Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Jotang

Jotang
Jotang hirupna loba dina galengan atawa dina sawahna pisan. Tapi di kebon gé sok rajeun aya. Kembang jotang warnana konéng, sagedé kancing. Lamun daunna digayem, karasa kana létah téh aya ngeleter. Pucuk jotang biasana dilalab atah, dicoélkeun kana sambel tarasi atawa sambel goang.

Jotang
Jotang teh aya 2 macem.  Aya jotang biasa (Acmella paniculata) aya jotang leutik  (Acmella uliginosa).  Duanana bisa dilalab.  Sacara elmu taksonomi kaasup suku Asteraceae.  Cenah mah daun jeung kembangna bisa dipake ubar sariawan jeung nyeri huntu.

Jotang Leutik

Jotang Leutik

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook