WAKTU Jepang asup ka urang, KH Zainal Mustafa téh masih keneh dibui di Panjara Ciamis. Harita ogé aya Kolonél Jepang anu ngolongan ka KH Zainal Mustafa. Heug cenah dibébaskeun ti buina, asal KH Zainal Mustafa daék cekel gawé di Sendenbu, mun ayeuna mah Departemén Penerangan, pikeun ngabantu jeung mingpin propaganda Jepang.
Ari jawaban KH Zainal Mustafa kira-kira kieu, “Ayeuna mah moal wara méré kapastian, lantaran masih kénéh capé. Hayang istirahat heula.” Caritana KH Zainal Mustafa téh dibébaskeun wé. Jepang miharep, KH Zainal Mustafa daék mantuan Jepang dina nyanghareupan Perang Dunya II, anu harita keur ragot-ragotna.
Sadatangna ka lemburna, K.H. Zainal Mustafa kacida dibagéakeunana ku sakumna masarakat. Bubuhan sono téa, lila ninggalkeun lembur. Rahayat datang ti suklakna ti siklukna mapag balikna inohong nu dipikasérab jeung dipikaajrih ku saréréa. Malah anu ti jauhna ogé daratang.
Dina éta kasempetan KH Zainal Mustafa pidato. Eusina, di antarana baé, ngawawadian sangkan rahayat ulah kapangaruhan ku propaganda Jepang jeung anték-antékna. Anjeunna ngécéskeun, yén nagara urang téh kakara ganti anu ngajajah, ti Walanda ka Jepang. Ti penjajah nu hiji ka penjajah nu séjénna.
Hartina, bangsa urang téh can merdéka. Taya alesan pikeun bungah ku robahna kaayaan. Anjeunna umajak sangkan rahayat sabar dina nyanghareupan kaayaan anu teu pasti. “Hayu urang tuturkeun jeung urang saksian babarengan, naon nu baris kajadian engké.” Kitu ceuk anjeunna téh.
Terusna mah KH Zainal Mustafa téh ngajar deui wé di pasantrénna. Neruskeun hanca garapanana ngabina jiwa katut méntal rahayat jeung parapamuda, enggoning ngaronjatkeun rasa cintana kana agama, bangsa, jeung lemah cai. Sikepna anu antipenjajahan, beuki témbrés baé ayeuna mah.
Pamaréntah Jepang terus ngadongsok sangkan KH Zainal Mustafa daék diajak gawé babarengan. Sababaraha kali Jepang ngirimkeun utusan, tapi kabéh ogé taya nu ditedunan. Antukna mah Pamaréntah Jepang téh curiga. Malah KH Zainal Mustafa téh bet kalah beuki ngajauhan baé.
KH Zainal Mustafa henteu panuju kana tindakan Jepang. Bangsa Jepang anu cenah rék ngabébaskeun bangsa Indonésia, dina emprona mah bet sarua ngagalaksakna jeung Walanda. Salila aya dina genggeman Jepang, bangsa urang téh kacida balangsakna.
Kahirupan rahayat harita leuwih balangsak ti Jaman Walanda. Hésé dahareun, lantaran harta bandana digerejud ku Jepang, dipaké bekel perang ku maranéhna. Loba rahayat anu paéh langlayeuseun. Pakéanana ogé henteu mangrupa. Dibaju kadut, kulit kai, atawa karét téh dianggap lumrah Jaman Jepang mah.
Para pamuda anu jagjag waringkas dipaksa jadi tentara. Mun teu kitu dijadikeun romusha. Diarah tanagana bari henteu dibayar, pikeun kapentingan tentara Jepang. Loba anu ngan balik ngaran alatan romusha téh. Pokona mah kahirupan téh kacida susahana Jaman Jepang mah.
KH Zainal Mustafa henteu api lain kana nasib nu karandapan ku bangsana. Terus waé nangtukeun sikep anu tegas. Pamaréntah Jepang henteu kudu dibantuan. Malah leuwih jauh ti kitu, geus nyieun rarancang pikeun ngagempur Jepang. Jepang kudu ingkah ti nagara urang.
Éta rarancang téh dibagi dua bagian. Nyaéta rarancang dangka pondok jeung rarancang dangka panjang. Rarancang dangka pondokna, nyiapkeun méntal rahayat jeung nyusun pasukan. Pasukan anu disiapkeun téh lobana 590 urang. Kaasup pasukan inti anu dipingpin ku Najmudin.
Salian ti eta, nyusun rayon pertahanan anu diwangun ku rahayat di sabudeureun Sukamanah, dipingpin ku Haji Hidayat. Anggota pasukan téh dilatih rupa-rupa kaparigelan perang, silat, malah aya anu dibina pikeun jadi ahli sabotaseu ogé. Pokona mah sakur kaparigelan anu baris loba gunana dina derna perang.
Ari rarancang dangka panjangna Pasantrén Sukamanah kudu milu kana révolusi nasional, nu harita keur disusun ku kekentong pulitik bangsa Indonésia di Jakarta. Ieu rarancang téh nétélakeun yén KH Zainal Mustafa miboga sawangan anu jembar kana pasualan bangsana.
Tétéla, sagala kagiatan KH Zainal Mustafa téh ditalingakeun ku pamaréntah kolonial Jepang. Katambah deuih Jepang téh loba mata-matana ti bangsa urang kénéh. Sagala kagiatan KH Zainal Mustafa di Pasantrén di Sukamanah ditepikeun ka urang Jepang.
Narima éta laporan, parapamingpin Jepang sadar yén naon-naon nu dipilampah ku urang Sukamanah téh bisa ngabahayakeun kana kakawasaan pamaréntah kolonial. Tuluy baé narékahan pikeun ngungkulanana. Taya deui carana, iwal ti kudu nangkep pamingpinna, nyaéta KH Zainal Mustafa.
Sababaraha kali Kempe Tai Tasikmalaya manggil K.H. Zainal Mustafa, boh ku surat boh ku kurir. Tapi KH Zainal Mustafa henteu miroséa. Henteu diturut. Sababna nyaho, sing saha anu dipanggil ku Jepang, sok terus ngaleungit. Mun teu dibui, nya dihukum pati.

Nyambung ka bagean III
Kenging Kang Budi Rahayu Tamsyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook