Ku : Nano S
Dina majalah Poesaka Soenda nomer 7 bulan juli taun 1927 aya seratan Rd. Machyar Angga Kusumadinata (RMK) ngeunaan élmuning kawih Sunda. Eusina ngabahas soal karawitan Sunda, nu hirup jaman harita. Salah sahiji nu dibahas ku RMK téh ngeunaan tembang Sunda. Anu narik upama dibandingkeun jeung ayeuna, RMK dina tulisanana nyebutkeun yén tembang aya sabaraha rupa, diantarana:
1. Tembang buhun.
Nu dimaksud tembang buhun téh nyaéta tembang asal, atawa tembang rancag. Lalaguan tembang buhun sok dipaké dina maca wawacan, anu ngagunakeun pupuh. Ieu pupuh dina wawacan téh ditembangkeun. Sa méméh ditembangkeun sok diilo heula (dibaca). Tembang rancag téh lagu pupuh, anu can loba diropéa. Ngagalantang teu loba sénggol papaés lagu. Salian ti tembang asal atawa rancag, aya ogé nu maké cara di belukkeun. Beluk téh mamaos lambat anu tarik. Cara nembang wawacan nu dibelukeun, biasana mah mun maju ka subuh.
2. Tembang kaayeunakeun.
Tembang kaayeunakeun téh nyaéta, tembang asal (tembang rancag, lagu pupuh), anu sénggolna diréka-reka, dielik-elik. Salian ti éta, aya ogé tembang anu nurutan kawih tina pantun. Saterusna aya deui tembang anu kénging nyutat tina lagu gamelan. Dina tembang kaayeunakeun harita aya dua lagam. Kahiji lagam kakulonkeun, anu ngawengku daérah Cianjur sareng Sukabumi. Nu digedékeun dina lagam kakulonkeun babakuna nyutat tina lalaguan kawih pantun. Laras saléndro langka dipaké, jeung kana waditra rebab teu pati resepeun. Tibatan direbaban, urang kulon mah, resep kénéh dibiolaan. Waditra kanggo mirigna biasana kacapi jeung suling baé.
Anu ka dua nyaéta lagam daerah kawétankeun, ngawengku daérah Ciawi, Tasikmalaya, Garut, Sumedang, Rajapolah. Lagam ka wétankeun mah teu resepeun kana kawih papantunan, kaasup kana surupan pélogna (Harita RMK masih nyebut surupan kana istilah laras ayeuna). Di dieu mah resepna kana saléndro. Lalaguanana loba nyutat tina kawih gamelan, tembang asal, jeung lalaguan Jawa. Narembangna sok tararik, jeung baredas. Tatabeuhan nu sok dianggo mirigna, diantarana Rebab, gambang saléndro, kendang jeung goong. Sikep urang Bandung ariluan baé. Ka lagam Cianjur hayu, ka lagam Ciawi beuki.
Aya sababaraha hal anu narik upama bahasan RMK dibandingkeun jeung perkembangan tembang ayeuna (Saenggeus 70 taun leuwih). Upama téa mah, tembang kaayeunakeun harita, nyaéta tembang asal anu diolah sénggolna, bari dingeunah-ngeunah arula-arileu, sacara kréatifitas nu ngagarap tembang Sunda, leuwih loba ngaropéa lagu nu geus aya, batan nyieun lagu anyar. Sigana kabiasaan kitu téh jadi kailaharan keur nu ngagarap tembang Sunda mah, bagal laguna sarua, bumbu mamanis laguna baréda.
Teu anéh upama aya pabéntar paham diantara paguron tembang Sunda mun aya pasanggiri. Dina dungdengna leuwih loba nyindekel kana sénggol, atawa mamanis laguna tina hasil pangropéa masing-masing diantara paguron paguron tembang. Kabiasaan guru tembang dina ngajarkeun lagu ka murid-muridna, tara ieuh maké catetan, ari lain guguritan laguna mah. Mun téa mah muridna téh nyieun catetan sorangan, biasana sok méré tanda-tanda dina luhur atawa handapeun guguritan ku garis-garis leutik reregetan ka luhur ka kahandap, disebutna notasi cacing.
Dina tulisan Rd. Satjadibrata (RSD), anu dimuat dina majalah Poesaka Soenda, bulan April 1926, kungsi ngusulkeun ka RMK, supados ngadamel enut (notasi) kanggo lalaguan tembang, margi hariwang barudak ngora harita kirang pisan perhatosanana kana lalaguan tembang Sunda. Upama maké enut mah, sigana barudak ngora bakal gampil diajarna. RSD ogé ngébréhkeun pamadeganana keur para juri tembang dina kongkoer, yén timbangan juri moal sampurna ari teu aya wetna mah (notasi téa), da kedah nganggo katerangan, mun lepatna beulah mana, nu kirangna lebah mana, lebah dinya kitu teuing, lebah dieu kieu teuing jst.
Guguritan anu maké tanda-tanda garis téa, keur nuduhkeun kaluhur kahandapna sora dina mélodi lagu, saperti notasi cacing ayeuna, ceuk RMD mah kudu maké notasi sangkan dasar sorana bakal leuwih jelas jeung tetes. Nu diajar tembang upama téa mah nyieun catetan maké notasi cacing, sipatna éstu ngan sadirieun wungkul, anu moal bisa dibaca sarua kunu séjén. Masalah panjang pondokna embatan, ngolah larapna rumpaka, neundeutkeun sora, ngarubuhkeun ranggeuyan, mangrupa tehnik-tehnik olah sora dina tembang anu hésé diturutanana jeung lila beunangna sabab kudu tetep ditungtun ku guruna upama dina hiji waktu poho laguna.
Teu anéh nu diajar tembang mah, pikeun ngawasa hiji lagu mibutuh waktu nu panjang. Nu panghéséna, nyaéta mamanis atawa sénggol anu diajarkeun ku guruna atawa nu ngajarna. Lagu asal nu diropéa téa tangtu wé bakal jadi leubeut ku mamanis, jeung jadi lagu sekar merdika anu leuwih panjang ti asalna, kaasup leuwih hésé dina nembangkeunana. Upama geus kukuh nerap, biasana sok diaku salaku beunangna, béh dituna disebut ciptaanana.
Kabiasaan ngaropéa lagu dina tembang Sunda, ngajadikeun loba lagu anu judulna sarua, tapi beda dina nerapkeun sénggolna. Lamun teu kitu, tina bagal anu sarua téh, bisa baé sanggeus diropéa jadi béda judulna, sabab ngarasa béda jeung nu geus aya. Lain hal nu mustahil kajadian, lagu nu meunang ngaropéa téh diropéa deui kunu séjén, boh ku muridna, atawa ku paguron séjén. Komo lamun rumpakana (pupuh) nyieun atawa maké anu anyar, sesebutan barang anyar téh beuki kuat baé, sanajan bédana dina sénggol atawa mamanis séjénna. Hal lain, bisa ogé ku cara ngarobah surupan atawa larasna, jadi wéh barang anyar, lagu anyar.
Bahasan RMK nu nyebutkeun tembang nyokot tina kawih pantun, bisa kaharti. Tapi lebah nataan kawih-kawih pantun nu disebutkeun, saperti: Jemplang, Jemplang Cidadap, Jemplang Panganten, Pamiring, Rajamantri, Pangapungan, Mangu-mangu, Pangapungan Radén, Kaléon, Mupu Kembang, teu kabéh éta lalaguan téh, ayeuna asup jadi wanda papantunan.
Laras Pélog
Lalaguan tembang dina laras pélog, dimimitian ku tabeuh kacapi suling atawa maké rebab, lalaguanana diantarana: Kawitan, Rénggong Sumedang gancang, Paron srrd. Saréngséna lalaguan dina instrumén kacapi suling, teras kana mamaos, lalaguanana diantarana: Sebrakan ageng pupuh sinom, sebrakan alit. Tabeuh kacapina dikemprangan, saperti tabeuh karatagan. Satamatna kakawén, diteraskeun ku lagu Asmarandana, Rénggong Bandung (Pamuradan), Songlér Asmarandana, Sinom Liwung (kénging nyutat tina lagu gamelan Cirebonan, atawa Rénggong Ciawian), Sinom Cirebon, Asmarandana polos. Éta lalaguan téh kénging nyutat tina lagu lagu Gamelan. Sedengkeun nu nyoko kana lagu tembang buhun nu diropéa deui, antara lain: Dangdanggula Kentar, Dangdanggula Kentar Ajun, Dangdanggula Kentar Bayubud, Sinom Tegal, srrd.
Laras madénda/ Sorog.
Lalaguan tembang dina sorog, anu meunang nyutat tina lalaguan gamelan, diantarana: Kulu-kulu Barang Pakauman, Kulu-kulu biasa, Bajigjag, Saeutik Mahi (nyutat tina Udan Emas), Asmarandana Raratangis, Pegat Jodo (tina Udan Emas), Sinom Panyandungan (tina Banjar Sinom, rubuhna kana panelu, kedahna kana bem). Lalaguan tina tembang asal, kayaning: Sinom Pangrawit, Sinom Panglejar, Sinom Bantenan, Dangdanggula Kentar Kaum, Asdmarandana Embat-embat.
Upama tos bérés, biasana balikan deui kana lalaguan laras Pélog, kaasup lagu Dedegungan atanapi lagu kénging nyutat tina kawih pantun.
Sabada éta diteraskeun kana lalaguan saléndro, dipirig ku kacapi sareng rebab. Kawitna instruméntal midangkeun lalaguan, Renggong gancang, Kawitan, atanapi Banjaran. Satutasna teras kana lalaguan kakawén wayang, saperti Gedong Duwur, Sendo, Sebrakan alit, Arjuna Manangis, Arjuna Mentang, Asmarandana Rénggong Bandung (Pamuradan). Sabada éta ditéma ku lagu tembang asal, saperti: Sinom Loloran Sinom Sanga, (tina rénggong sanga) Dangdanggula Kraton, Dangdanggula Pajeg, srrd. Dihandap ieu kekecapan lalaguan kakawén nu biasa dipidangkeun dina tembang:
Gedong Duwur.
Gedong duwur kari samun
Pagulingan sepi tingtrim
Gedong duwur kari samun
Pagulingan sepi tingtrim
Pepetétan warna warna
Balingbing lan jeruk manis.
(catetan : RMK,nyebutna wawangsalan anu maké pupuh Kinanti, ngan sigana bait ka tilu ka opat parohoeun deui. Tingali baris ka 5, pepetéan warna warna. Ayeuna mah nyebutna samia murag.)
Sendo
Lanyap lanyap Satria Dananjaya Arjuna
Sawang rawit katawangan
Kewala salin dunungan
(Catetan: Dina baris katilu, ayeuna jadi robah kewala salin busana)
Sebrakan Alit
Anglilir mrabang Putra Kusumah – Putra Kusumah
Anglilir mrabang Putra Kusumah – Tohor lakuning parta
Menglaksen senjata nira
Si Lenjang bocah kepalang
(Catetan: Ayeuna, anglilir mrabangun jst)
Aja Nangis
Aja nangis
Tangisé kang wedi mati, aduh Gusti
Kasmaran raga sejati
Sukmané layang-layangan.
Éh wong tua
Wong tua damel wiwitan
Wong enom darma lakoni
(Catetan: Kakawé Arjuna Manangis)
Arjuna Mentang
Teki pinanah gondéwa sampun pinentang
Lir naga cumlorot lajang cumunduk
Lir naga cumlorot lajang cumunduk
Ya ing salira ketiban
Rara Tangis
Yén kembang-kembang malati
Aja dén buang dén larang ya dén larang
Aja dadi Déwa Ratu
Dadia sarining kembang
Pamuradan
Pamuradan Jati piring
Terusan désa Pagundam
Laju ka Kuningan baé
Ciangsana Panulisan
Cihideung jeung Wanayasa
Aya saung sisi sumur
Nyérétan daun hangsana
Duh Jagan kumaha kuring
Pipikiran asa gundam
Lalesu teunangan baé
Duh kutan kieu rasana
Pikir tineung jeung nalangsa
Kaduhung saumur-umur
Nu goréng kieu rasana
(Catetan: lagu Asmarandana Rénggong Bandung)
Upama dibandingkeun jeung ayeuna, tangtu wé loba nu robah, malah beuki jauh tina dasar lagu gamelan. Sanajan kitu, tulisan RMK méré hiji informasi anu penting pikeun dilenyepan deui, utamana dina kréatifitas tembang Sunda dibandingkeun jeung perkembangan tembang ayeuna. Poko nu jadi permasalahan nyaéta, upama baheula meunang nyieun kabinangkitan anyar, naha ayeuna sapertina rada dihalangan. Barmara dina bukuna Perkembangan Kawih/ Tembang Sunda taun 1957, geus nyieun lalaguan tembang jeung kawih, anu lalaguanana loba ditembangkeun ku Éméh Salamah. Ibu Saodah, Mang Bakang, Ibu Haji Rokayah, Mang Engkos, Mang Uking, jrrd, loba nyieun olahan dina wanda tembang.
Dasar naon atuh nu ngajadikeun sawatara lingkungan tembang, saolah teu satuju kana ayana kabinangkitan anyar dina tembang ayeuna. Lamun ngeukeuhan yén tembang mah kudu nu asli saperti baheula, naha meunang nyebutkeun yén lamun kitu satemenna, urang téh ngagugulung lagu Jawa? Mun téa mah kuring nyebutkeun lagu Jawa, kapan cenah wangunan lagu2 pupuh téh, asalna ti Jawa, kaasup wangunan puisina. Upama nitenan éta lagu ti Jawa téh jadi robah, jadi lain, jeung jadi kentel ku reureueus Sunda, sakuringeun mah boga pamadegan yén kréatifitas olahan jeung sanggian lagu ti para karuhun urang geus kacida kuatna. Salian kuatna réka cipta, teu kurang deuih kawanina, ngaropéa lagu ti Jawa anu kuduna mah meureun dina jaman harita, dipupusti jeung sangar kudu dirobah, da bongan urang keur aya dina dawuh abdi dalem Sunda Kilén.
Memang perlu dipaluruh deui, nu wani téh seniman nu ngolah laguna atawa pangagungna. Tapi leupas tina hal éta, warisan nu nyampak ayeuna dina lalaguan tembang Sunda, natrat karasa Sundana, boh dina gaya atawa wandana. Kawani jeung sipat démokratis dina méré jalan kréatifitas olahan jeung ciptaan, geus digolontorkeun ti béh ditu mula. Balik deui kana istilah asli dina tembang Sunda, mémang perlu telaahan anu jelas bungkeuleukanana. Sabab, saméméh aya istilah tembang, di urang geus aya kawih, saperti anu kaunggel dina Siksa kandang Karesian (1518). Mana komo lamun nyutat pamadegan MA. Salmun, anu nyebutkeun batas klasik jeung modern téh diwatesan ku mimiti narekabna siaran dina radio.
Ti taun 1935 katukang disebut klasik, sedeng ti taun 1935 ka béh dieunakeun disebut modern (Sakumaha anu dicutat ku Fukuoka Shota dina makalahna anu ditepikeun waktu lumangsung Konferensi International Budaya Sunda taun 2001, dina judul siaran seni Sunda ti taun 1930 nepi ka taun 1950). Upama téa mah deui urang nitenan yén lagu-lagu panambih geus diasupkeun kana salah sahiji wanda tembang Sunda, apan mekarna téh kakara ti taun 1937, da saméméhna mah cukup ku instruméntal baé , sanggeus Mang Parmis salaku juru kacapi ngolah pirigan lalaguan panambih jadi anca. Tembang Sunda dina bahasan karawitanana, karasa masih kurang diperhatikeun ku lingkungan tembang Sunda na sorangan.
Bandung, medio desember 2003
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook