Tentara urang katut paragegedénna, ngagugu kana éta ultimatum, lain karana sieun atawa gimir ku tentara Sekutu, tapi bisi loba rayat anu jaradi korban. Mangkaning cenah diserangna téh lain ti darat baé, ieu mah bari jeung rék dibombardir ti luhur deuih. Kapal-kapal perang Sekutu geus tingharieng baé, kukurilingan di luhureun Kota Bandung.
Ahirna tentara urang ninggalkeun Kota Bandung. Malah rahayat ogé loba anu milu ngungsi. Ngaleut ngeungkeuy ninggalkeun Kota Bandung. Ukur mawa barang jeung harta banda nu bisa kabawa. Ninggalkeun imah katut pakaya séjénna. Lolobana anu ngarungsi ka kiduleun Kota Bandung. Aya anu ngungsi ka Majalaya, Garut, Sumedang, malah aya anu ka Tasikmalaya jeung Ciamis ogé.
Saméméh ninggalkeun Kota Bandung, tentara urang ngadurukan heula gedong-gedong, utamana mah anu sakirana bisa dipaké ku musuh. Seuneu ngahuru gedong-gedong di jero Kota Bandung. Haseup hideung ngelun di sawatara tempat. Éta kajadian téh anu ayeuna nelah disebut peristiwa Bandung Lautan Api.
Sanggeus peristiwa Bandung Lautan Api, markas Pasukan Banténg pindah ka Nagrég. Kota Bandung geus dikawasa ku musuh. Ari tentara urang bacacar di sakiduleun Bandung, di peuntaseun Walungan Citarum. Ti dinya tentara urang nyerang pasukan musuh, anu aya di jero Kota Bandung. Kaayaan lain aman, tapi kalah beuki harénghéng.
Perang lumangsungna méh unggal poé. Mohamad Toha mindeng meunang pancén mingpin pasukanana ngagempur musuh. Nepi ka harita mah taya kabéjakeunana, salamet baé. Anak buahna ogé kitu deuih, tara aya nu balik ngaran ti pangperangan.
Sanajan kitu, henteu ngandung harti unggul dina perangna. Malah remen kadéséh ku pasukan musuh. Saenyana mah anu ngarasa ripuh téh lain pasukan Mohamad Toha baé. Nu séjén ogé sarua, kariripuhan. Beuki lila beuki kadéséh baé.
Ari anu jadi sababna, kakuatanana teu sabanding jeung pasukan musuh. Salian ti tentarana leuwih loba, musuh téh senjatana ogé leuwih samagréng deuih. Katambah boga sasadiaan senjata jeung mesiu, anu kacida lobana di gudangna. Atuh puguh wé leuwih laluasa dina perangna téh.
Gudang senjata jeung mesiu pasukan musuh, ayana di Kampung Pasayuran, Dayeuhkolot. Peuntaseun Walungan Citarum, upama ti daérah tentara urang harita mah. Éta gudang ayana di hiji gedong, anu ku urang dinya mah disebutna Gedong Listrik. Keur tohaga téh, dijaga ku tentara Walanda, anu samakta ku pakarang deuih.
Gedong Listrik dipaké basis pertahanan musuh. Ari di gudang mesiuna téa; eusina téh rupa-rupa senjata, ti mimiti senjata leutik nepi ka senjata gedé, jeung kurang leuwih 18 rébu ton bahan peledak. Anu matak musuh téh dina perangna, tara kabéjakeun kakurangan amunisi. Ganjor pisan bédana jeung tentara urang.
Kabéh ogé nyaho tur yakin, lamun hayang ngalumpuh¬keun musuh, salasahiji cara anu bakal gedé pangaruhna mah nyaéta ngabeledugkeun gudang mesiuna. Pikiran kitu téh aya dina uteuk Mohamad Toha ogé. Béda jeung anu lian pamuda Toha mah. Éta pikiran téh dibarung ku tékad anu kuat pikeun ngalak¬sanakeunana.
Dina hiji poé, pasukan anu dipingpin Toha kudu maju ka garis depan. Méméh indit, Toha mangadep heula ka pingpinan Tentara Penggempur Barisan Banténg. Maksudna taya lian, ménta idin yén pasukanana rék ngagempur jeung ngancurkeun gedong pertahanan musuh ku dinamit.
Paménta Mohamad Toha henteu diidinan, dumasar kana pertimbangan yén pertahanan musuh di sabudeureun éta gedong téh kacida tohagana. Sanajan bari kacida kuciwana, Toha nurut kana paréntah atasanana. Pasukan Mohamad Toha maju ka garis depan, ngaganti pasukan anu séjén.
Mohamad Toha henteu putus asa. Sababaraha poé ti harita, geus pok deui ménta idin ka salasaurang mayor, anu aya di pos tentara di garis depan. Cenah pasukanana rék nyerbu ka Gedong Listrik. Minangka bekelna, Mohamad Toha aya paménta. Ménta garanat, dinamit, jeung korék api. Paménta Mohamad Toha henteu diidinan deui baé.
Tangtu wé Toha téh beuki kuciwa. Sanggeus balik ti garis depan, Toha ménta perlop sababaraha poé, sabab hayang nepungan indungna, anu keur ngungsi di Garut, di daérah Paminggir. Harita mah paméntana ditedunan.
Caritana indit wé Toha téh ka Garut, nepungan indungna jeung adina. Da ari bapana mah geus maot. Ibu Nariah, indungna Mohamad Toha téa, di Garutna téh geus meunang pagawéan, jadi tukang ngaput di Penjahit Merdéka.
Kabeneran harita Penjahit Merdéka téh meunang pancén ngaputan pakéan tentara urang. Toha ogé dibéré baju jeung calana tentara. Puguh wé Toha téh kacida pisan atohna. Harita kénéh éta pakéan téh dipaké, beuki katémbong baé gagahna. Malah terus dipapaké nepi ka balikna deui.
Nyambung ka bagean III
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah

Mairan ku Google
Mairan ku Facebook