Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Oto Iskandar Dinata, Si Jalak Harupat (III)

Ari anggota Volksraad téh diwangun ku bangsa Walanda, Indonésia, Cina, jeung Arab. Anggotana aya nu diangkat, jeung aya nu mangrupa hasil pilihan umum. Tah, Pa Oto mah jadina anggota Volksraad téh hasil tina pilihan umum, wawakil ti Paguyuban Pasundan.

Dina bubuka mangsa sidang Volksraad taun 1931 - 1932, Pa Oto nepikeun pidatona. Dina éta pidato, Pa Oto nembrakkeun kateureugeujeugan Pamaréntah Hindia Walanda dina sagala widang. Nyarita satarabasna, henteu didingding kelir. Nepi ka Ketua Sidangna, bangsa Walanda, sababaraha kali ngetrokkeun paluna, sangkan Pa Oto ulah nerag teuing nyaritana.

Di antarana Pa Oto ngiritik kawijakan Pamaréntah Hindia Walanda dina widang ékonomi. Pamaréntah harita leuwih mentingkeun kaom nu boga modal, tibatan ékonomi rayat. Hal éta dikritik bébéakan ku Pa Oto dina pidatona. Kitu deui dina widang pendidikan, anu can walatra ka sakumna rahayat Indonésia.

Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta waktu an¬jeunna nyabit-nyabit kamerdékaan bangsa Indonésia. Saurna téh, gubragna kamerdékaan Indonésia, rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantungna kana sikep Walanda sorangan. Tapi bangsa Walanda kudu sadar. Tangtuna ogé moal hésé milih hiji di antara dua: mundur atawa diusir.

Pidato Pa Oto meunang pangbagéa anu lain lumayan. Umumna bangsa Indonésia mah asa dipangedalkeun kereteg angenna, anu salila-lila dikemu. Malah ti harita mimiti nyebarna jujuluk Si Jalak Harupat pikeun Pa Oto Iskandar Di Nata téh.

Pidato Pa Oto lain baé ngageunjleungkeun di Indonésia, tapi di Nagri Walanda deuih. Aya anu pro, aya anu kontra. Ceuk anu pro, Hindia Walanda (sesebutan urang Walanda ka nagara urang harita) geus meujeuhna dibéré kamerdékaan pikeun nangtukeun nasibna sorangan. Ceuk anu kontra mah sabalikna. Hindia Walanda can waktuna dibéré kamerdékaan.

Sanggeus aya pidato Pa Oto mah, bangsa urang mimiti aya perhatian ka Volksraad téh. Saméméhna mah Volksraad téh dianggap alat politik pikeun kapentingan Walanda wungkul. Apan ku kaom pergerakan mah Volksraad téh disebutna ogé Gedong Kumidi ti Pejambon. Nyindir éta téh, pédah Gedong Volksraad perenahna di Pejambon, Jakarta.

Pasualan kamerdékaan téh jadi bukur catur mangtaun-taun. Nepi ka kapegat ku Perang Dunya II. Walanda diusir ti nagara urang ku tentara Jepang. Saterusna atuh nagara urang téh aya dina genggeman bangsa Jepang salila tilu taun. Ti taun 1942 nepi ka taun 1945.

Dina Jaman Jepang Pa Oto nyekel kalungguhan Direktur Surat Kabar Cahaya. Jadi pingpinan Jawa Hookookai, pingpinan Badan Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, sarta anggota Panitia Persiapan Kemerdékaan In-dinésia (PPKI). Pa Oto daékna gawé bareng jeung Jepang téh lantaran Jepang jangji rék méré kamerdékaan ka bangsa Indonésa.

Salian ti Oto, masih kénéh loba kaom pergerakan anu harita kairut ku jangji Jepang téh. Anu matak henteu saeutik anu daék gawé bareng jeung Jepang. Sanajan kitu, dina Jaman Jepang téh Pa Oto boga jasa anu natrat nepi ka ayeuna. Nyaéta milu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah Air, anu popiler disebut PETA tea. PETA téh engkéna jadi cikal bakal tentara di nagara urang.

Tah, salaku anggota PPKI, Pa Oto milu icikibung nangtukeun dadasar nagara RI. Tanggal 17 Agustus taun 1945 nagara merdéka. Éta kamerdékaan téh lain paméré ti Jepang, tapi meunang ngarebut ku perjoangan parapahlawan bangsa. Da Jepang mah nepi ka ingkahna ti nagara urang, henteu kungsi nohonan jangjina, méré kamerdékaan ka bangsa urang téa.

Sanggeus merdéka, Pa Oto ogé milu nyusun Undang-Undang Dasar (UUD) 1945. Malah dina sidang pikeun nangtukeun presidén jeung wakil presidén, Pa Oto anu ngusulkeun sangkan Bung Karno jeung Bung Hatta jadi Presiden jeung Wakil Presiden RI. Usulna disaluyuan ku sakabéh nu hadir dina éta sidang.

Dina kabinet anu munggaran sanggeus Indonésia merdéka, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Pa Oto kaasup salahsaurang menteri anu popilér, lantaran jujur dina ucapan jeung tindakanana. Hanjakal henteu lila Pa Oto mah ngalaman kamerdékaan téh.

Katompérnakeun taun 1945, mangsa kaayaan harénghéng, Pa Oto aya nu nyulik. Kapanggih-kapanggih layonna geus ngambang di Basisir Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapas¬tian, saha saenyana anu boga pokal ngaleungitkeun nyawa Pa Oto téh. Anu jelas mah, jalma-jalma nu teu mibanda rasa tanggung jawab.

Rengse

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook