KIAI Haji Zainal Mustafa téh pahlawan nasional anu asalna ti kalangan pasantrén. Anjeunna téh pituin urang Singaparna, Tasikmalaya. Numutkeun katerangan mah, dibabarkeunana taun 1907. Jenengan nuju alitna mah Hudaémi, nénéhna Umri. Sabada munggah haji, jenenganana digentos jadi Haji Zainal Mustafa.
Ti keur umur sapuluh taun, Hudaémi geus kataji ku bagbagan agama. Ari sakolana mah di Sakola Rayat. Jadi, salian ti sakola téh, diajar ngaji ka sawatara kiai nu aya di lemburna. Uteukna éncér. Di sakolana kaasup murid anu nyongcolang. Kitu deui di pangajianana. Éta baé, dina umur dua belas taun téh geus mampuh nyangkem ayat-ayat Qur'an katut élmu nahu jeung sorof.
Sanggeus tamat ti Sakola Rayat, Hudaémi neruskeun diajarna ka pasantrén. Henteu ngan di hiji pasantrén baé diajarna téh, tapi sok pipindahan. Di antarana baé di Pasantrén Gunungpari, Cilenga, Sukaraja, Sukamiskin, jeung Jamanis. Keur mah pinter, daék diajar, puguh wé élmuna leuwih onjoy dibandingkeun jeung nu saumurna mah.
Dina umur dua puluh taun, anjeunna geus ngadegkeun pasantrén sorangan di Cikembang. Nya dingaranan Pasantrén Sukamanah. Beuki lila, pasantrénna téh beuki gede baé. Dina jero lima belas taun, Pasantrén Sukamanah geus kawéntar ka mana-mana. Lulusanana sumebar di sakuliah Jawa Barat. Malah teu saeutik anu terus ngadegkeun pasantrén di lemburna ogé.
Anu diajarkeun di pasantrénna, lain ngeunaan bagbagan agama Islam baé. Ngeunaan pangaweruh umum ogé diajarkeun deuih. Utamana mah anu aya patalina jeung sumanget kabangsaan. Sumanget pikeun ngabéla agama, bangsa, jeung nagara. KH Zainal Mustafa miboga pangaeruh anu kawilang jembar ngeunaan kondisi jeung situasi nagara jeung bangsa urang alam harita.
Beuki lila, komara jeung wibawa KH Zainal Mustafa téh beuki nanjung. Aweuhan jeung pangaruhna beuki nyebar baé. Tangtu wé, pikeun Pamarentah Walanda mah dianggap ngabahayakeun, kaayaan sarupa kitu téh. Tuluy ngayakeun tarékah pikeun ngungkulanana.
Mimitina ku cara lemes. KH Zainal Mustafa diajak gawé babarengan. Dibibita ku rupa-rupa kapangkatan. Kabéh ogé taya anu ditedunan. Hal éta luyu jeung sikep KH Zainal Mustafa anu antipenjajah, antikolonial. Ceuk anjeunna mah, gawé bareng jeung pamaréntah jajahan téh sarua baé jeung ngajual bangsa katut agamana sorangan.
Teu bisa ku cara lemes, nya dikasaran. Gerak-gerik KH Zainal Mustafa terus diintip-intip ku Pamaréntah Hindia Walanda jeung antek-antekna. Kawasna maranehna ogé ngambeu yén sistim pendidikan agama di Pasantrén Sukamanah ngajurus kana gerakan antipenjajah, antikolonial, anti Pamaréntah Hindia Walanda. Kitu deui jeung pasantrén-pasantrén anu dipingpin ku urut santri KH Zainal Mustafa.
Nya tungtungna mah Walanda téh nangkep KH Zainal Mustafa. Ari alesanana, KH Zainal Mustafa dianggap ngojok-ngojok rahayat jeung pamuda sangkan ngalawan ka pamaréntah anu sah. KH Zainal Mustafa dibui di Sukamiskin, jeung sawatara babaturanana, di antarana baé Kiai Ruhiat, anu kungsi jadi santrina.
Meunang 53 poé di hotél perdéona téh. Dibébaskeun. Balik deui ka lemburna, KH Zainal Mustafa kalah beuki wani. Terus nyebarkeun paham antipenjajah jeung antikolonial, méh unggal usik. Tétéla, panjara téh taya pangaruhna keur KH Zainal Mustafa mah, henteu mareuman sumangetna, tapi kalah beuki ngagedurkeun tékadna pikeun ngalawan kaom penjajah.
Nepi ka dina ahir Pébruari 1942, KH Zainal Mustafa ditangkep deui ku Pamaréntah Hindia Walanda. Nya dibui di Panjara Ciamis. Jadi, sabenerna mah barontakna KH Zainal Mustafa téh lain Jaman Jepang wungkul. Saméméhna ogé geus anti penjajah. Lamun dina tatabeuhan mah, kajadian di Jaman Jepang téh minangka goongna.

Nyambung ka bagean II
Kenging Kang Budi Rahayu Tansyah
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook