Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kiai Haji Zainal Mustafa Ngalawan Jepang (III)

TAYOHNA mah Jepang téh béak kasabaranana. Terus baé ngirim utusan ka Sukamanah. Maksudna, pikeun nangkep KH Zainal Mustafa. Tangtu bae, KH Zainal Mustafa téh henteu narima. Parautusan maksa. Nya pihak Sukamanah ogé henteu cicingeun. Pasukan pulisi, anggota Keibodan, jeung Camat Tasikmalaya anu jadi utusan Jepang téa, ditingker ku urang Sukamanah. Tuluy disetéling.

Parautusan Jepang téh nyerah wé. Senjatana dirampas ku pihak Sukamanah. Tapi taya koban jiwa. Lantaran sikep pihak Sukamanah anu jelas, embung perang jeung bangsana sorangan. Mémang harita nu jadi utusan Jepang téh kabéh ogé bangsa urang kénéh. Bangsa urang anu kumawula ka Jepang.

Éta kajadian jadi panyundut kana kajadian anu leuwih gedé. Sukamanah dirurug ku pasukan pamaréntah Jepang. Harita téh poé Jumaah. Sanggeus salat Jumaah, aya urang Jepang opatan ngabedega di pakarangan kobong Gunung Béntang. Bari neuteup sombong ka K.H. Zainal Mustafa, ngagupayan kawas ka badégana baé.

KH Zainal Mustafa nyampeurkeun. Dituturkeun ku parasantri jeung rahayat Sukamanah. Pok salasaurang Jepang téh pidato. Eusina nuduh KH Zainal Mustafa geus nyieun kajahatan, lantaran henteu nurut kana paréntah pamaréntah Jepang, sarta geus ngarampas senjata utusan Dai Nippon. Sangkan urang Sukamanah salamet, kudu mulangkeun senjata-senjata anu dirampasna téa, sarta masrahkeun pingpinan Sukamanah.

Ceuk Si Jepang deui, bangsa Indonésia teu meunang aya nu ngalawan ka bangsa Jepang anu kawéntar gagah. Malah, cenah, lamun aya hiji urang Jepang nu dipaéhan di Indonésia atawa di Sukamanah, gantina téh sarébu nyawa bangsa Indonésia. Ngomong kituna téh bari baragagah-bérégégéh, nganggap énténg ka nu aya di dinya.

Kawasna baé Panglima Najmudin geus teu sabar, pok ngajawab teugeug taya karisi, “Heug, kuring saréréa isukan rék indit ka Tasikmalaya, masrahkeun diri jeung senjata rampasan. Tapi sirah Tuan-tuan Nippon anu opat ieu kudu dikubur heula di Sukamanah pikeun gantina!”

Ngadéngé jawaban kitu, Jepang-Jepang téh ngarenjag. Tétéla, urang Sukamanah téh geus teu bisa disingsieunan. Geus lali rabi tégang pati pikeun ngabéla lemah caina. Ngadadak parias Si Jepang teh, nyaho pibahayaeun. Bari geumpeur buru-buru nyabut péstol.

Tapi teu bisa walakaya da dikepung ku urang Sukamanah. Si Jepang dikurubut. Tilu Jepang tiwas sapada harita, saurang deui bisa kabur bari tatu. Manéhna ménta bantuan ka pasukan Jepang, anu mémang harita keur di satengahing perjalanan ka Sukamanah.

Sukamanah saterusna mah dikepung ti tilu jurusan, ti beulah kalér, wétan, jeung kidul. Kabéhanana aya 11 kompi pasukan Jepang anu ngepung téh. Diwangun ku genep kompi pulisi istiméwa ti sakuliah Jawa Barat, dua kompi pulisi, dua kompi Héiho ti luar Jawa, jeung sakompi pasukan istiméwa Jepang: Jadi mangrupa serangan sabatalion lengkep.

Pasukan Jepang geus tepi ka Sukamanah. Pasukan Sukamanah ngagebeg. Lain pédah gimir. Tapi lantaran sadar yén Jepang geus ngagunakeun taktik adu domba. Tétéla, pasukan anu dikirim ku Jepang ka Sukamanah téh, lolobana mah bangsa urang-urang kénéh.

Pihak Sukamanah anu kapapancénan nyegat pasukan Jepang di hareup jadi asa-asa. Sababna, aya paréntah ti KH Zainal Mustafa sangkan nyingkahan silipateni jeung bangsa sorangan. Keur kitu, pasukan Jepang asup ka Sukamanah. Sarta teu tata pasini deui, némbakan pasukan Sukamanah anu lolobana mah ngan mawa pakarang basajan, saperti bedog, bambu runcing, tumbak, jeung batu.

Mimitina mah kawas taya nu ngalawan. Tapi barang pasukan Jepang geus deukeut, jlung-jleng pasukan Sukamanah laluncatan. Der perang, gelut raket adu hareupan. Terus maju teu maliré kana pélor péstol, bedil, jeung mitralieur. Perang ragot antara parapamuda welasan taun sarta rahayat biasa ngalawan pasukan Jepang nu geus biasa perang.

Sanggeus ampir dua jam, pasukan Sukamanah kadéséh, lantaran éléh loba jeung éléh tohaga senjatana. KH Zainal Mustafa katangkep. Rahayatna anu masih kénéh salamet dititah buru-buru kabur. Tapi hésé, lantaran Sukamanah geus dikepung ku pasukan Jepang. Lolobana mah katangkep sarta diborogod ku ranté.

Isukna, pasukan Jepang ngaranjah Sukamanah. Rahayatna ditangkepan, sakur kobong jeung imah diburak-barik. Méh sakabeh anak buah KH Zainal Mustafa katangkep sarta ditahan di Singaparna jeung Tasikmalaya. KH Zainal Mustafa dibui. Mimitina di Tasikmalaya, terus dipindahkeun ka Cipinang. Nepi ka ditibanan hukuman patina, tanggal 25 Oktober 1944.

Rengse

Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook