Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Oto Iskandar Dinata, Si Jalak Harupat (II)

Di organisasi ogé Pa Oto geus némbongkeun wewesénna. Upamana baé basa anjeunna jadi anggota Déwan Kota di Pakalongan. Harita Pa Oto téh jadi wawakil ti Budi Utomo, da harita mah can asup jadi anggota Paguyuban Pasundan.

Salaku anggota Déwan Kota, anjeunna mindeng ngungkab kateureugeujeugan nu aya di masarakat, mindeng ngabéla rahayat anu katideresa. Di antarana baé ngungkab jeung ngagugat “Peristiwa Bendungan Kemuning“. Kasus panipuan gedé di Perkebunan Tiwu Wonopringgo, Wonogiri.

Kawasa Kontrak, anu jelas bangsa Walanda, boga karep ngagerejud tanah rahayat di Kemuning. Rahayat Kemuning dipaksa kudu masrahkeun tanahna pikeun ngalegaan kebon tiwu. Anu teu mikeun, dianggap baha ka Pamaréntah Hindia Walanda. Rahayat teu bisa majar kumaha, da sieun téa.

Dina kaayaan kitu, Pa Oto ka hareup ngabéla kapentingan rahayat. Ceuk Pa Oto, tindakan Kawasa Kontrak téh kacida salahna. Ku lantaran kitu, Kawasa Kontrak kudu mulangkeun tanah Kemuning ka rahayat anu ngabogaan hakna.

Antukna mah Pa Oto téh lain baé adu hareupan jeung Kawasa Kontrak, tapi adu hareupan jeung Residén Pakalongan deuih. Salaku bangsa Walanda, tangtu baé Residén téh leuwih ponténg ka nu konéng, ngabéla kapentingan bangsana sorangan. Tapi Pa Oto henteu gimir, henteu galideur.

Dina éta pacéngkadan, Pa Oto anu meunang. Sanajan, tangtu baé henteu gampang. Tanah rahayat anu di Kemuning kapimilik deui ku nu boga hakna. Kawasa Kontrak ngégél curuk. Malah sanggeus éta kajadian, Residén Pakalongan téh diganti.

Tindakan Pa Oto kitu téh, puguh baé matak ngageunjleungkeun. Alam harita mah apan carang pisan bangsa urang anu wani nyempad, sumawonna ngalawan ka bangsa Walanda. Umumna mah sumuhun dawuh bae, teu langkung Kangjeng Tuan. Sanajan dipaké kékéséd ogé, ceuk babasanna mah.

Ngaran Oto Iskandar Di Nata mimiti nyambuang. Naék daun mun ceuk basa ayeuna mah. Dipikawanoh jeung dipikacinta ku rahayat. Sabalikna ku bangsa Walanda mah, dipikaceuceub. Pamaréntah Hindia Walanda ngasupkeun ngaran Pa Oto kana buku hideung, nyaéta catetan jalma-jalma anu sawaktu-waktu kudu dibuang ka Digul, di Pulo Irian.

Seungitna ngaran Pa Oto, matak bayeungyang ka pamaréntah jajahan di Pakalongan. Ngajaga bisi komarana ngéléhkeun komara jeung wibawa pamaréntah, Pa Oto dipeclengkeun ti Pakalongan. Tugasna dipindahkeun ka Jakarta.

Tapi saméméh ninggalkeun Pakalongan, Pa Oto sem¬pet mingpin rahayat pikeun ngadegkeun Sakola Kartini. Pa Oto mémang gedé perhatianana kana pendidikan bangsana. Cenah mah nepi ka kiwari éta sakola téh masih kénéh aya.

Jadi upama nilik ka dinya mah, ti méméh jadi anggota Volksraad ogé, geus témbong perjoanganana téh. Kitu deui wawanénna, geus nyampak ti keur sakola kénéh. Tangtu baé lain kawani anu teu puguh. Ieu mah kawani dina ngabéla bebeneran, ngabéla bangsa jeung lemah caina.

Di Jakarta mimitina Pa Oto ngajar di Paguron Muhammadiyah. Kagiatanana dina widang organisasi jeung pulitik ogé henteu tinggaleun. Pa Oto mimiti wanoh ka Paguyuban Pasundan. Mimitina Pa Oto jadi anggota biasa. Saterusna mah jadi Ketua Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan. Ari sékretarisna Pa Juanda Kartawijaya.

Dina mangsa dipingpin ku Pa Oto jeung Pa Juanda, Paguyuban Pasundan katémbong kamajuanana. Utamana mah dina widang pendidikan, ékonomi, jeung sosial budaya. Malah saterusna mah Paguyuban Pasundan ogé ilubiung kana urusan pulitik.

Paguyuban Pasundan ngagabung jeung Permufakatan Perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia. Paguyuban Pasundan milu pilihan umum pikeun milih anggota Volksraad. Mun ayeuna mah Volksraad téh sarua jeung DPR RI. Wawakil rahayat anu kudu merjoangkeun kapentingan rahayat.

Anu jadi wawakil Paguyuban Pasundan di Volksraad téh nya Pa Oto Iskandar Di Nata. Kawanina beuki ébréh baé katémbong. Pa Oto remen ngiritik kaayaan pamaréntah jajahan nepi ka remen matak beureum ceuli anggota Volksraad ti lingkungan bangsa Walanda.

Nyambung ka bagean III

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook