kuring rék diriungkeun hareupeun warga? Pédah éta wé loba jelema di tengah imah. Kuring ngarénghap, negerkeun haté. Hanjakal maké asup ka imah Bu RT. Pan geus kanyahoan ti kajauhan di imahna Bu RT keur loba jelema.
Sugan téh moal digeroan.
“Pak Karwi geuwat asup ka jero geus ditungguan ti tatadi,” cék sora awéwé nu ngagorowok.
Astaghfirulallahaladziim, kuring ngagebeg. Ibu nu jang-kung noél ka kuring.
“Pa, mangga diantos ka luhur, naékna ti palih dieu,” pokna bari nuduhkeun tétécéan.
Kuring beuki reuwas, naék kana tétécéan bari moyongkod. Hareupeun panto salah sahiji kamar geus loba jelema, kuring rungah ringeuh. Haté rada reugreug, basa katénjo aya Satpam Jaja. Manehna cakah-cikih mawaan koper, plastik pasagi, jeung korsi roda. Kakara gé tepi kana tétécéan nu panungtung Bu RT ngagorowok,
”Éta Pak Karwi, sok geura asup Pa!” pokna. Kuring ngarérét ka manéhna. Katempo geus disalin, siga nu rék indit.
“Siap, Bu.” Kuring ngajawab pondok.
“Hayu Pak Karwi geura asup ka kamar. Ti tatadi ditungguan, Pangmangkukeun pun biang.”
”Siap Bu, abdi badé ngumbah leungeun heula,” tembal kuring.
Bu RT nuduhkeun kamar mandi. Sup, kuring ka kamar mandi, gura-giru nyabunan leungeun jeung suku, tuluy sibeungeut. Geuwat ka kamar nu dituduhkeun. Di dinya geus aya lalaki sabaraha urang ngan aki-aki wungkul. Kawasna maranéhna moal kuateun nurunkeun indung Bu RT, nu keur ngajéngjénghé dina ranjang.
”Pa Karwi jeung Jaja, Odah jeung Icih, pangmangkukeun pun biang, ka handap, kadé lalaunan. Lebetkeun kana mobil biru, pantona geus dibuka, kadé sing ati-ati, nya,” cek Bu RT.
Bismillahirrohmanirrohim, kuring ngasupkeun leu-ngeun kénca ka handapeun taktak nu gering, Regeyeng dipangku ku opatan. Kabéh nu araya di kamar, bareng nyebat Asma Allah. Lalaunan nu gering digotong ku opatan, mapay-mapay tétécéan. Kuring jeung Jaja jadi komandan. Réncang nu awéwé nuturkeun bari dzikir. Bu RT ngiringkeun ti tukangeun jeung pembantuna nu duaan.
Karasa ku leungeun kuring, awak nu keur gering panas nyebrét, paromanana pias, bangun teu walakaya. Ti tengah imah, langsung diasupkeun kana mobil nu biru, katénjo geus siap, digolérkeun dina jok mobil nu geus aya bantalna. Mobil maju disupiran ku Bu RT sorangan, disusul ku mobil nu lian. Katénjo mobil nu séjén, geus pinuh ku koper jeung korsi roda.
Asa cikénéh kajadian minggu tukang téh, ku nyérélékna waktu. Cenah ibuna Bu RT téh geus mulih deui ka bumina. Diopnameuna ngan lima poé, da ukur teu damang flu. Ngan meureunan ninggang di sepuh, katarana ripuh sotéh.
“Naha poé gajihan kalah ngahuleng,” cék satpam Yana mulangkeun pikiran kuring tina panglamunan. Manéhna asup ka bumi Bu RT.
Enya poé ieu téh usum nampa gajih. Kuring geus teu mikirkeun rék narima sabaraha. Rumasa sababaraha poé teu digawé, ku lantaran gering. Nyanggakeun ka Nu Maha Kawasa. Rijki mah moal pahili. Masing masing geus dipaparinan boga hancengan.
Satpam Yana, Satpam Heru, Satpam Jaja jeung nu séjénna geus kalaluar ti imah bu RT, nyararekel amplop sewing-séwangan. Kuring asup jeung uluk salam.
”Assalamualaikum Bu RT”, cék kuring.
“Waalaikumsalam Pa Karwi, mangga calik,” témbal Bu RT, bari cengkat. Pameunteuna katempo marahmay. Gék deui diuk.
”Pa Karwi, numutkeun catetan nu aya dina buku, Pa Karwi teu asup digawé dua poé bari jeung euweuh béja. Mun gering kudu aya surat katerangan ti dokter atawa klinik dua puluh opat jam. Bisa ogé ti Puskesmas. Mun teu kitu, hartina, Pa Karwi bolos.”
Haté ngaguruh. Na marukan ka klinik dua puluh opat jam jeung ka Pukesmas téh teu kudu maké duit? Abong kéna jelema beunghar, ngomong téh sangeunahna waé, ceuk haté.
“Ku lantaran Pak Karwi henteu méré katerangan nanaon, basa teu asup, teu bébéja deuih ka Pengurus RT, nya kudu narima kana peraturan RT. Mun bolos digawé kudu dipotong gajih, sapoé tilu rébu rupia. Mangga ieu sésana, mugi ditampi.”
Manéhna ngasongkeun amplop, ku kuring ditam-panan. Haté ambek nyedek tanaga midek. Naha manéhna teu hayang nanyakeun heula naon sababna kuring teu asup? Moal kahartieun ku anjeunna mah, yén duit salapan rébu téh keur kuring mah gedé kénéh hartina.
“Ké antosan heula Pak Karwi,” cék manéhna, bari jung cengkat tina korsi, asup ka jero. Teu lila kaluar mawa bungkusan jeung amplop coklat.
“Tah ieu kanggé Pak Karwi, hiji séwang sareng Satpam Jaja. Hatur nuhun minggu kamari tos mangmangkukeun pun biang nu nuju teu damang. Mugi tiasa kaanggé ku Pak Karwi.”
Alhamdulillahirobbilalamiin, nuhun Gusti Alloh.
Kuring nganuhunkeun bari terus amitan, rék neruskeun deui pagawéan poé ieu. Jero hate, muji Bu RT. Horéng manéhna mah enyaan dispilin. Lain medit, tapi bisa ngabédakan nu mana kapentingan pribadi jeung aturan umum. Basa muka amplop gajih, enyaan dipotong salapan rébu. Tapi dina amplop nu hji deui, aya duit lambaran beureum, dua ratus rébu.
Rada ngarandeg, basa rék mawa dorongan runtah. Naha ka mana? Sidik tadi ditunda di dinya. Sabot luak lieuk, Mang Waslam tukang runtah blok séjén ngageroan. Manéhna nuduhkeun roda weuteuh, lengkep jeung paparabotanana, sarua wareuteuh.
“Ari roda nu tadi?” Cék kuring.
“Diapkir, rék dioméan.”
Bener cék Si Bohim, tukang barabadan keliling. Bu RT mah istri parimpen, sagala maké perhitungan, lain medit. Teuing perbawa roda anyar nu gilindingna henteu rarampéolan cara nu ti heula, teuing perbawa duit lambaran bareureum dina saku baju, léngkah téh asa ngadaleungdang, hararampang. ***
Tina Majalah Mangle
0 comments:
Post a Comment