Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Pucuk Jambu Médé


Tah ieu salah sahiji lalab karesep kuring.  Pucuk jambu médé.

Jambu médé atawa disebut oge jambu monyet (Anacardium occidentale) kaasup suku Anacardiaceae nu asalna cenah mah ti nagara Brasil. Ieu tutuwuhan biasana dimangfaatkeun sikina nu katelah kacang mede. Najan disebut jambu, secara botani sabenerna lain anggota jambu-jambuan (Myrtaceae). Deukeutna malah ka aggota buah-buahan (suku Anacardiaceae).

Ku urang Sunda, daunna gé dimangfaatkeun jadi lalab.  Pucuk jambu médé biasana dihijikeun jeung pucuk daun gedang. Dilalab atah dibarengkeun nuangna. Salambar pucuk jambu médé salambar pucuk gedang kira-kira sahuapeun, terus pintelkeun, laju dicoélkeun kana sambel tarasi, am dihuapkeun, belewek sangu dicomot.

Rasa pait pucuk gedang éléh ku pucuk jambu médé anu kesed jeung rada haseum. Nyakitu deui kesed pucuk jambu médé kasilih ku pucuk gedang. Jadi teu kesed ogé teu pait.

***
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook