Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Sintrong

Sintrong
Lalab Sintrong, Sentrong, Salentrong atawa Jalentrong/Jalintrong teh tetela loba pisan ngaran sejenna.  Di garut biasa disebut Bageulis, di Bogor disebut Bolostrok, di Cianjur jeung Sukabumi mah disebut Bolostrong.  Ari di Pandeglang sok disebut Gobés.  Aya oge nu nyebut Caméntréng, Gadibug, Jalantir/Jalentir, Jambrong jeung Jamolok.

Ngaran ilmiahna mah Erechtites valerinaefolia.  Kaasup suku Asteraceae.  Cenah, asalna ti Afrika. Di Nusantara mimitina kapanggih di Medan dina taun 1926, terus sumebar nepi ka tanah Sunda.

Cara ngabedakeun jeung jujukutan sejen nyeta tina seungitna nu has.  Gagangna nangtung. Jangkungna kira-kira 1 meter.  Mun diremes ngaluarkeun bau aromanti. Batangna hipu tur ngabogaan alur nu deet. Daunna buleud lonjong jiga endog, tungtungna nyeukeutan. lebarna antara 3-6 senti. 

Daun Sintrong
Daun nu di luhur leuwih leutik batan nu di handap.  Ngabogaan kembang majemuk warna hejo coklat atawa beureum bata. Mahkota na warna koneng, tungtungna beureum kacoklatan tur bakal nangntung lamun keur buahan.

Lalab ieu bisa dikonsumsi atah atawa dileob jiga toge.  Lawanna sambel tomat atawa sambel délan/tarasi nu medok.

Kembang Sintrong
 Sintrong teh cenah bisa dipake ngubaran sababaraha penyakit.  Di lembur aslina, di Afrika, sok dipake ubar jang nurunkan tekanan darah tinggi, ngubaran nyeri beuteung jeung nyeri sirah, ngubaran tatu luar, oge bisa jang nurunkeun panas muriang & radang amandel.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook