Tatang Sumarsono
Balap kuda henteu dianggap ukur kalangenan wungkul, da ayeuna mah geus jadi cabang tina olahraga. Resmi aya wadahna, anu disebut Pordasi, singgetan tina Persatuan Olahraga Berkuda Seluruh Indonesia.
Ayeuna mah kagiatan balap kuda téh leuwih jinek mekanismeu katut aturanana, sabab payung organisasina geus jelas, diwewegan ku rupa-rupa aturan; ti mimiti naon anu disebut kuda balap katut klasifikasina tepi ka prak-prakan rupa-rupa kajuaraan.
Pordasi geus nyieun rumusan, naon waé sarat-sarat anu kudu nyampak dina hiji kuda mun hayang diilukeun kana kajuaraan. Anu disebut balap kudana ogé aya sababaraha tingkatan: pacuan tingkat daerah, tingkat nasional, kejuaraan nasional, klasik, jeung handicap. Ari anu dianggap paling bergengsi nyaéta kelas derby, anu lumangsungna dina kajuaraan nasional, sataun sakali.
Anu kaasup kuda lokal masih kénéh bisa diturunkeun dina acara pacuan, tapi ngan sawates di tingkat daerah. Ari kajuaraan nasional mah ngan husus pikeun kuda hasil kawin silang antara kuda lokal jeung kuda impor.
Dumasar kana aturan Pordasi, lamun kuda bikang lokal dipacekkeun ka kuda jalu impor (thoroughbred), anakna disebut G-1 (G singgetan tina generation, generasi). Kuda bikang G-1, dipacekkeun deui ka jalu impor, anakna disebut G-2. Kitu wé terus, tepi ka ahirna ngahasilkeun G-5. Tapi cék hasil survey, préstasi puncak kuda hasil kawin silang téh ukur tepi ka G-4.
Lamun bikang G-3 atawa G-4 dipacekkeun ka G-4 deui, anakna disebut “kuda pacu Indonesia” (KPI). Tapi lamun bibitna ukur tepi ka G-2 mah, anakna ukur disebut “kuda pacu” (KP). Luareun ti jenis anu dua bieu, disebutna cukup kuda lokal. Lamun kuda impor anu geus aya di urang dipacekkeun ka kuda impor deui, anakna disebut thoroughbred Indonesia.
Cék Drs. H. Nanang Ma’soem anu kungsi jadi Ketua Pordasi Jawa Barat, préstasi kuda balap jenis lokal téh jauh tangéh mun dibandingkeun jeung kuda impor—istilah Nanang mah: kuda bulé. Lain baé dina ukuran awakna anu béda, tapi “téhnik” lumpat jeung tingkat kacerdasanana ogé béda pisan. Sakumaha hébatna préstasi kuda lokal, keukeuh aya di sahandapeun kuda bulé.
Teureuh-terah jeung turunan
Hal éta jadi salah sahiji kasang tukang Pordasi pikeun “nyiptakeun” kuda pacu has Indonesia, ku jalan kawin silang téa. Ku sabab kitu, pikeun kuda pacu mah anu disebut teureuh-terah téh kacida pentingna, tur kudu dibuktikeun ku sertifikat anu dikaluarkeun ku Pordasi.
“Lamun aya anu rék ngajual kuda pacu, anu pangheulana ditanyakeun ku anu aya minat meuli téh pasti ngeunaan terahna heula, ti mimiti bapana, akina, tepi ka uyutna. Mun geus kitu kakara nanya: ari kuda anu dijual téh séhat henteu, sabaraha cm jangkungna, kumaha préstasina, jeung sajabana,” cék Nanang anu geus mimiti ancrub kana dunya pacuan kuda ti taun 1960-an.
Kuda balap dibagi jadi lima kelas, ti mimiti kelas A (pangjangkungna: 158 – 162 cm, atawa saluhureunana) tepi ka kelas E (138 – 142 cm). Ayeuna mah ditambah deui ku kelas F. Anu disebut derby nyaéta kuda umur tilu taun, minimal jangkungna 153 cm. Najan turunan thorougbred tur statusna G-4 ogé, ari jangkungna sahandapeun éta mah, teu bisa asup kana kelompok derby.
Préstasi kuda balap mimiti katémbongna téh mun geus nincak umur tilu taun. Tangtu moal saendeng-endeng alus, sabab ilaharna ti umur genep taun mah kamampuhna mimiti ngurangan, tepi ka ahirna kudu dipangsiun. Lian ti faktor umur, dipangsiunna kuda téh bisa waé ku sabab aya dina babagian awakna anu dianggap jadi teu/kurang normal, misalna sukuna pateuh tur teu cageur deui. Lamun geus henteu dipaké balap, ilaharna sok terus “dirobah” jadi kuda tunggang. Atawa mun alus préstasina mah sok dipaké bibit.
“Awét henteuna umur kuda biasana gumantung kana cara-cara dina ngurusna,” cék Nanang. Kabuktian, cenah, Si Inem, kuda kukutan Nanang, waktu paéh téh umurna geus nincak 28 taun, tur geus nurunkeun sababaraha kuda unggulan.
Dina prosés macekkeun kuda, anu boga kuda bikang anu kudu mayar téh. Ngeunaan taripna, éta mah gumantung kana préstasi pamacekna—anu pangmurahna Rp 2,5 juta. Tapi lamun hayang boga turunan ti kuda anu geus enya-enya boga préstasi mah bisa sapuluh tikeleun ti éta. Anu matak pantes lamun harga kuda balap mahal téh. Heueuh, waragad macekkeunana waé Rp 25 juta. Geus kasawang, bakal sabaraha pihargaeun belona, komo pikeun kuda anu geus mimiti nincak umur rumaja (dua taunan).
Ngalongsér
Prosés latihan pikeun kuda anu engkéna pakéeun keur balap téh henteu gampang, sarta waktuna gé aya bulanna. Kurang leuwih mun umurna geus nincak sataun, mimiti diwanohkeun kana kadali. Suku hareupna mimiti disapatuan. Geus kitu, kakara éta kuda anu keur dipalajar téh sina ngalongsér. Maké kadali panjang kira-kira sapuluh méteran, terus sina lumpat nguriling nyieun buleudan; tungtung talina dicekelan ku palatih (disebutna trainer). Mun cara lumpatna geus dianggap bener, di dinya satahap-satahap mimiti diwanohkeun kana sadel. Tacan bisa ditumpakan, tapi ukur bisa ditutungtun wungkul.
Tahap saterusna, kuda mimiti ditumpakan, terus sina diajar draf atawa lumpat lalaunan ngagunakeun opat sukuna. Anu dibéré tugas numpakanana disebut riding boy. Jadi, teu kudu ku joki enyaan. Tina draf, terus nincak kana latihan konter, nyaéta lumpat ku cara ngagunakeun dua suku hareup pikeun metot, jeung dua suku tukang pikeun ngadorong awakna. Kuda téh lajuna mimiti tarik ayeuna mah—dina basa Sunda istilahna ditegarkeun. Aya anu disebut konter satengah, aya deuih konter tilu parapat; ku cara diatur kadalina. Ti dinya kakara kuda téh sina buang napas, nyaéta lumpat satakerna.
Dina waktuna balap, kamampuh konter téh kacida pentingna, nyaéta pikeun ngatur napas jeung tanaga. Lamun ti garis start jol-jol ngabelenyeng, bari tanagana terus ditaker, paling jauh ogé lumpat tarikna téh ukur 600 méter, da ka dituna mah bakal ngambay béak tanaga. Ku kituna, lumpatna téh kudu diatur ku joki. Lumpat satakerna atawa sprint biasana mah mun ka garis finish kurang leuwih kari 400 méter deui.
Tingkat kecerdasan kuda dina prosés latihan téh tétéla henteu sarua; aya anu gancang lebah narima instruksi ti palatih, jeung aya deuih anu hésé nurutna. Hal ieu di antarana gumantung kana karakter masing-masing kuda. Kuda téh aya anu karesepna nempatan posisi di hareup waé, anu dina sakalina kasusul ku kuda séjén téh jadi embungeun lumpat. Aya anu boga kaludeung nyusul najan posisina sulit, kajeun kudu pagésrék awak jeung kuda lawan, jeung aya deuih anu sok ngarengkog heula lamun jalanna kapotong ku kuda séjén téh.
Tah, lebah dieu “senina” ngalatih kuda balap téh. Palatih kudu nyieun strategi, anu saterusna diterapkeun ku joki dina geus prungna aya di aréna. Ku kituna, unggulna kuda téh bakal gumantung ka jokina deuih. Sakumaha hadéna gé kamampuh hiji kuda, tapi lamun jokina teu bisa nerapkeun strategi, atawa salah lebah méré instruksi, tangtu lapur moal cunduk ka garis finish pangheulana. Éta sababna joki téh aya klasifikasina. Teu sakabéh joki bisa turun dina pacuan tingkat nasional, sabab aya pasaratan anu patali jeung sértifikat.
Mun diukur ku waragad, kalangenan balap kuda téh katitih mahal pisan. Harga kudana waé bisa ngahontal ratusan juta, tacan deuih lamun diitung ongkos miarana (ti mimiti parab, obat-obatan jeung vitamin, honor palatih, séwa istal, katut unak-anik séjénna), anu per bulanna moal kurang ti tilu juta. Terus deuih pakakasna, anu kalolobaanana jieunan luar negeri. Tali kadali waé jieunan Melbourne téh hargana teu kurang ti Rp 300 rébu. Harga sadel bisa ngajuta. Atawa ladam (sapatu kuda) husus pakéeun dina balap anu dijieunna tina aluminieum, hijina geus kana saratus rébuan. Ongkos ngakut kuda ti istal ka tempat pacuan gé henteu saeutik, komo lamun kagiatanana lumangsung di nu jauh mah.
Mun diitung-itung, waragad anu dikaluarkeun téh teu sabanding jeung gedéna hadiah. Jadi kaharti, lamun udagananan ukur sawates hayang boga ngaran, di sagigireun hobi téh.
***
Dicutat tina Grup Pustaka Sunda
0 comments:
Post a Comment