Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Aki-Aki Garduh


Ku Usép Romli HM

Ampir saban poé,isuk-isuk Mama Kamja jeung Mama Kamji, dariuk dina golodog garduh.Teu pati jauhna ti imahna. Ngadon uplek ngawangkong. Sakapeung sok aya nu maturan. Ngadéngékeun. Tapi mimindengna mah tara. Sabab réa obrolan, boh ngeunaan salah sahiji perkara, boh tempat, ngaran jeung tetelahan, réa nu teu pikahartieun. Malum Mama Kamja jeung Mama Kamji, umurna sarua. Maju ka tujuh puluh lima taun. Kembar maranehna téh. Duanana hirup ngaduda. Ampir bareng ditinggal maot ku pamajikanana, sapuluh taunan ka tukang. Ayeuna ngurus dirina masing-masing, di imahna séwang-séwangan, teu jauh ti garduh.
 
Ari nu pangangguran ngadéngekeun, kaitung barudak kénéh.Bangsa pamuda atawa kolot tengah tuwuh.
 
Tungtungna mah sok pada ngantep wé paduduan. Saleuseurian duaan. Ngaharuleng duaan. Paling pada ngawaskeun ti kajauhan ku jalma-jalma pangangguran, nu nganggap Mama Kamja jeung Mama Kamji, rada-rada sédéng.
 
“Maju ka pikun éta mah. Lain sédéng, lain kurang saeundan,”cék salah saurang kokolot lembur nu apaleun ka Mama Kamja jeung Mama Kamji keur ngorana. Daradad nerangkeun. Cenah Mama Kamja jeung Mama Kamji téh anak ménak beunghar nu katelah Juragan Kanékér. Pangsiunan pagawé pakgadé. Titinggal kolotna, sababaraha rorog sawah di Kepuh jeung Cipicung, Lamun dijumlah-jamleh, aya kana tilu héktarna.
 
“Keur mah duanana kasép ngalémpéréng, anak ménak jeung beunghar, atuh pada mikaresep ku para mojang. Ti keur umur dua puluh taunan, duanana cruk-crek kawin. Tara awét. Ukur bubulanan, geus diserahkeun deui. Unggal nyerahkeun, popotonganan sok dibéré sawah sakotak. Kira-kira dua puluh lima tumbakan. Diparengkeun tara boga anak deuih. Kasebut awét, ka pamajikanana nu panuntung. Teuing nu ka sabaraha hiji séwang. Ngan éta mah satia mihukum jeung dipihukum nepi ka maotna,”Kokolot lembur nu umurna béda lima welas taunan jeung Mama Kamja katut Mama Kamji, nerangkeun. Rada apaleun. Keur mah umurna teu béda jauh teuing, turug-turug bapana kungsi jadi panyawah Juragan Kanékér.Dalah manéhna ogé kungsi jadi panyawah Mama Kamja jeung Mama Kamji saméméh sawahna ledis dipaké mahanan popotongan.
 
Geus pada nyaho kitu mah, tara aya nu panasaraneun deui. Mama Kamja jeung Mama Kamji pada ngantep. Komo ari keur hoghag ngungkab panineungan baheula nu teu nyambung kana kaweruh barudak ayeuna téa.
 
“Inget kénéh, manéh Kamji, urang ngajual ségon sapuluh kilo séwang?”Mama Kamja nanya ka adina bari nahan seuri.Pipina nu kemong, ngerendu. Biwirna anyoh-anyohan . Ngemotan gugusi lémong.
 
“Nya inget atuh. Saha nu rék poho. Apan harita poé Senén pasosoré. Isukna poé Salasa, urang arindit ka pasar pakemitan. Ngadon jajan kupat tahu,”baham Mama Kamji sarua anyoh-anyohan.
 
“Lain kupat tahu,”Mama Kamja nyigeung. “Takoah ,siah !”
 
“Heueuh harita mah takoah. Ayeuna disarebut kupat tahu. Emh, na aya ku pelem éta takoah buatan Mang Énén.Kupatna liket, kuahna cikruh. Sambarana karasa uyah gulana,”Mama Kamji kutap-kétap. Ngabayangkeun ngeunahna kupat tahu atawa takoah buatan Énén nu sohor sapasar Limbangan.
 
“Daharna dicocogan ku séndok carang,”Mama Kamja ngéngklokan deui.
 
“His lain, séndok carang. Garduh kitu !”Mama Kamji némpas.
 
“Garduh mah ieu nu didiukan ku urang !”Mama Kamja nyereng. “Séndok carang mah séndok carang mah séndok carang wé.”
 
“Nu disebut garpuh asana ?”Mama Kamji nginget-nginget.
 
“Tah heueuh, garpuh. Na ari sia, tina séndok carang, jigjig kana garduh !”Mama Kamja ngehkey. Dituturkeun ku Mama Kamji. Saleuseurian nepi ka ngaracay. Eureun-eureun sotéh, pédah aya hayam ngagarapak. Keur ngupuk di kolong garduh, diherengan ku ucing garong.
 
“Hayam saha tah diabur,”cék Mama Kamji.
 
“Teuing nu saha. Geus langka ayeuna mah hayam diabur téh. Réréana dikurungan baé.Diparaban layer.Béda jeung jaman urang keur budak.Hayam riab di buruan, di kebon, di sawah. Ngahakan naon baé. Nu matak dagingna ngeunah.Jeung kuat ku panyakit deuih,”pipikiran Mama Kamja ngacacang.
 
“Da heueuh,”dituturkeun ku Mama Kamji. “Mun gering, ari usum tétélo. Wuah,ceuyah daging hayam. Katénjo nguyung saeutik, lékék dipeuncit. Dibakak.Diopor. Aki urang geuning sok ambek-ambekan, hayam béak ku tétélo. Urang mah atoh nu aya. Dahar disuwuk daging hayam.”
 
Key deui maranéhna saleuseurian. Ngabayangkeun kanimatan dahar daging hayam. Kajeun sésa tétélo ogé da teu jadi matak. Ngeunah nu aya. Biasa sapopoé dahar jeung lauk peda, pék manggih daging hayam. Puguh wé ngalimed-ngalimed. Dibélaan nyangu digedean. Malum lega sawah. Tara ngalaman nguyang.
 
Malah ari usum paceklik , sok jadi pamuntangan balaréa. Rabul nu nganjuk segon atawa paré.Bayareun ari usum panén. (Nyambung)

Dimuat di Rubrik Carpon SK Tribun Jabar, Salasa 31 Maret-Kemis, 1 April 2015
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment